Aikido

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Aikido
G Blaize Kokiu Nague 2.JPG
Gambaran latihan lémparan. Nagé ngajaga kasaimbangan jeung kuda-kuda pikeun ngalémpar uké, samentara uké kalawan aman ngagulitik ka hareup (zénpō kaitén).
Nagara asal: Jepang
Ciptaan: Morihei Ueshiba
Kulawarga: aiki-jūjutsu; judo; jujutsu; kenjutsu; sōjutsu

Aikido (合気道 aikidō?), nyaéta hiji seni béladiri nu asalna ti Jepang anu dimekarkeun ku Morihei Ueshiba. Aikido mindeng dihartikeun sabagé "cara nyampur (jeung) énergi kahirupan" [1] atawa "cara jiwa anu harmonis." [2] Tujuan Ueshiba nyaéta supaya praktisi seni béladiri bisa ngabéla dirina sabari nangtayungan musuhna tina tatu.

Aikido diciptakeun dina jaman modérnisasi Jepang anu lumangsung kira-kira taun 1800-an. Béladiri ieu ngarupakeun kombinasi antara élmu pedang Kénjutsu sarta Jujutsu. Pangaruh Kénjutsu bisa dititénan dina pangaturan gerak atawa léngkah suku. Sedengkeun pangaruh jujutsu bisa ditingali dina pamakéan téknik koncian sarta lémparan.

Seni béladiri ieu diciptakeun kalayan nekenkeun harmonisasi antara ki(tanaga batin) pribadi jeung ki (énergi) alam raya. Aikido ogé nekenkeun kana prinsip kalembutan sarta mikaasih jeung ngabingbing lawan. Prinsip ieu dilarapkeun dina gerak anu henteu nakis serangan lawan ku kakuatan tapi "ngarahkeun" serangan lawan pikeun saterusna nalukkeun lawan tanpa aya niat pikeun natuan lawan. Béda jeung béladiri umumna anu leuwih ngutamakeun latihan kakuatan fisik sarta stamina, aikido leuwih ngagantungkeun latihanana kana pangawasaan diri sarta kasampurnaan téknik. Téknik anu dipaké dina aikido lolobana ngarupakeun téknik pikeun nyingcet, koncian, lémparan, sarta bantingan. Samentara téknik serangan atawa tajongan dina praktékna langka dipaké. Falsafah-falsafah anu jadi dasar aikido nyaéta kaasih sarta konsép ki; ieu pisan anu ngajadikeun aikido hiji seni béladiri anu mandiri.

Aikido ieu ogé henteu mikawanoh sistem adu tanding atawa kompetisi, kawas béladiri séjénna. Tapi sistem kompetisina leuwih boga sifat embukai (pintonan téknik).

Sistem tingkatan anu kudu diliwatan ku saurang praktisi aikido (disebut ogé aikidoka) ampir sarua jeung anu dipaké ku seni béladiri asal Jepang séjénna, nyaéta sistem kyu pikeun tingkat dasar sarta shodan pikeun tingkat mahér. Sacara singket, aikidoka anu aya dina tingkat kyu 6 nepi ka kyu 4 maké tanda mangrupa beubeur warna bodas. Samentara aikidoka anu ngahontal tingkatan kyu 3 nepi ka 1 maké beubeur warna cokelat. Tingkatan saterusna nyaéta shodan. Aikidoka anu ngahontal tingkatan ieu ditandaan ku beubeur anu boga warna hideung sarta aksésoris tambahan mangrupa calana panjang anu ngaranna hakama. Calana kawas kieu mindeng dipaké ku para samurai dina jaman baheula.

Nepi ka ayeuna aikido ogé boga rupa-rupa "téknik" atawa "aliran" anu ogé ngabeungharkeun téknik aikido tapi tetep henteu ninggalkeun téknik dasarna. Contona aliran Nisyo anu leuwih nekenkeun téknik pedang (bokén) sarta iteuk/stik (jo). Ogé aliran Iwama anu leuwih nekenkeun téknik dina laju nungkulan serangan lawan (nagé).

Loba murid Ueshiba anu miboga pendekatan anu béda kana aikido, gumantung kana iraha éta murid diatik aikido ku Ueshiba. Akibatna, kiwari, aikido bisa kapanggih di sakuliah dunya dina sajumlah aliran. Sanajan kitu, rupa-rupa aliran éta mibanda akar téknik anu sarua sarta lolobana boga prinsip "paduli kana kasalametan si anu nyerang".

