Abimanyu

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Abimanyu
Pangeran Abimanyu (kénca) jeung, Utari, (katuhu)
Pangeran Abimanyu (kénca) jeung,

Utari, (katuhu)

Déwanagari: अभिमन्यु
Éjahan Sansakerta: Abhiman'yu
Ngaran séjén: Bimanyu; Partasuta;

Partatmaja (Parta-atmaja)

Asal: Astinapura, Karajaan Kuru
Pakarang: Panah
Papasangan: Utari

Abimanyu (basa Sansakerta: अभिमन्यु, abhiman'yu) nyaéta salah saurang inohong dina wiracarita Mahabarata. Manéhna nyaéta anak Arjuna ti salah saurang pamajikanana anu ngaranna Subadra. Ditetepkeun yén Abimanyu nu baris neruskeun tahta Yudistira. Dina wiracarita Mahabarata, manéhna dianggap saurang pahlawan anu ngarandapan nasib tragis. Manéhna gugur dina perang rongkah di Kurusétra minangka satria pangngorana ti pihak Pandawa, alatan umurna karék genep belas taun. Abimanyu ngadahup jeung Utari, puteri Raja Wirata sarta ngabogaan saurang anak nu dingaranan Parikesit, anu lahir sanggeus manéhna gugur.

Harti ngaran[édit | sunting sumber]

Abimanyu diwangun ku dua kecap dina basa Sansakerta, nyaéta abhi (wani) jeung man'yu (tabéat). Dina basa Sansakerta, kecap Abhiman'yu sacara harfiah boga harti "manéhna anu ngabogaan sipat teu sieun" atawa "anu boga sipat kepahlawanan".

Kalahiran, atikan, sarta perang[édit | sunting sumber]

Waktu tacan lahir, mangsa dina jero pianakan indungna, Abimanyu diajar cara asup kana formasi perang nu hésé ditembus nu ngaranna Cakrawyuha ti Kresna. Mahabarata ngécéskeun yén dina jero pianakan indungna, Abimanyu nguping paguneman Kresna anu keur gunem catur ngeunaan formasi kasebut jeung Subadra, indungna. Kresna nyaritakeun ngeunaan cara asup kana Cakrawyuha. Lantara saterusna Subadra kasaréan mangka Abimanyu orok henteu ngabogaan kasempetan pikeun nganyahokeun kumaha cara ngaloloskeun diri tina éta formasi.

Abimanyu méakkeun waktu leutikna di Dwaraka, dayeuh tempat dumuk indungna. Manéhna dilatih ku bapana, Arjuna sarta diasuh jeung dibimbing ku Kresna. Arjuna ngadahupkeun Abimanyu jeung Utari, puteri Raja Wirata, pikeun ngaraketkeun hubungan antara Pandawa jeung kulawarga Raja Wirata, waktu perang Baratayuda anu bakal datang. Pandawa nyamur pikeun ngaréngsékeun mangsa pangbuanganana tanpa dipikanyaho di karajaan bogana Raja Wirata nyaéta Karajaan Matsya.

Abimanyu mangrupa satria anu gagah pinuh wawanén sarta gangas. Alatan dianggap sarimbag jeung pangabisa bapana, Abimanyu sanggup ngalawan satria-satria kahot kawas Drona, Karna, Duryodana jeung Dursasana. Manéhna dipuji alatan wawanénna sarta ngabogaan rasa satia anu luhur ka bapana, uwa jeung pamanna, sarta sagala kahayang maranéhanana.

Pati Abimanyu[édit | sunting sumber]

Formasi Chakrawyuha. Abimanyu terbunuh di jerona

Dina poé katilu belas Baratayuda, pihak Kurawa nangtang Pandawa pikeun megatkeun formasi perang nu ningker nguriling nu dipikawanoh sabagé Cakrawyuha. Para Pandawa nampa tangtangan kasebut alatan Kresna jeung Arjuna nyaho kumaha cara megatkeun sagala rupa formasi.

