Abdas

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Nu abdas di Masjid Istiqlal
Nu abdas di Wétan Tengah
Nu abdas di Turki
Tempat abdas di Wétan Tengah
Tempat abdas di Éropa
Tempat abdas di Makau, Tiongkok

Abdas disawang tina jihat étimologis (Arab: الوضوء al-wuū (ku wāwu nu dhammah) mangrupa ngaran kecap tindakan. wadhū (ku wāwu nu fathah) mangrupa ngaran pikeun tujuan nu dimaksud kana tindakanana, Persian: آبدست ābdast, Turkish: abdest, Urdu: وظو wazū).[1] Numutkeun jihat istilah mibanda dua harti. Nu kahiji bersih, bersih tina sagala hadas leutik atawa najis nu ngabalukarkeun kana teu sahna ibadah nu dilakonan ku urang. Nu kadua éndah, éndah saluyu kana enas-enas nu aya dina syariat Islam, nya éta nutup aurat.[2] Disawang tina unsur syara' hartina ngabersihkeun awak atawa anggahota awak tina hadas leutik misalna jiga ka cipratan ku ciompol, boh dihaja atawa teu dihaja.[2] [1] Paréntah abdas dibarengan ku ayana paréntah ngalaksanakeun solat, nu matak abdas jadi syarat sahna ibadah solat.[2]Allah SWT. negeskeun dina Al-Quran surat al-Midah ayat ka-6 nu hartina "Hey jalma-jalma nu ariman! Lamun maranéh rék ngerjakeun solat mangka kumbah baeunget maranéh, jeung leungen maranéh nepi ka siku, jeung baseuhan sirah maranéh, jeung kumbah suku maranéh nepi ka mumuncangan, jeung dimana maranéh junub mangka kudu mandi(Al-Maidah:6)". Leuwih ti éta Rosululloh SAW. ngawuwuhan dina sawatara hadist soheh nu diriwayatkeun ku Bukhori jeung Muslim diantarana waé ngeunaan jalma nu sok abdas, dina poé kiamah bakal sing marahmay.[3]


(إِنَّ أُمَّتِى يَدْعُوْنَ يَوْمَ الْقِيَا مَةِ غُرٌّا مُحَجَّلِيْنَ مَنْ آ ثَارِ الْوُضُؤ فَمَنِ اسْتَطَاعَ مِنْكُمْ أَنْ يُطِيْلَ غُرَّ تَهُ فَلْيَفْعلْ (رواه البخارى مسلم

"Satemena ummat kaula (ummat Islam) bakal digero-gero dina poé kiamah kalayan rarai nu marahmay tina patilasan abdasna. Sing saha jalma diantara maranéh nu bisa sumeringah (dina abdasna) pikeun salawasna, mangka pék laksanakeun. (HR. Bukhari-Muslim)"[3]


Dina hadist séjen aya katerangan nu nyebutkeunn, yén abdas téh bisa mupus dosa jeung sagala kagoréngan.[3]

(مَنْ تَوَضَّأَ فَأَحْسَنَ الْوُضُوْءَ خَرَجَتْ خَطَايَاهُ حَتَّى تَخْرُجَ مِنْ تَحْتِ أَظْفَارِهِ (رواه مسلم

"Sing saha jalma nu abdas kalayan saalus-alusna, mangka bakal leungit kagoréngan-kagorénganana katut dosana nu laleutik nu aya dijero kuku-kukuna. (HR. Muslim)"[3]


Abdas salian ti sarat pikeun ngalaksanakeun ibadah ogé jadi ubar atawa tamba gering.[4] Rosululloh réa maparin umatna ku élmu pangaweruh, salah sahijina ngeunaan tarékah pikeun ngubaran sajabaning panyakit.[4] Tarékah nu ku Rosululloh diajarkeun téh nya éta ku cara abdas.[4] Katerangan ieu sumebar ku ayana hadis riwayat ngeunaan jelema lolong nu ménta tulung ka Rosululloh sangkan ngubaran panona nu teu bisa nempo.[4] Rosululloh tuluy ngajarkeun du'a ka éta jalma, ngan Rosululloh teu nitah maca éta du'a, Rosululloh mung nitah sangkan éta jalma ngaimimitian ku abdas.[4] Hartina abdas minangka bubuka pikeun ngubaran sagalarupa panyakit.[4]

Fardhu Abdas[édit | sunting sumber]

Niat[édit | sunting sumber]

Niat ieu dilakonan nalika ngumbah pameunteu kalawan ngucap nu di handap ieu bari jeung ngedalkeun hartina dina haté .[5] [2]