Étimologi jeung filosofi dasar[édit | sunting sumber]

Aikido.svg

Kecap "aikido" diwangun ku tilu kanji:

  • - ai - ngagabungkeun, ngaluyukeun
  • - ki - jiwa, énergi kahirupan
  • - - cara, jalan

Istilah numbukeun prakték aikido kana konsép filisofi ngeunaan Tao, anu bisa dipanggihan dina seni béladiri saperti judo jeung kéndo, sarta seni anu leuwih pinuh kadaméan saperti kaligrafi Jepang (shodō) jeung ngarangké kembang (kadō). Istilah aiki nujul kana prinsip seni béladiri atawa taktik nyampur jeung gerakan lawan pikeun tujuan ngadalikeun tindakan éta lawan kalayan usaha atawa tanaga anu minimum.[3] Aikidoka ngalarapkeun aiki ku cara nganyahokeun wirahma sarta maksud lawan pikeun nimukeun posisi katut timing (waktu) anu pas pikeun nerapkeun téknik ngalawan. Nurutkeun sajarah, aiki bihari dikawasa pikeun tujuan maténi; sanajan kitu, dina aikido, aikidoka dikudukeun néangan upaya pikeun nganétralkeun saurang lawan tanpa nyababkeun tatu.[2] Anu nyiptakeun aikido ngémbarkeun, "pikeun ngadalikeun lawan tanpa nimbulkeun tatu ngarupakeun seni kadaméan."[4]


Sajarah[édit | sunting sumber]

Aikido diciptakeun ku Morihei Ueshiba (植芝 盛平 Ueshiba Morihei, 14 Désémber 188326 April 1969), anu kawentar dina kalangan aikido sabagé Ōsensei ("Maha Guru").[5] Ueshiba ngagambarkeun aikido lain baé sabagé sistésis latihan béladirina, tapi ogé sabagé filosofi pribadina ngeunaan kadaméan sarta rékonsiliasi universal. Ti mangsa hirup Ueshiba tug nepi ka kiwari, aikido geus mekar tina koryū (seni béladiri gaya buhun) anu diteuleuman ku Ueshiba nepi ka jadi rupa-rupa wujud beunang para ahli seni béladiri di sakuliah dunya.[6]

Waktu Tumuwuh Munggaran[édit | sunting sumber]

Takeda Sokaku

Ueshiba ngamekarkeun aikido utamana ti mimiti ahir taun 1920an nepi ka taun 1930an ngaliwatan sintésis seni béladiri nu leuwih buhun anu geus diteuleuman ku manéhna.[7] Seni béladiri inti anu jadi indung aikido nyaéta Daitō-ryū aiki-jūjutsu, anu diteuleuman ku Ueshiba sacara langsung ti Takéda Sokaku. Sajaba ti éta, Ueshiba dipikanyaho geus neuleuman Tenjin Shin'yō-ryū ti Tozawa Tokusaburō di Tokyo dina taun 1901, Gotōha Yagyū Shingan-ryū, sarta judo ti Kiyoichi Takagi (高木 喜代子 Takagi Kiyoichi, 1894–1972) di Tanabe dina taun 1911.[8]

Seni Daitō-ryū boga pangaruh téknis anu utama dina aikido. Ueshiba ngasupkeun téknik lémparan leungeun kosong jeung koncian sambungan tulang sarta téknik sanjata, saperti jurus-jurus pikeun maké lembing (yari), ietuk () pondok, malah bayonét (銃剣 jūken?). Sanajan kitu, struktur téknik aikido loba ngindung ka seni élmu pedang(kénjutsu).

Ueshiba pindah ka Hokkaidō dina taun 1912, sarta mimiti diajar hiji élmu béladiri kalayan bimbingan Takeda Sokaku dina taun 1915. Mimitraan jeung Daitō-ryū terus lumangsung nepi ka taun 1937.[7] Ngan, dina ahir éta periode, Ueshiba geus ngajauhkeun diri ti Takeda katut Daitō-ryū. Dina waktu harita, Ueshiba nyebut seni béladirina "Aiki Budō". Henteu jelas sacara pasti iraha Ueshiba mimiti ngagunakeun ngaran "aikido", tapi éta ngaran jadi ngaran resmi seni béladirina dina taun 1942, mangsa Masarakat Seni Béladiri Jepang (Dai Nippon Butoku Kai) kalibet dina réorganisasi sarta séntralisasi seni béladiri Jepang anu dialpukahan ku pamaréntah.

Panyebaran sacara internasional[édit | sunting sumber]

Aikido munggaran diwanohkeun ka Éropah dina taun 1951 ku Minoru Mochizuki waktu nganjang ka Perancis, tempat inyana ngawanohkeun téknik-téknik aikido ka murid-murid anu keur diajar judo.[9] Minoru Mochizuki disusul ku Tadashi Abe dina taun 1952, anu datang salaku wawakil resmi Aikikai Hombu, sarta tumetep di Perancis salila tujuh taun. Kenji Tomiki dibaturan ku para wawakil seni béladiri ngulilingan lima belas nagara bagian Amérika Sarikat dina taun 1953.[10] Satuluyna masih dina taun 1953, Koichi Tohei dikirim ku Aikikai Hombu ka Hawaii, pikeun salila sataun, dimana inyana ngawangun sababaraha paguron aikido anu disebut dojo di dinya. Hal ieu dirojong ku sababaraha kali deui anjangsono. Hal ieu dianggap salaku panganteur (bubuka) sumebarna aikido di Amérika Sarikat. Satuluyna, Inggris diwanohkeun kana aikido dina taun 1955; Italia dina taun 1964; Jérman sarta Australia dina taun 1965. Kiwari dojo aikido aya di sakuliah dunya, kaasup di Jakarta katut kota-kota gedé séjénna di Indonésia.

