És Cingcau
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Cingcau atawa Hanzi: 仙草, pinyin: xiancao nya éta jél sarupa ager. [1] Cingcau mangrupa olahan tina daun daun camcauh. [2] Gel nagbentuk lantaran daun tutuwuhan éta ngandung karbohidrat anu bisa niket molékul-molékul cai. [1]
[édit] Cara nyieun És Cingcau Héjo
Siapkeun daun cingcau 40 lembar, kumbah nepi ka bersih.[3] Tuluy sipakeun cai asak 300 ml.[3] Cara nyieuna:
- Racek daun cingcau.[3]
- Tambakeun 1/2 cai saeutik-saeutik, bari terus ngaracek nepi ka luar jél warna héjo.[3]
- Tuluy saring éta daun cingcau.[3]
- Racek deui éta hampas daun cingcau nepi ka luar lendirna.[3]
- Saring deui, sanggeus kitu saringan daun cingcau ditendeun nepi ka beku salila kurang leuwih 3-4 jam.[3]
[édit] Mangpaat
- Loba ngandung mineral utamana kalsium jeung fosfor.[1]
- Alus pikeun ngaleutikeun awak ku sabab kandungan kalorina saeutik. [1]
- Bisa nyagerkeun panas beuteung, sembelit, bungkak beuteung, demam jeung diaré.[1]
- Loba kandungan serat, mangpaatna pikeun ngabersihkeun organ pencernaan tina zat Karsinogen nu nyababkeun kanker.[1]
- Ngandung senyawa dimetil kurin-1 dimetoidida anu gunana pikeun ngaleuleuskeun otot-otot anu tegang. [1]
- Ngandung senyawa Isokandrodendrin anu dipercaya bisa nyingkahan sél tumor ganas.[1]
- Ngandung alkaloid bisbenzilsokuinolin jeung S,S-tetandrin anu hasiatna nyingkahan kanker ginjal, antiradang jeung nurunkeun darah tinggi.[1]