Tapi, dina poé éta, Kresna jeung Arjuna riweuh tarung jeung laskar Samsaptaka. Ku alatan Pandawa geus nampa tangtangan kasebut, maranéhanana henteu ngabogaan pilihan kacuali mecakan pikeun ngagunakeun Abimanyu anu masih ngora, anu ngabogaan pangaweruh ngeunaan kumaha cara megatkeun formasi Cakrawyuha tapi henteu nyaho kumaha cara kaluar ti jerona. Pikeun ngayakinkeun yén Abimanyu moal katangkep dina formasi kasebut, Pandawa sadulur nyindekkeun yén maranéhanana jeung wadyabalad maranéhanana baris megatkeun formasi éta babarengan jeung Abimanyu sarta mantuan sang nonoman kaluar tina formasi kasebut.

Dina poé penting éta, Abimanyu ngagunakeun kapinterna pikeun nembus formasi kasebut. Pandawa sadulur jeung wadyabalad mecakan pikeun milu asup kana jero formasi kasebut, tapi maranéhanana dihadang ku Jayadrata, Raja Karajaan Sindu, anu meunang kasinugrahan sanggup nahan para Pandawa kajaba Arjuna, tapi ngan pikeun sapoé. Abimanyu ditinggalkeun sorangan pikeun nakis serangan pasukan Kurawa.

Abimanyu maéhan sawatara satria anu ngadeukeutan kalawan gangas, kaasup anak Duryodana, nyaéta Laksmana. Sanggeus nyaksian anak kanyahna palastra ku Abimanyu, Duryodana kacida ambek sarta ngajurung sakabéh pasukan Kurawa pikeun narajang Abimanyu. Alatan gagal ngancurkeun baju beusi Abimanyu, ku nasehat Drona, Karna ngancurkeun gondewa Abimanyu ti tukang. Saterusna karétana diancurkeun, kusir sarta kudana ditelasan pati, sarta kabéh pakarangna dipiceun. Anakna Dursasana mecakan pikeun tarung jeung Abimanyu maké leungeun kosong. Tapi tanpa negakkeun aturan perang, pihak Kurawa narajang Abimanyu babarengan. Abimanyu sanggup nahan serangan nepi ka pedangnya pites sarta kikiping karéta nu jadi panyalindunganana ancur. Teu sabaraha lila, Abimanyu ditelasan ku anakna Dursasana ku cara ngancurkeun sirahna maké gada.

Arjuna ngabales dendam[édit | sunting sumber]

Abimanyu jeung Arjuna. Lukisan ti Maharastra, dijieun kira-kira abad ka-19.
Lukisan ti Kuil Hoysaleswara di India, mintonkeun adegan waktu Abimanyu dikurung dina formasi Cakrawyuha.

Warta perlayana Abimanyu ngajadikeun Arjuna pohara hanjelu sarta nyeri haté. Manéhna sadar, yén lamun Jayadrata henteu ngahalangan para Pandawa pikeun asup kana formasi Cakrawyuha, Abimanyu tangtu meunang bantuan. Manéhna saterusna sumpah baris maéhan Jayadrata dina poé isukna saméméh panonpoé surup. Nanggepan hal éta, pihak Kurawa nempatkeun Jayadrata jauh ti Arjuna. Rébuan prajurit sarta satria ngalingkung sarta nangtayungan Jayadrata. Arjuna usaha ngadongkang Jayadrata, tapi rébuan prajurit Kurawa ngahalangan. Nepi ka panonpoé ampir surup, Jayadrata jauh kénéh tina hontalan Arjuna. Nempo hal ieu, Kresna ngagunakeun kapinterna. Manéhna nyieun samagaha panonpoé, ku kituna kaayaan jadi poék jiga panonpoé geus surup. Pihak Kurawa atawa Pandawa mikir yén poé geus peuting, sarta luyu aturan, maranéhanana ngeureunkeun peperangan sarta balik ka kubu séwang-séwangan. Ku kituna, pihak Kurawa henteu neruskeun tarung sarta Jayadrata henteu dileupaskeun tina panangtayungan maranéhanana. Waktu karéta Arjuna deukeut jeung karéta Jayadrata, panonpoé mecenghul deui sarta Kresna ngajurung Arjuna ambéh ngagunakeun kasempetan kasebut pikeun maéhan Jayadrata. Arjuna gangkat gondewana sarta ngabelesatkeun panah, megatkeun beuheung Jayadrata. Pas dina waktu kasebut, poé geus soré, panonpoé geus surup sarta Arjuna hasil ngaréngsékeun sumpahna pikeun maéhan Jayadrata.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]


Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa