Élmu ukur
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Élmu uku atawa géométri (tina basa Yunani γεωμετρία; geo = bumi, metria = ukar-ukur) sacara harafiah hartina ulikan mgeunaan ukar-ukur bumi, nyaéta cabang ti matematika anu ngulik hubungan dina jero rohang.
[édit] Élmu ukur munggaran
Catetan munggaran ngeunaan élmu ukur bisa disusud nepi ka ka jaman Mesir kuno, peradaban landeuheun Walungan Indus sarta Babilonia. Peradaban-peradaban ieu dipikanyaho ngabogaan kaahlian dina irigasi, ngadalikeun caah sarta nangtungkeun wangunan-wagunan badag. Lolobana élmu ukur Mesir kuna jeung Babilonia kawates ngan dina utang-itung panjang ségmén-ségmén garis, lega, jeung eusi (volume).