Éster

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Gambar:GeneralEster.png
Rumus umum molekul éster

Dina kimia organik jeung biokimia, éster hartina sanyawa organik nu gugus organikna (dilambangkeun ku R' dina artikel ieu) ngaganti hiji (atawa leuwih) atom hidrogén tina asam oksigén. Asam oksigén nyaéta asam nu molekulna boga gugus -OH nu bisa ngalaman disosiasi jadi ion H+.

Éster dingaranan mirip jeung uyah; najan sabenerna mah teu boga kation jeung anion, terminologina nuturkeun pola nu sarua: bagian nu leuwih éléktropositif dituturkeun ku nu leuwih éléktronégatif. Nu pang umumna nyaéta éster karboksilat, asam nu dimaksud nyaéta asam karboksilat. Pikeun conto, mun asamna asam asetat, mangka ésterna disebut asetat. Éster ogé bisa dibentuk tina asam anorganik, misalna dimétil sulfat.

Éster bisa dianggap salaku hasil réaksi kondensasi hiji asam (biasana asam organik) jeung alkohol (atawa sanyawa fénol), najan lain tina éta wungkul. Kondensasi téh hiji tipe réaksi kimia antara dua molekul nu gugus -OH-na ngagabung bari ngaleupaskeun molekul cai. Réaksi kondensasi nu ngahasilkeun éster disebut ésterifikasi; bisa dikatalisan ku ion H+. Asam sulfat mindeng dipaké salaku katalis pikeun réaksi ieu. Kecap éster diturunkeun tina kecap basa Jérman Essig-Aether, sebutan jaman baheula pikeun étil asetat.

Ngaran[édit | sunting sumber]

Éster bisa dihasilkeun tina réaksi kasatimbangan antara alkohol jeung asam karboksilat; hasilna dingaranan dumasar gugus alkil (nu ti alkohol) jeung asetat (nu ti asam karboksilat) nu nyusunna. Pikeun conto, réaksi antara métanol jeung asam butanoat ngahasilkeun éster métil butanoat (jeung cai).

Struktur étil étanoat

Nu pangbasajanna nyaéta H-COO-CH3 (métil format, ogé disebut métil métanoat). Atom hidrogén nu beulah kénca bisa diganti ku gugus CH3 (atawa ditambahan deui unit CH2) ngahasilkeun éster métil lianna, misalna métil stéarat, komponén biodiesel.

Fisik[édit | sunting sumber]

Éster bisa aub dina beungkeut hidrogén salaku akséptor, tapi teu kawas alkohol nu bisa ogé jadi donor. Kamampuh ieu ngajadikeun éster leuwih bisa leyur dina cai batan hidrokarbon indungna. Najan kitu, éster mah leuwih hidrofobik batan boh alkohol atawa asam indungna. Teu bisana jadi donor dina beungkeut hidrogén nunjukkeun yén antarmolekul éster teu bisa nyieun beungkeut hidrogén, sahingga éster leuwih volatil batan asam karboksilat nu beurat molekulna sarua. Pasipatan ieu ngajadikeun éster kapaké pisan dina kimia analitik organik: asam organik nu volatilitasna handap bisa diésterkeun jadi éster volatil nu lajeng bisa dianalisis migunakeun kromatografi gas, kromatografi gas-cair, atawa spéktrométri massa.

Éster loba nu mibanda bau nu béda-béda, sahingga kiwari dipaké sangkan ngahasilkeun bau artifisial. Misalna,

métil butanoat bauna kawas ganas atawa apel
métil salisilat (oil of wintergreen) smells of the ointments called Germolene™ and Ralgex™ in the UK
métil bénzoat bauna kawas marzipan
étil butanoat bauna kawas ganas
étil métanoat bauna kawas raspberry atawa rum
étil butanoat bauna kawas ganas atawa aprikot atawa strobéri
étil salisilat bauna kawas mint
étil héptanoat bauna kawas grape
butil étanoat bauna kawas raspberry
pentil étanoat bauna kawas cau
pentil pentanoat bauna kawas apel
pentil butanoat bauna kawas pir atawa aprikot
oktil étanoat bauna kawas jeruk
bénzil étanoat bauna kawas malati

Éster bisa ngalaman hidrolisis - pegatna éster ku ayana cai - mun dikatalisan boh ku asam atawa basa, ngahasilkeun alkohol jeung asam karboksilat atawa uyah karboksilatna. Prosés nu dikatalisan basa disebut panyabunan (sabunifikasi).

Gambar:Ester hydrolysis.PNG
Panyabunan éster (hidrolisis dasar)

Baca ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Ester, ti Wikipédia basa Inggris per 25 Séptémber 2005

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]