Tumuwuhna organisasi-organisasi indepénden[édit | sunting sumber]

Organisasi aikido panggedéna nyaéta Aikikai Foundation anu tetep dikadalikeun ku kulawarga Ueshiba. Sanajan kitu, aikido boga rupa-rupa aliran, anu sabagian gedé diwangun ku para murid utama Morihei Ueshiba.[10]

Aliran indepénden anu paling mimiti mecenghul nyaéta Aikido Yoséikan, anu diadegkeun ku Minoru Mochizuki dina taun 1931,[9] sarta Aikido Yoshinkan anu diwangun ku Gozo Shioda dina taun 1955,[11] and Shodokan Aikido, founded by Kenji Tomiki in 1967.[12].Tapi, Aikido Shodokan mah kontrovérsial lantaran ieu aliran ngawanohkeun kompetisi (adu tanding) anu ku sabagéan aikidoka dirasa patukang tonggong jeung sumanget aikido.[10]

Sanggeus Ueshiba pupus dina taun 1969, mecenghul deui dua aliran anu gedé. Koichi Tohei ngamekarkeun aliran Aikido Shin Shin Toitsu dina taun 1974, katut organisasi anu ngokolakeunana, anu disebut Ki Society.[13]

Morihiro Saito ngawangun aliran "Iwama". Sanajan aikidoka aliran Iwama tetep jadi bagian Aikikai Foundation nepi ka pupusna Saito dina taun 2002, para pamilon / panganut aliran Iwama kabagi jadi dua kumpulan; anu hiji tetep masih ngindung ka Aikikai Foundation sedengkeun anu lainna ngawangun organisasi mardika “Shinshin Aikishuren Kai” dina taun 2004 anu dipingpin ku anak Saito nyaéta Hitohiro Saito.

Kiwari, aliran-aliran aikido dikokolakeun ku organisasi anu béda-béda, masing-masing boga markas (本部道場 honbu dōjō?) di Jepang, sarta boga wawakil di nagara-nagara lian di sakuliah dunya.[10]

Latihan fisik[édit | sunting sumber]

Dina aikido, saperti dina ampir sakabéh seni béladiri Jepang, aya aspék latihan fisik ogé méntal. Latihan fisik dina aikido aya rupa-rupa, ngawengku kabugaran fisik umum sarta pengkondisian, katut téktik-téknik husus.[14] Lantaran kurikulum aikido eusina lolobana lémparan, hal munggaran anu disuprih ku kalolobaan murid nyaéta kumaha carana ngaragragkeun awak atawa ngagulitik kalawan aman.[15] Téknik husus pikeun nyerang diantarana ngawengku tonjokan sarta cengkraman; sedengkeun téknik pertahanan kaasup lémparan sarta koncian. Sanggeus téknik-téknik dasar dikawasa, para murid diajar pertahanan gaya bébas pikeun nyanghareupan musuh leuwih ti saurang, sarta dina sababaraha aliran, diajar téknik ngagunakeun sanjata.

Kabugaran jeung latihan[édit | sunting sumber]

Tujuan latihan fisik anu ditéang dina aikido nyaéta controlled relaxation, kalenturan, sarta daya tahan, kalawan saeutik tekenan kana latihan kakuatan. Dina téknik aikido, gerak ngadorong atawa ngulur jauh leuwih umum batan gerak narik atawa kakuatan kontraksi otot anu kapanggih dina seni béla diri lian. Gerak ngadorong sarta ngulur ogé dijadikeun tujuan latihan fisik.[2]

Kagiatan kabugaan anaerobik tinangtu, saperti latihan ngangkat beusi, nekenkeun kakuatan kontraksi otot, dimana hiji otot atawa kumpulan otot diisolasi sarta dibéré bangbaluh pikeun ningkatkeun massa sarta kakuatan otot. Latihan dina aikido sabalikna, nekenkeun kana gerakan sarta kasaimbangan sakujur badan anu kakoordinasi, leuwih mirupa yoga atawa pilates. Contona, loba dojo anu ngamimitian latihan maké latihan pemanasan (準備体操 junbi taisō?), anu bisa ngawengku stretching katut ragrag bebas.[16]

Pancén uké jeung nagé[édit | sunting sumber]

Latihan aikido didasarkeun utamana kana prakték jurus (kata) anu geus dirarancang, lain prakték gaya bébas. Pola dasarna nyaéta dua urang jadi mitra latih dimana saurang jadi anu ngirim serangan atawa disebut ogé panarima téknik (uké) sarta anu saurang deui ngirim serangan atawa disebut ogé palémpar (投げ nagé, anu disebut ogé 取り tori, atawa 仕手 shite, gumantung kana aliranana), anu nganétralkeun ieu serangan ku téknik aikido.[17] Contona jurus anu geus dirarancang teh saperti kieu:

Lamun nagé niat nyanghareupan serangan lengeun kana beunget (somenuchi) ku cara koncian pigeulang kotegaeshi (murilitkeun pigeulang), rarancangna saperti keiu:

