Al Insan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Al Insan
الْاٍنسان
Informasi
Harti Manusa
Ngaran séjén ad-Dahr (Wanci)[1], Hal ata[2]
Golongan Madaniyah
Surah ka 76
Juz Juz 29
Statistik
Jumlah ruku' 2 ruku'
Jumlah ayat 31 ayat

Al Insan (Arab: الْاٍنسان , "Manusa") nyaéta surat ka-76 dina Al_Qur'an. Surat ieu kagolongkeun kana surat Madaniyah nu ngandung 31 ayat. Dingaranan Al Insan, nu hartina Manusia, dicokot tina kecap Al Insaan anu aya dina ayat munggaran ieu surat.

Poko-poko eusi[édit | sunting sumber]

  • Prosés diciptakeunnamanusa
  • Pituduh-pituduh pikeun ngahontal kahirupan anu sampurna ku cara nuturkeun jalan nu lempeng
  • Ajaran Islam pikeun nohonan nazar, méré dahar jalma miskin jeung budak yatim sarta jalma nu ditawan karna Allah, sieun ku poé kiamat, ngadegkeun shalat, shalat tahajud jeung sabar dina ngajalankeun hukum Allah
  • Ganjaran pikeun jalma nu nurutkeun pituduh sarta anceman pikeun jalma nu ingkar

Eusi jeung Tarjamah[édit | sunting sumber]