نَوَيْتُ الْوُضُؤَ لِرَفْعِ الْحَدَثِ الْاَصْغَرِ فَرْضًا لِلٰهِ تَعَالٰى

"Niat kaula abdas ngaleungitkeun hadas leutik fardhu lillahita'ala".[5] [2]


Jeung nalika ngumbah niat urang kudu panceg pikeun ngaleungitkeun hadas, atawa niat pikeun ngalakonan hiji hal nu miboga sarat abdas (contona abdas pikeun solat), atawa niat susuci tina hadas, jadi upamana urang teu boga niat kitu, abdasna teu sah.[1] Bakat ku pentingna niat, Islam merenahkeun tatapakanana dina hadist arba'in] no hiji, dimana niat téh mangrupa sarat nu pangpentingna dina sarupaning kagiatan hirup manusa, salah sahijina Rosululloh negeskeun dina sempalan hadist nu diriwayatkeun ku Abu Hafsh Umar bin al-Khatab. [6]


إِن مَا الْأَعْمَالُ بِالنٌِيَاتِ

"sagala rupa nu digawé ku urang gumantung niatna". [6]


Jadi niat téh sarat fardhu abdas nu dina enas-enasna mah mangrupa sarat ditarima henteuna amal nu dipigawé ku urang.[6] Gurat badag dina niat téh nya éta dimana urang niat lilllahi ta'ala, mangka niat urang bakal ngadatangkeun ganjaran, nu matak saurang mukmin dipaparin ganjaran dumasar kana niatna.[6] Hakékat niat numutkeun syara' nya éta boga maksud bari dibarengan ku digawéna, upama teu dibarengan jeung digawéna mangka disebut 'azam.[6]

Ngumbah Pameunteu Tilu kali[édit | sunting sumber]

Ngumbah pameunteu tilu kali, disimeuhkeun ti mimiti jadina buuk nepi ka handapeun dago, tuluy nepi ka ngusap ceuli beulah kénca nepi ka katuhu.[5] [2] Du'a nalika ngumbah pameunteu sabada niat nya éta


اللٌٰهُمٌَ بَيٌِضْ وَجْهِيْ يَوْمَ تَبْيَضٌُ وُجُوْهُُ وَ يَوْمَ تَسْوَدٌُ وُجُوْهُُ

"Ya Allah, jadikeun pameunteu abdi bodas bengras nalika poé dimana aya pameunteu nu bodas bengras jeung dimana aya pameunteu hideung cakueum".[1]


Salian ti du'a éta, Rosululloh ngawuwuhan hadits nu aya dina kumpulan hadits Riyādash-Shālihīn II:141 nu hartina "...Lamun ngumbah pameunteu, manehna ningali sakabéh dosana kaluar babarengan jeung nyakclakna cai...(HR Muslim)"[1]

Ngumbah Dua Leungeun nepi ka Siku Tilu kali[édit | sunting sumber]

Ngumbah dua leungeun nepi ka siku tilu kali.[5] [2] Fungsina pikeun ngabersihkeun kokotor nu aya dina sela-sela leungeun jeung sela-sela kuku nu bisa ngahalangan cai nepi ka éta sela-sela kuku jeung sela-sela leungeun.[1] Du'a nalika ngumbah leungeun nya èta


اَللٌٰهُمٌَ لَا تُعْطِنِيْ كِتَابِيْ بِشِمَالِيْ

"Ya Allah, ulah maparinan ka kami catetan amal ngaliwatan panangan kenca kami".[1]


Salian ti du'a éta, Rosululloh ngawuwuhan hadits nu aya dina kumpulan hadits Riyādash-Shālihīn II:141 nu hartina "Lamun manéhna ngumbah dua leungeuna, dosa-dosa nu pernah dilakonan ku leungeuna bakal kaluar babarengan jeung nyakclakna cai".[1]

Ngusap Sabagéan tina Hulu atawa Buuk[édit | sunting sumber]

Ngusap sabagéan tina hulu atawa buuk.[5] [2] Sunatna mah ngusap sakabéhna, sakumaha dicontoan ku Rosululloh saw. dina hadits riwayat Jamā'ah nu dicutat dina kitab Nail al-Authar I:225 nu hartina "Anjeuna (Rosululloh) mimiti ngusapkeun dua panagana ti bagian hareup mastaka nepi ka punduk, tuluy dibalikeun deui nepi ka bagian tempt anjeuna ngamimitian. (HR Jamā'ah)".[1] Du'a saméméh ngusap mastaka nya éta