  1. dina kaayaan suku kadua pihak aya di hareup (posisi aihanmi), uké ngalancarkeun shomenuchi ku leungeun katuhu.
  2. nagé nakis ku leungeun katuhu sarta ngalakukeun puteran kaiten, pas satengah puteran kaiten, nagé nyokot pigeulang uké ti luhur ku leungeun kénca sarta saterusna muterkeun leungeun uké kasebut ka luar nepi ka réngséna kaiten.
  3. nagé mundurkeun suku kéncana bari mawa leungeun uké ka luhur sarta ka tukang sahingga bentukna nyiku.
  4. nagé ngalakukeun kotegaeshi kana leungeun katuhu uké bari ngalakukeun puteran kaiten.
  5. lamun uké nyingkahan kotegaeshi ku cara ngaragrageun manéh, waktu uké murag sarta awakna nyanghareup kaluhur, nagé metot leungeun katuhu uké nepi ka awakna nangkuban.
  6. kalayan bantuan leungeun katuhu nu nyepeng siku uké, nagé ngabengkokkeun leungeun uké sahingga nyiku ka luar; saterusna nagé ngalakukeun puteran tenkan sahingga perenahna aya di tukang leungeun uké anu nyiku kasebut.
  7. nagé ngalakukeun koncian kotegaeshi bari neueulkeun leungeun katuhu uké ka arah hareup jeung handap kalayan maké suku nagé anu di hareup (suku kénca) salaku dadasar. Koncian ieu ngahasilkeun nyeri nu luar biasa sarta bisa motongkeun leungeun uké.
  8. leupaskeun koncian kotegaeshi lamun uké sumerah atawa ménta ampun.

Dina latihan, mitra latih silih ganti jadi uké jeung nagé. Hal ieu dianggap penting pisan pikeun latihan aikido.[17] Nagé diajar nyampur/nuturkeun sarta ngadalikeun énergi serangan, samentara uké diajar tenang jeung lentur dina kaayaan anu henteu nguntungkeun, nyaéta posisi henteu saimbang anu diterapkeun ku nagé. Cara narima téknik ieu disebut ukémi.[17] Uké nyobaan meunangkeun deui kasaibangan sarta nutupan kalemah (contona, ku néang lolongkrang), waktu nagé ngagunakeun posisi katut timing pikeun nahan uké tetep dina kaayaan teu saimbang sarta lemah (gampang diserang). Dina latihan anu leuwih luhur tingkatanana, uké sakapeung kudu nerapkeun reversal techniques (返し技 kaeshi-waza?) pikeun meunangkeun deui kasaimbangan sarta ngonci atawa ngalémpar nagé.

Ukémi (受身?) nujul kana tindakan pikeun narima hiji téknik. Ukémi anu alus merlukeun cingcetan / takisan atawa ragrag bébas pikeun nyingkahan rasa nyeri atawa tatu, saperti nyéngsolna sambungan tulang atawa nyingkahan teunggeulan (atémi).[17]

Serangan wiwitan[édit | sunting sumber]

Téknik aikido biasana ngarupakeun pertahanan pikeun nyanghareupan hiji serangan; sahingga, pikeun latihan aikido jeung babaturan, para murid kudu diajar ngirimkeun rupa-rupa serangan. Sanajan serangan henteu diajarkeun sajero saperti dina seni béladiri nu dumasar serangan, serangan nu "bener" (serangan nu kuat atawa cengkraman anu nyababkeun lawan teu obah) diperlukeun pikeun nerapkeun téknik anu bener sarta éféktif. [2]

Réa serangan (打ち uchi?) nu mirupa sabetan hiji pedang, anu nyirikeun yén téknik serangan aikido asalna tina téknik anu dimaksudkeun pikeun jurit maké sanjata.[2] Téknik lianna, anu kaciri jelas anu mangrupa tojosan (tsuki), ogé dilaksanakeun mirupa tojosan anu ngagunakeun péso atawa pedang. Tajongan umumna disadiakeun pikeun téknik dina tingkatan anu leuwih luhur; diantara alesanna nyaéta bahaya lamun ngaragragkeun awak pikeun nyingkahan tajongan, sarta tajongan (hususna tajongan anu luhur) dumasar sajarahna henteu umum dipaké ku urang Jepang mangsa lumangsungna paperangan dina jaman féodal di Jepang. Sababaraha serangan dasar dina aikido diantarana:

  • Serangan-ka bagian-hareup-sirah (正面打ち shōmen'uchi?) nyaéta serangan leungeun kosong atawa serangan leungeun maké péso vértikal kana sirah.
  • Serangan-ka-bagian-gigir-sirah (横面打ち yokomen'uchi?) nyaéta serangan leungeun kosong atawa serangan leungeun maké péso diagonal kana sirah atawa beuheung.
  • Tojosan kana badan (胸突き mune-tsuki?) nyaéta tojosan kana torso. Sasaran husus diantarana dada, beuteung, sarta solar plexus, sarua jeung "tojosan ka tengah" (中段突き chūdan-tsuki?), sarta "tojosan langsung" (直突き choku-tsuki?).
  • Tojosan kana beungeut (顔面突き ganmen-tsuki?) nyaéta tojosan kana beungeut, sarua jeung "tojosan ka bagian luhur" (上段突き jōdan-tsuki?).

