Édi S. Ékajati
|
|
Eusi ieu kaca keur diropéa saheulaanan. Ngarah henteu pagedrug, salila ieu tangara aya kénéh mah ulah waka ngédit. Ieu kaca panungtungan dirobah jam 06:15, 16 Oktober 2011 (UTC) (4 kaliwat). Mangga hapus ieu citakan mun ieu kaca teu diédit salila sababaraha jam. Mun anjeun anu nambahkeun ieu citakan, mangga hapus atawa ganti ku {{diropéa}} lamun keur teu ngédit. |
Prof. Dr. H. Edi S. Ekadjati (lahir di Kuningan, Jawa Barat, 25 Maret 1945 – pupus ping 1 Juni 2006 dina umur 61 tahun), sajarawan Sunda jeung Indonesia. Dipikawanoh salaku pakar naskah Sunda. Terahir cekel gawé salaku sebagai Guru Besar jeung dosén Fakultas Sastra Universitas Padjajaran sarta Pupuhu Pusat Studi Sunda.
[édit] Akademik
Edi S. Ekadjati meunangkeun gelar sarjana ti Universitas Padjadjaran Jurusan Sajarah Fakultas Sastra (1964-1971) sarta gelar doktor ti Universitas Indonesia Program Studi Filologi (1976-1979) kalawan disertasi "Carita Dipati Ukur: Sebuah Karya Sastra Sejarah". Ekadjati ogé kungsi ngilu studi ngeunaan filologi pikeun panalungtikan sajarah di Universitas Leiden (1974-1975) tur kungsi deuih jadi Guru Besar Tamu di Research Institute for Language and Cultures of Asia and Africa di Tokyo University of Foreign Studies, Jepang. Nalika nganjrek di Jepang dina taun 2002, anjeunna ngayakeun penelitian ngeunaan kebudayaan Sunda dina zaman Karajaan Pajajaran. Ekadjati dipikawanoh ogé minangka salah saurang nu ngadegkeun Yayasan Kebudayaan Rancagé jeung Caraka Sundanologi, babarengan jeung para inohong séjénna.
[édit] Karyana
Karya-karya anjeunna di antarana Cerita Dipati Ukur jeung Kebudayaan Sunda: suatu pendekatan sejarah.
[édit] Pangajén
Edi S. Ekadjati kungsi kasinugrahan sababaraha pangajén, di antarana: Satyalencana Karya Sastra 20 Taun (1998) ti Presiden Indonesia, Satya Karya Bhakti 15 Taun (1996), Adhitya Tridharma Nugraha salaku Dosén Tuladan Tingkat Nasional Taun 1982 jeung kasinugrahan Hadiah Sastra Rancagé widang Jasa taun 2001.
| Artikel ngeunaan Sunda ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |