1G

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Standar
telepon mobil jeung data
Kulawarga GSM / UMTS
2G
3G
Pre-4G
Kulawarga cdmaOne / CDMA2000
2G
3G
Pre-4G
Tehnologi sejen
0G
1G
2G
Pre-4G
Pita frékuénsi

1G (atawa 1-G) nyaéta singketan tina kecap-kecap basa Inggris "1st Generation wireless telephone technology" nu hartina téknologi telepon tanpa kabel generasi kahiji. 1G ngarupakeun standar telepon sélulér analog anu diwanohkeun dina taun 1980s sarta lumangsung nepi ka diganti ku telepon sélulér digital 2G.

Salasahiji standar anu kaasup 1G nyaéta Nordic Mobile Telephone (NMT), nu digunakeun di nagara-nagara Éropah bagian kalér, Swis, Walanda, Éropah Wétan sarta Rusia. Standar-standar lianna diantarana Advanced Mobile Phone System (AMPS) nu digunakeun di Amérika Sarikat, Total Access Communications System (TACS) di Inggris, C-450 di Jérman Kulon, Portugal jeung Afrika Kidul, Radiocom 2000 di Perancis, sarta RTMI di Italia. Di Jepang mah standar 1G téh leuwih ti hiji, nyaéta TZ-801, TZ-802, sarta TZ-803 anu dimekarkeun ku NTT, sedengkeun pasaingna nyaéta DDI ngagunakeun standar Japan Total Access Communications System (JTACS).

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

0G
2G

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]