Para pamula mindeng ngalaksanakeun téknik aikido dimimitian ku cengkraman, lantaran cara ieu leuwih aman sarta lantaran leuwih gampang pikeun ngarasakeun énergi jeung garis kakuatan hiji keupeulan batan hiji serangan tonjokan. Sababaraha cengkraman nurutkeun sajarahna diturunkeun tina kaayaan waktu nahan leungeun lawan waktu rék narik sanjata; téknik ngaleupaskeun cengkraman bisa digunakeun pikeun ngabébaskeun diri tina cengkraman sarta pikeun nyababkeun lawan teu obah atawa pikeun nyerang lawan.[2] Sababaraha conto cengkraman dasar diantarana:

  • Cengkraman ku hiji leungeun (片手取り katate-dori?) nyaéta hiji dampal leungeun nyengkram hiji pigeulang lawan.
  • Cengrakaman ku dua leungeun (諸手取り morote-dori?) nyaéta kadua dampal leungeun nyengkram hiji pigeulang lawan.
  • Cengkraman ku dua leungeun ka dua pigeulang (両手取り ryōte-dori?) kadua dampal leungeun nyengkram kadua pigeulang lawan, sarua jeung "dua cengkraman ku hiji leungeun" (両片手取り ryōkatate-dori?).
  • Cengkraman kana taktak (肩取り kata-dori?) sarua jeung cengkraman kana dua taktak ryōkata-dori (両肩取り?)
  • Cengkraman kana badan (胸取り mune-dori?) nyaéta dampal leungeun nyengkram kana pakéan dina bagian dada lawan, sarua jeung cengkraman kana kerah (襟取り eri-dori?).

Téknik-téknik dasar[édit | sunting sumber]

Gambar ikkyō, atawa "téknik wiwitan". Yonkyō boga mékanisme gerak anu sarupa, sanajan anu dicekel leungeun bagian handap, lain siku.

Di handap ieu aya sababaraha conto lémparan jeung koncian dasar atawa anu loba dilaksanakeun dina aikido. Sabagian terminologi henteu sarua diantara sababaraha organisasi jeung aliran, jadi conto di handap ieu ngarupakeun istilah-istilah anu digunakeun ku Aikikai Foundation.[18]

  • Téknik wiwitan (一教 ikkyō?) nyaéta kadali ku cara hiji dampal leungeun nyengkram (nyepeng) siku samentara dampal leungeun lainna nyepeng pigeulang lawan anu tumerapna ngadorong lawan tikusruk kana lanté. Ikkyo ogé nerapkeun tekenan kana ulnar nerve dina pigeulang lawan.
  • Téknik kadua (二教 nikyō?) nyaéta koncian pigeulang anu adductive anu muterkeun leungeung lawan sarta nerapkeun tekenan saraf anu matak nyeri.
  • Téknik katilu (三教 sankyō?) nyaéta koncian pigeulang anu pronating anu ngahasilkeun pantengan otot anu nyepiral kaluhur sapanjang leungeun, siku sarta taktak lawan.
  • Téknik kaopat (四教 yonkyō?) nyaéta kadali taktak anu mirupa ikkyō, tapi kadua dampal leungeun nyengkram bagian handap leungeun lawan. Puhu curuk (anu bagian jero dampal leungeun) diteueulkeun kana radial nerve nepi ka periosteum tulang leungeun lawan (uké).
  • Téknik kalima (五教 gokyō?) sacara visual mirupa ikkyō, tapi cengkramanana lain kana tonggong pigeulang tapi kana bagian jero pigeulang, sambungan dampal leungeun lawan diputer satengah, sarta sikuna didorong ka handap. Téknik ieu ilahar digunakeun dina nyanghareupan lawan anu ngagunakeun péso sarta sanjata lianna.
  • Lémparan nu dimimitian ku gerak opat arah (四方投げ shihōnage?) nyaéta ngalémpar lawan ku cara ngalipet leungeun lawan ngaliwatan taktakna, tumerapna sambungan taktak kakonci.
  • Muterkeun leungeun (小手返し kotegaeshi?) nyaéta koncian pigeulang sopinating nu mébérkeun extensor digitorum.
  • lémparan maké kadali nafas (呼吸投げ kokyūnage?) nyaéta istilah pikeun rupa-rupa lémparan nu maké kadali nafas; dina lémparan ieu diperlukeun pangaturan waktu (timing) anu bener sahingga lémparan ieu disebut ogé "timing throws".
  • lémparan nu dimimitian ku gerak asup ka posisi lawan (入身投げ iriminage?) nyaéta lémparan dimana nagé gerak ka rohangan anu ditempatan ku uké.
  • lémparan langit-jeung-bumi (天地投げ tenchinage?) dimimitian ku ryōte-dori; terus maju ka hareup, nagé nyapukeun hiji leungeun ka handap ("bumi") sarta nu lainna ka luhur ("langit"), nu ngakibatkeun uké teu saimbang sahingga gampang dibalangkeun.
  • lémparan luhureun bujur (腰投げ koshinage?) nyaéta lémparan luhureun bujur dimana nagé nurunkeun bujurna leuwih handap ti bujur uké, terus ngangkat awak uké nepi ka ngaliwatan tonggong nagé sarta ngabalangkeun uké kana lanté.
  • lémparan muter (回転投げ kaitennage?) dimana nagé nyapu tonggong leungeun uké anu tumerapna ngonci pupundakan uké, terus ngagunakeun tekenan ka hareup supaya uké kabalangkeun.
Gambar ieu mintonkeun dua kaol téknik ikkyō: anu hiji gerak ka hareup (kaol omote) sarta anu hiji deui gerak muter ka tukang(kaol ura).

