Aam Amilia

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Aam Amilia
Aam-amilia.jpg
Aam Amilia
Babar: 21 Désémber 1946
Bandung
Pagawéan: Ketua Paguyuban Sastrawati Sunda (Patrem) (nepi ka 2010)
Kawarganagaraan: Indonésia
Genre: Carpon, Novel, Éséy
Karya debut: Samagaha (1969)
Garwa/carogé: Abdullah Mustapa

Aam Amilia (lahir di Bandung, 21 Désémber 1946), salah sahiji pangarang wanoja Sunda nu kawilang produktif tur penting dina Sastra Sunda. Kungsi kuliah di Fakultas Hukum Universitas Padjadjaran (UNPAD) tapi teu hatam. Mimiti ngarang ti taun 1960-an, nepi ka 2006 ratusan carpon jeung puluhan buku nu geus ditulis.

Kungsi jadi wartawan jeung rédaktur Majalah Manglé, majalah Hanjuang, koran Sipatahoenan, tabloid Galura, tabloid Kudjang, koran Sunda, wartawati Pikiran Rakyat. Anjeunna salasahiji nu milu marajian diadegkeunna Patrem, paguyuban pangarang wanoja Sunda.

Karya-karyana [édit]

  • Samagaha (1969)
  • Asmara Ngambah Sagara (1970)
  • Lalangsé (1970)
  • Jago-jago Bandung Selatan (carita barudak)
  • Puputon (1979)
  • Buron (1980)
  • Sanggeus Halimun Peuray
  • Kalajengking (1980)
  • Tempat Balabuh (1994)
  • Sekar Karaton (1994)
  • Panggung Wayang (1992)


Tumbu Luar [édit]

Old book bindings.jpg
Daptar Sastrawan Sunda
Aam AmiliaAan Merdéka PermanaAbdullah MustappaAcép Zamzam NoorAchdiat Karta MihardjaAdang SAjip RosidiAhmad BakriAkub SumarnaApip MustapaApung Supena WiratmajaArthur S. NalanAyatrohaédiBéni SetiaBudi Rahayu TamsyahCécép BurdansyahDadan SutisnaDarpanDédén Abdul AzizDédy WindyagiriDodong DjiwapradjaDuduh DurahmanDyah PadminiEddy D. IskandarElin SyamsuriÉtti R.S.Godi SuwarnaHadi AKSHasan Wahyu AtmakusumahHawé SetiawanHérmawan AksanHidayat SuryalagaHolisoh M.EIskandarwassidJeihanJuniarso RidwanKarna YudibrataKarno KartadibrataKi UmbaraKis WSM.A. SalmunMéméd SastrahadiprawiraMoch. AmbriNanéng DaningsihNano. SNazarudin AzharRahmat M.A.SRahmatullah Ading Affandie (RAF)Ramadhan K.HRustandi KartakusumaSaéful BadarSaini K.M.Sajudin NatadisastraS.M. ArdanSoni Farid MaulanaSunarya P.K.Tatang SumarsonoTaufik FaturohmanTéddi MuhtadinTini KartiniUsép RomliUs TiarsaWahyu WibisanaYayat HéndayanaYooke TjuparmahYoséph IskandarYuhanaYus RusamsiYus Rusyana