اَللٌٰهُمٌَ حَرٌِمْ شَعْرِيْ وَ بَشَرِيْ عَلَى النٌَارِ وَ اَظِلٌَنِيْ تَحْتَ عَرْشِكَ يَوْمَ لَا ظِلٌَ اِلَّا ظِلٌُكَ

"Ya Allah, haramkeun buuk jeung kulit kami tina seuneu naraka, sarta tangtayungan kami di handap 'Arasy anjeun dina poé nu taya panangtayungan salian ti panangtayungan anjeun (poé Kiamat)".[1]


Ngumbah Dua Suku nepi ka Mumuncangan[édit | sunting sumber]

Ngumbah dua suku nepi ka mumuncangan.[5] [2] Leuwih nyunat upama ngumbah sela-sela ramo sukuna dikosokan ku cingir belah kénca ti mimiti suku belah katuhu nepi ka belah kénca.[1] Du'a nalika ngumbah suku nya éta


اَللٌٰهُمٌَ ثَبٌِتْ قَدَمِيْ عَلَى الصٌِرَاطَ

"Ya Allah,pancegkeun suku kami di luhur sirāth."[1]


Tartib[édit | sunting sumber]

Tartib, mangheulakeun nu kudu di tiheulakeun jeung nungtungan nu kudu ditungtungkeun. heulakeun nu katuhu tibatan nu kénca.[5] [2] Sakabéh kudu dilakonan kalayan tinurut.[1]

Sunnah-sunnah Abdas[édit | sunting sumber]

Sunnah abdas nu 10[édit | sunting sumber]

  1. Maos kalimatul basmalah (bismillahir-rahmaanir-rahim), nalika ngamimitian abdas.[2] Lamun hég poho mangka bisa dibaca ditengah abdas, mun pisan teu kabaca mangka éta geus cukup.[1] Leuwih hadé maca heula, kusabab rosululloh negeskeun dina hadits nu diriwayatkeun ku Abū Hurairah r.a. dina kitab Nail al-Authar I:226 nu hartina "Teu sampurna abdas hiji jalma upama teu nyebutkeun jenengan Alloh. (HR Abū Hurairah r.a.)".[1]
  2. Ngumbah dua dampal leungeun, dipigawé sabada maca bismillah saacan kekemu.[2] Komo upama urang mang-mang dina kasucian jeung kabersihan leungeun urang saacan abdas, nu matak Rosululloh nyontoan ka urang supaya ngumbah dampal leungeun katut tonggong leungeun kalawan tilu kali balikan ku cai nu suci tur nyucikeun.[1] Abū Habbah r.a. pernah ngomong "Simkuring pernah ningali 'Alī r.a. abdas. Anjeuna numbah dampal leungeun nepi ka bersih.. Bari pok nyarita, Simkuring resep nyontokeun ka anjeun cara Rosululloh susuci." (HR at-Tirmidzī[fiqih Syāfi'iyyah I:45]).[1] Salian ti éta Abdullah bin Zaid r.a. pernah nerangkeun prak-prakan abdas Rosululloh saw., "...Tuluy anjeuna ngucurkeun cai kana dua dampal leungeungeuna, tuluy dikosokan. Sabada éta anjeuna ngasupkeun leungeuna kana wadah cai pikeun ngabersihkeun. Tuluy kekemu , ngingsreuk cai kana irung tuluy di kaluarkeun deui. Éta kabéh dipigawé tilu kkali balikan.[1]
  3. Kekemu sabari ngosokan huntu jeung istinsyāq atawa ngingsreuk cai kana irung.[1] Kekemu jeung ngingsreuk cai kana irung atawa istinsyāq bisa dipigawé babarengan atawa dipisahkeun.[1] Tapi nalika shaum ieu sunnah teh leuwih alus teu dipigawé.[1] Numutkeun ath-Tayyib, sunnah ieu bisa ngabatelkeun shaum.[1] Laqith bin Sshabrah r.a. nanya ka Rosululloh saw. "Ya Rosul, caritakeun ka kami neungeunaan cara abdas." Tuluy Nabi saw. ngajawab, "sampurnakeun abdas. Kosokan sakabeh juru atawa sela-sela ramo jeung sampurnakeun istinsyiqāq, iwal laun maranéh eukeur shaum." (HR Abū Dāwud jeung ay-Tirmidzī [Fiqih Syafī'iyyah I:46]).[1]
  4. Ngusap sakabéh bagéan huluatawa buuk.[2][1] Dina hadits riwaya Tirmidzī pernah disabit-sabit yén Rosululloh saw. ngusap sabagean hulu atawa buuk téa sakaligus jeung ngumbah dua ceuli bagéan luar katut jerona. (Fiqih Syafi'iyah I:48)[1] Lamun aya jalma nu abdas tapi teu muka panutup huluna (awéwé) kawas sorban, cindung (jilbab), atawa nu séjén, ccukup manéhna ngusap sabagéan tina sirahna.[1]
  5. Ngumbah sakabéh bagéan ceuli, boh luar boh jerona.[1] Carana ku ngasupkeun curuk kana liang ceuli tuluy diputerkeun ti handap ka luhur nepi ka baseuh sela-selana, sedengkeun jempol digerakeun pikeun ngaratakeun cai nu ngabaseuhan ceuli ti belah tukang atawa béh luar. [1]
  6. Ngabaseuhan janggot.[1] Pikeun janggot nu ipis, si cai kudu ngabaseuhan kulit nu aya janggotna, ku cara ngasupkeun ramo kana sela-sela janggot ti belah handap.[1] 'Utsman bin 'Affān r.a. nyaritakeun yén Rosululloh saw. ngarumbaikeun janggotna nalika abdas.[1]
  7. Ngabaseuhan sela-sela suku jeung leungeun.[1] Ngabaseuhana ku cara ngosok-ngosokeun cingir kénca kana sela-sela suku katuhu ka nu kénca, kitu ogé leungeun.[1]
  8. Ngaheulakeun nu katuhu tibatan nu kénca.[1] Diutamakeun pikeun ngumbah nu sapasang contona ngumbah leungeun jeung suku.[1] Iwal ti ngumbah pameunteu jeung ceuli diutamakeun babarengan.[1] Abū Hurairah r.a. ngariwayatkeun yén Rosululloh ngadawuh, "Lamun anjeun abdas, heulakeun nu katuhu." (HR Abū Dāwud jeung at-Tirmidzī [Fiqih Syāfi'iyyah I:47]).[1]
  9. Ngabalikankeun deui ngumbah nepi ka tilu balikan.[1] Abū Hurairah r.a. nétélakeun yén Rosululloh saw. abdas tilu kali balikan pikeun ngumbah jeung ngusapkeun cai. ([Fiqih Syāfi'iyyah I:48]).[1]
  10. Sinambung.[1] Henteu cicing heula dina tartib ngumbah jeung ngusap anggahota abdas.[1]