Téknik[édit | sunting sumber]

Aikidoka ngamanfaatkeun gerak awak (tai sabaki) pikeun nyampur jeung gerak lawan. Contona, téknik atawa jurus "asup" (入身 irimi?) ngagunakeun gerak maju ka arah awak uké, sedengkeun jurus "muter" (転換 tenkan?) ngagunakeun gerak muter dimana hiji suku nagé jadi sumbuna.[19] Sajaba ti éta, jurus "hareup" ( omote?) diterapkeun ngagunakeun gerak ka hareupeun uké, sedengkeun jurus "tukang" ( ura?) diterapkeun kalayan gerak ka arah tukangeun uké, biasana maké gerak muter. Kalolobaan jurus ogé bisa dilaksanakeun dina kaayaan awak keur diuk (seiza). Jurus bari diuk disebut suwari-waza.[20]

Jadi, tina kurang ti duapuluh jurus dasar, bisa dijieun rébuan jurus lianna. Contona, ikkyō bisa diterapkeun ka lawan ku cara maju ka hareup kalayan hiji serangan (mungkin maké wanda gerak ura atawa mungkin make gerak omoté) pikeun ngarahkeun tanaga lawan.[21]

Contona, katate-dori ikkyō nujul kana tiap téknik ikkyō anu diterapkeun mangsa uké nyepeng salahiji pigeulang nagé. Satuluyna teknik ieu bisa disebut katate-dori ikkyō omote, nujul kana tiap gerak maju téknikikkyō.

Atemi (当て身) nyaéta serangan. Sabagian jalma nganggap atemi salaku serangan kana "titik vital" anu dimaksudkeun pikeun ngagunasika.

Sabagian deui jalma nganggap atemi, hususna kana arah beungeut, ngarupakeun métoda pikeun ngalihkeun perhatian. Hiji serangan, boh ditakis atawa henteu bisa ngareuwaskeun sasaran sarta ngabuyarkeun konséntrasi. Targét kasebut ogé bisa jadi henteu saimbang dina upaya nyingkahan serangan, contona ku cara ngadangheuakkeun sirah ka tukang, anu bisa ngagampangkeun lémparan.[20] Réa nu nyebutkeu atemi téh ngarupakeun bagian dasar tina téknik.[22]

Ngarebut sanjata ngagunakeun téknik "sword taking" (太刀取り tachi-dori?).

Latihan sanjata[édit | sunting sumber]

Latihan sanjata dina aikido sacara tradisi ngawengku iteuk pondok (), pedang kai (bokken), sarta péso kai (tantō).[23] Kiwari, sabagian dojo ogé ngasupkeun téknik ngaleupaskeun sanjata api kana latihan; témpo-témpo, cara ngarebut sanjata sarta serangan sanjata diajarkeun sakaligus. Sedengkeun sabagian dojo lianna henteu ngajarkeun téknik sanjata samasakali. Aliran Iwama anu diadegkeun ku Morihiro Saito, biasana méakkeun waktu nu lila pikeun latihan bokken jeung , kalayan ngaran aiki-ken jeung aiki-jō.

Téknik anu dilakukeun pikeun ngalawan dua musuh.

Lawan leuwih ti hiji sarta randori[édit | sunting sumber]

Hiji ciri istiméwa aikido nyaéta ayana latihan pikeun mértahankeun diri nyanghareupan musuh leuwih ti hiji. Latihan gaya bebas (randori, atawa jiyūwaza) kalawan lawan leuwih ti hiji ngarupakeun bagian penting tina karéréaan kurikulum aikido sarta hal ieu diperlukeun pikeun kanaékan tingkat.[24] Randori ngalatih aikidoka kamampuh pikeun ngalakukeun téknik sacara intuisi dina lingkungan anu henteu kaduga.[24] Pilihan téknik anu stratégis penting pisan dina randori téh. Contona, téknik ura bisa digunakeun pikeun nganétralkeun lawan bari muter pikeun nyanghareupan lawan kasebut ti gigireunana.[2]

Dina aliran Shodokan, randori dilakukeun rada béda, nyaéta randori dilaksanakeun lain ku réaan tapi ku duaan dimana kadua beulah pihak gantian jadi uké jeung nagé sarta ngalakukeun téknik bébas sakahayangna. Dina hal ieu, randori mirupa anu dilakukeun dina judo.[12]

Tatu[édit | sunting sumber]

Dina nerapkeun téknik salila latihan, tanggung jawab nagé pikeun nyegah tatu tumiba ka uké ku cara ngagunakeun laju sarta kakuatan panerapan téknik anu saluyu jeung kamahéran mitra latih dina ukemi.[17] Tatu (hususna dina sendi, lamun bener-bener kajadian dina aikido, mindeng ngarupakeun akibat tina kasalahan nagé dina ngira-ngira kamampuh uké keur narima lémparan atawa koncian.[25][26]

