Akselerasi
Dina fisika, akselerasi atawa percepetan nyaéta gedéna robahan (atawa derivasi laju, anu mangrupa véktor) kalawan diménsi panjang/waktu². Dina hijian SI nyaéta méter/detik².
Akselerasi dilambangkan ku a (aksara panghareupna dina kecap akselerasi). Akselerasi bisa boga harga positif sarta négatif. Lamun harga akselerasi positif, hal ieu némbongkeun yén laju barang anu ngalaman akselerasi positif ieu nambahan (digancangkeun). Sabalikna lamun harga akselerasi téh négatif, hal ieu némbongkeun yén laju barang ngurangan (dilaunkeun). Conto akselerasi positif nyaéta: gerak muragna buah tina tangkalna anu dipangaruhan ku gravitasi. Sedengkeun conto akselerasi négatif nyaéta: gerak mobil anu dierém.
[édit] Rumus
Rumus rata-rata akselerasi dina hiji perioda waktu
nyaéta
dimana
mangrupakeun laju ahir
mangrupakeun laju awal
mangrupakeun waktu awal sarta
mangrupakeun robahan waktu.
Rumus akselerasi instan (sakedapan) dina waktu
nyaéta
JAdi akselerasi mangrupakeun derivasi (turunan) tina laju. Perlu dicatet yén pernyataan (Posisi ahir - Posisi awal) / (Jumlah waktu nu diperlukeun) mangrupakeun laju rata-rata, sarta wates mangsa interval waktu ngadeukeutan enol mangrupakeun laju sakiceup. Ku kituna, laju mangrupakeun derivasi kahiji tina posisi, sedengkeun akselerasi mangrupakeun derivasi kadua tina posisi.
PErlu dicatet ogé yén akselerasi rata-rata jeung akselerasi sakiceup dina hiji perioda waktu
dipatula-patalikeun ngaliwatan téorema harga rata-rata pikeun integral:
Nempatkeun kabéhanana babarengan hartina:
dimana
nyaéta akselerasi
nyaéta laju
nyaéta posisi
nyaéta waktu
Patali jeung hukum gaya Newton,
, akselerasi sarua jeung kabéh gaya nu nimpah kana hiji barang dibagi ku massa barang kasebut:
[édit] Tempo ogé
[édit] Tumbu ka luar
- Acceleration and Free Fall - a chapter from an online textbook
- Trajectories and Radius, Velocity, Acceleration on Project PHYSNET (ERROR - PAGE MOVED)
- Science aid: Movement
- The physics classroom
- Science.dirbix: Acceleration
- Acceleration Calculator
- Motion Characteristics for Circular Motion
- Practical Guide to Accelerometers
{{Kinematics

mangrupakeun laju ahir
mangrupakeun laju awal
mangrupakeun waktu awal sarta
mangrupakeun robahan waktu.


nyaéta akselerasi
nyaéta laju
nyaéta posisi
nyaéta waktu