Sunnah abdas nu séjén[édit | sunting sumber]

  • Upama maké cingcin, disunnatkeun ngésér-ngésérkeun éta cingcin atawa ngagerakeun éta cingcin nalika ngumbah leungeun.[1] Abu Rafi'i r.a. nétélakeun yén Rosululloh saw. ngagerakeun cingcina nalika abdas. (HR Ibnu Mājah jeung Dāruquthnī [Fiqih Syāfi'iyyah I:49]).[1]
  • Ngosokan tungtung Panon. [1] Abū Awānah r.a. nétélakeun yén Rosulullph saw. osok ngosokan (ngabersihkeun) kadua tungtung panona nalika abdas. (HR Ahmad, Ibnu Mājah jeung Dāruquthnī [Fiqih Syāfi'iyyah I:49]).[1]
  • Ngosokan anggahota abdas.[1] Abdullah bin Zaid nétélakeun yén Rosululloh saw. abdas kalayan ngosokan sakabéh anggahota abdasna (Fiqih Syāfi'iyyah I:50).[1]
  • Ngaleuwihkeun susuci tina wates nu diwajibkeun.[1] Abū Hurairah nétélakeun yén Rosululloh saw. pernah ngadawuh, "Pameunteu aranjeun bakal caang méncrang dina poé kiamat kusabab kasmpurnaan abdas. Sing saha diantara maranéh mamapu, mangka leuwihkeun ghurrah jeung tahjil-na." (HR Bukhārī jeung Muslim [Fiqih Syāfi'iyyah I:50]).[1]
  • Ngumbah keuneung nepi ka bersih.[1] Abū Hurairah ngariwayatkeun yén dina hiji poé, Nabi saw. ningali saurang lalaki nu abdas teu ngumbah keuneungna, tuluy Nabi saw. ngomong, "Siksa naraka pikeun jalma nu teu ngumbah keuneungna." (HR Bukhārī jeung Muslim [Fiqih Syāfi'iyyah I:52]).[1]
  • Henteu cumarita nalika abdas lamun teu penting-penting teuing.[1]
  • Ngadua sabada abdas.[1] 'Umar r.a. ngariwayatkeun yén Rosululloh saw. ngadawuh, "Lamun aya salah saurang ti maranéh abdas, tuluy sampurnakeun abdasna ku maca: Ashadu an lā ilāha illallāh wa asyhadu anna muhammadan rasūlullāh mangka pikeun manéhna dibukakeun panto surga nu aya dalapan tempat, sakabéhna bisa di asupan ku manéhna." (HR Muslim [Fiqih Syāfi'iyyah I:51]).[1] Dina hadits nu diriwayatkeun ku Tirmidzī, sabada Syahadatain éta aya tambahanana nya éta Allāhumma-j'alnī min at-tawwābīn wa-j'alnī min al-mutathahhirīn ("Ya Alloh, Jadikeun kami bagéan tina jalma-jalma nu taobat jeung jalma-jalma nu suci").[1]