Tatu jaringan halus ngarupakeun modél tatu anu paling ilahar anu kapanggih dina aikido sanajan dilaporkeun cenah aya ogé anu ajal akibat panerapan téknik "shihōnage".[25][26][27]

Latihan méntal[édit | sunting sumber]

Latihan aikido ngarupakeun latihan méntal sakaligus fisik, anu nekenkeun kana kamampuh pikeun nenangkeun pikir jeung badan dina kaayaan tekenan situasi anu matak balai.[28] Latihan méntal perlu supaya para aikidoka wani ngalakukeun gerak asup-jeung-nyampur nu jadi dadasar téknik aikido, sarta dina waktu nyerang, aikidoka bisa ngalakukeun serangan kalayan percaya diri jeung tepat sasaran. .[29]

Morihei Ueshiba pernah ngucapkeun yén urang "kudu daék narima 99% serangan ti lawan sarta neuteup balai nu di hareupen mata" supaya bisa ngalakukeun téknik tanpa ragu.[4] Salaku hiji seni béladiri anu merhatikeun lain waé kamahér tarung tapi ogé ningkatkeun kualitas hirup sapopoé, aspék mental ieu penting pisan pikeun para aikidoka.[30]

Ki (Tanaga Batin)[édit | sunting sumber]

Gambar ieu ngarupakeun aksara kanji pikeun ki nepi ka taun 1946, mangsa aksarana dirobah jadi 気.

Diajar jeung ngawasa ki (tanaga batin) ngarupakeun unsur nu penting pisan dina aikido. Aksara kanji munggaran pikeun ki nyaéta 氣 (ditingalikeun di beulah katuhu), sarta ngarupakeun perlambang pikeun hiji tutup anu nutupan saboboko sangu; "uap nu kaluar" cenah ngarupakeun ki.[31]

Sifat "ki" dipaké dina istilah-istilah sapopoé dina kahirupan urang Jepang, saperti "kaséhatan" (元気 genki?), atawa "kaéra" (内気 uchiki?). Ki mindeng dihartikeun sabagé sasaran fisik jeung méntal anu ngahiji, sanajan kitu mindeng kapanggih dina seni béladiri tradisional Jepang kalayan harti "énergi kahirupan". Aliran Yoshinkan anu dipupuhuan ku Gōzō Shioda, anu dianggap sabagé aliran aikido nu paling kasar, lolobana nuturkeun ajaran Ueshiba ti mimiti saacan Perang Dunya II, sarta nyindekkeun yén rusiah ki aya dina timing sarta pamakéan sakabéh kakuatan badan museur kana hiji titik.[32] Dina taun-taun satuluyna, Ueshiba nerapkeun ki dina wangun anu leuwih lemes, parasaan anu leuwih lemah lembut. Ieu ngarupakeun Aiki Takemusu sarta para murid saenggeusna nuturkeun Ueshiba ngajarkeun ki tina kamandang. Ki Society boga Koichi Toheisacara sacara éksklusif kalolobaan museurkeun ajaran kana pangalaman empiris (sanajan subjéktif) ki para muridna dimana maranéhna dibéré tingkatan (rangking) kamahéran téknik anu misah tina tingkatan pangawasaan ki.[33]

Saragam jeung tingkatan[édit | sunting sumber]

Saragam anu dipaké ku aikidoka waktu latihan nyaéta (aikidōgi), sarupa jeung saragam latihan (keikogi) anu digunakeun ku seni béladiri modéren asal Jepang lianna; calana anu saderhana jeung baju nu dibeulitkeun ngurilingan badan, biasana warnana bodas. Bagian luhur baju ngagunakeun kaén kandel ("gaya-judo"), atawa kaén ipis ("gaya-karate"). [2] Aya ogé baju husus leungeun pondok nu panjangna teu jauh ti handapeun siku.

Sistem tingkatan kamahéran anu kudu dilakonan ku aikidoka ampir sarua jeung sistem anu dipaké ku seni béladiri asal Jepang liana nyaéta sistem (kyū) pikeun tingkat dasar sarta (dan) pikeun tingkat mahér. Kanaékan tingkatan dilakonan ngaliwatan ujian resmi. Kalolobaan organisasi aikido ngagunakeun sabuk bodas jeung sabuk hideung pikeun ngabédakeun tingkatan, tapi sabagian deui maké sabuk anu rupa-rupa warnana. Contona, aikidoka anyar (tingkatan kyū 6) nepi ka kyū 4 maké tanda sabuk bodas samentara aikidoka anu ngahontal tingkatan kyū 3 nepi ka kyū 1 ngagunakeun sabuk warna coklat sedengkeun aikidoka anu hasil ngahontal tingkatan dan dibéré sabuk warna hideung sarta pakakas tambahan mangrupa calana panjang anu katelah hakama. Calana seperti ieu biasa dipaké ku para samurai dina jaman baheula.

Cawadeun[édit | sunting sumber]

Cawadeun anu paling ilahar ngeunaan aikido nyaéta seni béladiri ieu kurang nyiptakeun kaayaan anu enyaan dina latihan. Contona, serangan anu dimimitian ku uké (anu kudu dilawan ku nagé) dicawad lantaran seranganna henteu enyaan. [34] Hal ieu ngabalukarkeun éfék domino nyaéta teknik pertahanan diri nu dilakonan ku nagé jadi henteu éféktif, sarta henteu numuwuhkeun kakuatan.[34] Pikeun nolak hal ieu, sajumlah aliran aikido ngabeunangkeun latihan bébas. Aliran Shodokan, malah nolak hal ieu ku cara maké latihan pertahanan sagemblengna sarta ngabeunangkeun adu tanding.[12]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Saotome, Mitsugi (1989). The Principles of Aikido, 222, Boston, Massachussetts: Shambhala.
  2. a b c d e f g h Westbrook, Adele, Ratti, Oscar (1970). Aikido and the Dynamic Sphere, 16-96, Tokyo, Japan: Charles E. Tuttle Company.
  3. Pranin, Stanley (2007). "Aiki". Encyclopedia of Aikido. Retrieved on 2007-08-21. 
  4. a b Ueshiba, Morihei, trans. by Stevens, John (1992). The Art of Peace, Boston, Massachusetts: Shambhala Publications, Inc..
  5. Pranin, Stanley (2007). "O-Sensei". Encyclopedia of Aikido.  
  6. Kesalahan pengutipan: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama Aikido
  7. a b Stevens, John (1984). Aikido: The Way of Harmony, 3-17, Boston, Massachusetts: Shambhala.
  8. Pranin, Stanley (2006). "Ueshiba, Morihei". Encyclopedia of Aikido.  
  9. a b Pranin, Stanley (2006). "Mochizuki, Minoru". Encyclopedia of Aikido.  
  10. Kesalahan pengutipan: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama Styles
  11. Pranin, Stanley (2006). "Yoshinkan Aikido". Encyclopedia of Aikido.  
  12. a b c Shishido, Fumiaki, Nariyama, Tetsuro (2002). Aikido: Tradition and the Competitive Edge, Shodokan Publishing USA.
  13. Pranin, Stanley (2006). "Tohei, Koichi". Encyclopedia of Aikido.  
  14. Homma, Gaku (1990). Aikido for Life, 20, Berkeley, California: North Atlantic Books.
  15. Homma, Gaku (1990). Aikido for Life, 43–45, Berkeley, California: North Atlantic Books.
  16. Pranin, Stanley (2006). "Jumbi Taiso". Encyclopedia of Aikido.  
  17. a b c d e Homma, Gaku (1990). Aikido for Life, 20–30, Berkeley, California: North Atlantic Books.
  18. Shifflett, C.M. (1999). Aikido Exercises for Teaching and Training, Berkeley, California: North Atlantic Books.
  19. Amdur, Ellis. "Irimi". Aikido Journal.
  20. a b Shioda, Gōzō (1968). Dynamic Aikido, 52–55, Kodansha International.
  21. Taylor, Michael (2004). Aikido Terminology - An Essential Reference Tool In Both English and Japanese, Lulu Press.
  22. Scott, Nathan (2000). "Teachings of Ueshiba Morihei Sensei". Diakses pada 1 Pébruari 2007. 
  23. Dang, Phong (2006). Aikido Weapons Techniques: The Wooden Sword, Stick, and Knife of Aikido, Charles E Tuttle Company.
  24. a b Ueshiba, Kisshomaru, Moriteru Ueshiba (2002). Best Aikido: The Fundamentals (Illustrated Japanese Classics), Kodansha International.
  25. a b Aikido and injuries: special report by Fumiaki Shishida Aiki News 1989;80 (April); partial English translation of article re-printed in Aikido Journal [1]
  26. a b Pranin, Stanley (1983). "Aikido and Injuries". Encyclopedia of Aikido.  
  27. Zetaruk, M, M A Violán, D Zurakowski, and L J Micheli (2005). "Injuries in martial arts: a comparison of five styles". British journal of sports medicine 39 (1): 29–33. 15618336.
  28. Hyams, Joe (1979). Zen in the Martial Arts, 53-57, New York: Bantam Books.
  29. Homma, Gaku (1990). Aikido for Life, 1-9, Berkeley, California: North Atlantic Books.
  30. Heckler, Richard (1985). Aikido and the New Warrior, 51-57, Berkeley, California: North Atlantic Books.
  31. YeYoung, Bing F.. "The Conceptual Scheme of Chinese Philosophical Thinking - Qi". Literati Tradition. Diakses pada 12 Pébruari 2007. 
  32. Kesalahan pengutipan: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama Shugyo
  33. Reed, William (1997). "A Test Worth More than a Thousand Words". Diakses pada 11 Agustus 2007. 
  34. a b Pranin, Stanley, Fisher, Alex (Fall 1990). "Aikido Practice Today". Aiki News 86.

Tumbu luar[édit | sunting sumber]

Citakan:Martial arts
Wiktionary logo
Baca ogé pedaran Wikikamus ngeunaan kecap