Do'a-do'a dina Abdas[édit | sunting sumber]

Do'a-do'a nu aya pikeun jadi babacaan nalika abdas, henteu hiji-hiji acan ngarujuk kana hadits Nabi saw.[1] Do'a-do'a kasebut sumberna ti para ulama salaf kalayan versi nu mangrupa-rupa.[1] Anapon kitu , para ulama sapamadegan yén maca du'a-du'a kasebut nya éta sunnah. Éta diterangkeun ogé ku Imam Nawawī dina kitab al-Adzkār.[1]

Du'a kekemu[édit | sunting sumber]

اَللّٰهُمَّ اسْقِنِيْ مِنْ حَوْضِ نَبِيِّكَ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ كَأْسًا لَا اَظْلَمَأُ بَعْدَهُ اَبَدًا

"Ya Allah, paparinan cai leueut ka kami tina leuwi Nabi anjeun saw. nu sagelasna kami bakal moal haus deui salawasna"

Du'a ngingsreuk (istinsyāq)[édit | sunting sumber]

اَللّٰهُمَّ لَا تَحْرِمْنِيْ رَائِحَةُ نَعِيْمِكَ وَ جَنَّاتِكَ

"Ya Allah, tong anjeun haramkeun kami ngambeu seungitna nikmat jeung Surga anjeun"

Du'a ngumbah ceuli[édit | sunting sumber]

اَللّٰهُمَّ اجْعَلْنِيْ مِنَ الَّذِيْنَ يَسْتَمِعوْنَ الْقَوْلَ

"Ya Allah, jadikeun kami sabagéan tina jalma-jalma nu mirengkeun piwuruk"

Syarat Sah Abdas[édit | sunting sumber]

  • Islam, Maksudna sah lamun jalma éta agamana Islam (ngucapkeun dua kalimah syahadat sarta nyumponan syarat-syaratna.[7]
  • Tamyiz, yakin bisa ngabédakeun alus goréngna hiji pagawéan.[2] Boga akal sehat, teu gelo, bisa ngabédakeun mana peuting mana beurang, mana luhur mana handap, mana kuylon mana wétan, jeung mana suci mana najis.[7]
  • Taya hahalang pikeun cai ngabersihkeun awak urang, contona getah, cét, jrrd.[2]

Perkara nu Ngabatalkeun Abdas[édit | sunting sumber]

  1. Kaluarna hiji hal tina qubul jeung dubur, misalna ngompol, hitut, ngising, jrrd.[2]
  2. Ilang akal kusabab gélo, teu sadar (pingsan atawa saré), mabok.[2]
  3. Paantel kulit awéwé jeung lalaki atawa lalaki jeung awéwé nu lain muhrimna tanpa aya hahalang (lawon).[2]
  4. Kacabak atawa nyabak bobogaan (qubul jeung dubur) ku dampal leungeun atawa ramo-ramona tanpa aya hahalang (lawon).[2]


Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq ar as at au av aw ax ay az ba bb bc bd be bf Abdul Manan bin H. Muhammad Sobari,2008.Jangan Asal Shalat.Bandung:Pustaka Hidayah.kaca 43
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac Drs. Moh Rifa'i,2004.Riasalah Tuntunan Shalat Lengkap.Semarang:PT Karya Toha.kaca 16
  3. a b c d Hussein Bahresi.Hadits Shahih Al-Jami'ush Shahih Bukhari-Muslim.Surabaya:CV Karya Utama
  4. a b c d e f Rahasia Wudhu (diaksés tanggal 22 September 2011)
  5. a b c d e f g Drs. Muhajir,2000.Riasalah Bimbingan Shalat Lengkap.Bandung:Husaini.kaca 20
  6. a b c d e DR.HM.Mu'inudinillah Basri,M.A.,2006.Syarah Hadits Arba'in.Solo:Bina Insani Press.kaca 11-12
  7. a b Syarat Sah Wudhu (diaksés tanggal 07 oktober 2011)