Ayat ka Tulisan Arab Tarjamah basa Sunda
1.
هَلۡ أَتَىٰ عَلَى ٱلۡإِنسَـٰنِ حِينٌ۬ مِّنَ ٱلدَّهۡرِ لَمۡ يَكُن شَيۡـًٔ۬ا مَّذۡكُورًا
Naha lain geus cunduk waktu ka manusa dimana harita manéhna henteu kasebut-sebut saeutik ogé?
2.
إِنَّا خَلَقۡنَا ٱلۡإِنسَـٰنَ مِن نُّطۡفَةٍ أَمۡشَاجٍ۬ نَّبۡتَلِيهِ فَجَعَلۡنَـٰهُ سَمِيعَۢا بَصِيرًا
Saéstuna kami geus ngayugakeun manusa tina nutfah nu pacampur, anu tuluy ku Kami diuji, nyaéta Kami ngajadikeun manéhna bisa ngadéngé jeung nénjo.
3.
إِنَّا هَدَيۡنَـٰهُ ٱلسَّبِيلَ إِمَّا شَاكِرً۬ا وَإِمَّا كَفُورًا
Saéstuna kami geus maparin pituduh jalan ka manéhna, boh manéhna muji sukur boh manéhna kufur ogé.
4.
إِنَّآ أَعۡتَدۡنَا لِلۡكَـٰفِرِينَ سَلَـٰسِلَاْ وَأَغۡلَـٰلاً۬ وَسَعِيرًا
Saéstuna Kami geus nyawisan ranté-ranté jeung bangkol-bangkol jeung naraka Sa'ir pikeun kafirin.
5.
إِنَّ ٱلۡأَبۡرَارَ يَشۡرَبُونَ مِن كَأۡسٍ۬ كَانَ مِزَاجُهَا ڪَافُورًا
Saéstuna jalma-jalma anu baragja mah bakal ngarinum tina gelas inuman anu campuranana kafur.
6.
عَيۡنً۬ا يَشۡرَبُ بِہَا عِبَادُ ٱللَّهِ يُفَجِّرُونَہَا تَفۡجِيرً۬ا
Nyaéta cinyusu anu ti dinya abdi-abdi Alloh ngarinum, anu disalurkeun ka saban jurusan.
7.
يُوفُونَ بِٱلنَّذۡرِ وَيَخَافُونَ يَوۡمً۬ا كَانَ شَرُّهُ ۥ مُسۡتَطِيرً۬ا
Maranéhna nyarumponan nadarna sarta maranéhna sarieuneun ku hiji poé anu siksaanana kacida rongkahna.
8.
وَيُطۡعِمُونَ ٱلطَّعَامَ عَلَىٰ حُبِّهِۦ مِسۡكِينً۬ا وَيَتِيمً۬ا وَأَسِيرًا
Jeung maranéhna méré dahar (kadaharan) nu dipikaresep ka nu miskin, ka budak yatim jeung ka tawanan.
9.
إِنَّمَا نُطۡعِمُكُمۡ لِوَجۡهِ ٱللَّهِ لَا نُرِيدُ مِنكُمۡ جَزَآءً۬ وَلَا شُكُورًا
Pokna: "Kaula saréréa henteu méré dahar ka arandika anging karana Alloh, kaula saréréa henteu miharep pamulang ti arandika jeung pon kitu deui henteu miharep dinunuhun.
10.
إِنَّا نَخَافُ مِن رَّبِّنَا يَوۡمًا عَبُوسً۬ا قَمۡطَرِيرً۬ا
Saéstuna kaula saréréa sieun ku (siksaan) Pangéran kaula saréréa dina poéan dimana pasemon jadi jaramedud kacida bengisna."
11.
فَوَقَٮٰهُمُ ٱللَّهُ شَرَّ ذَٲلِكَ ٱلۡيَوۡمِ وَلَقَّٮٰهُمۡ نَضۡرَةً۬ وَسُرُورً۬ا
Nya Alloh nu nyalametkeun maranéhna tina kasusah poé éta, sarta Anjeunna maparin pasemon marahmay jeung kagumbiraan.
12.
وَجَزَٮٰهُم بِمَا صَبَرُواْ جَنَّةً۬ وَحَرِيرً۬ا
Jeung Anjeunna ngaganjar maranéhna ku sawarga jeung sutra, ku lantaran maranéhna salabar.
13.
مُّتَّكِـِٔينَ فِيہَا عَلَى ٱلۡأَرَآٮِٕكِ‌ۖ لَا يَرَوۡنَ فِيہَا شَمۡسً۬ا وَلَا زَمۡهَرِيرً۬ا
Maranéhna di dinyana tinggéléhé dina kartil-kartil, sarta di dinya maranéhna henteu nénjo cahaya srangéngé (panas) turta henteu nénjo cahaya bulan (tiis).
14.
وَدَانِيَةً عَلَيۡہِمۡ ظِلَـٰلُهَا وَذُلِّلَتۡ قُطُوفُهَا تَذۡلِيلاً۬
Jeung tatangkalan pangiuhan maranéhna harandap, sarta bubuahan petikeunana diroyomkeun nepi ka ngagalangsar.
15.
وَيُطَافُ عَلَيۡہِم بِـَٔانِيَةٍ۬ مِّن فِضَّةٍ۬ وَأَكۡوَابٍ۬ كَانَتۡ قَوَارِيرَا۟
Jeung ka maranéhna disuguhkeun maké wawadahan tina pérak jeung lumur-lumur tina kaca.
16.
قَوَارِيرَاْ مِن فِضَّةٍ۬ قَدَّرُوهَا تَقۡدِيرً۬ا
Kaca pérak anu geus diukur ku maranéhna kalayan meujeuhna.
17.
وَيُسۡقَوۡنَ فِيہَا كَأۡسً۬ا كَانَ مِزَاجُهَا زَنجَبِيلاً
Jeung di dinya maranéhna disuguhan nginum dina lumur-lumur anu ngandung campuran zanjabil (jahé).
18.
عَيۡنً۬ا فِيہَا تُسَمَّىٰ سَلۡسَبِيلاً۬
(Nyaéta) cinyusu di sawarga nu dingaranan salsabil.
19.
وَيَطُوفُ عَلَيۡہِمۡ وِلۡدَٲنٌ۬ مُّخَلَّدُونَ إِذَا رَأَيۡتَہُمۡ حَسِبۡتَہُمۡ لُؤۡلُؤً۬ا مَّنثُورً۬ا
Jeung jajaka-jajaka anu langgeng ngaladénan maranéhna, upama manéh nénjo maranéhna, bakal disangka ku manéh maranéhna téh mutiara anu sumawur.
20.
وَإِذَا رَأَيۡتَ ثَمَّ رَأَيۡتَ نَعِيمً۬ا وَمُلۡكً۬ا كَبِيرًا
Jeung upama manéh nénjo di dinya, bakal katénjo nikmat katut karajaan anu jembar.
21.
عَـٰلِيَہُمۡ ثِيَابُ سُندُسٍ خُضۡرٌ۬ وَإِسۡتَبۡرَقٌ۬‌ۖ وَحُلُّوٓاْ أَسَاوِرَ مِن فِضَّةٍ۬ وَسَقَٮٰهُمۡ رَبُّہُمۡ شَرَابً۬ا طَهُورًا
Maranéhna ditiungan ku sutra héjo nu ipis jeung nu kandel, sarta maranéhna dipapaésan ku geulang-geulang pérak, jeung Pangéranana maparin nginum ka maranéhna inuman nu suci.
22.
إِنَّ هَـٰذَا كَانَ لَكُمۡ جَزَآءً۬ وَكَانَ سَعۡيُكُم مَّشۡكُورًا
Saéstuna ieu téh ganjaran pikeun maranéh, sarta usaha maranéh téh dinuhunkeun.
23.
إِنَّا نَحۡنُ نَزَّلۡنَا عَلَيۡكَ ٱلۡقُرۡءَانَ تَنزِيلاً۬
Saéstuna nya Kami anu bener-bener nu nurunkeun éta Quran ka manéh.
24.
فَٱصۡبِرۡ لِحُكۡمِ رَبِّكَ وَلَا تُطِعۡ مِنۡہُمۡ ءَاثِمًا أَوۡ كَفُورً۬ا
Ku kituna masing sabar enggoning (ngajalankeun) hukum Pangéran manéh, sarta poma manéh ulah nurut kana karep jalma nu dosa atawa nu kufur ti antara maranéhna.
25.
وَٱذۡكُرِ ٱسۡمَ رَبِّكَ بُكۡرَةً۬ وَأَصِيلاً۬
Jeung geura sebut asma Pangéran manéh waktu isuk jeung soré.
26.
وَمِنَ ٱلَّيۡلِ فَٱسۡجُدۡ لَهُ ۥ وَسَبِّحۡهُ لَيۡلاً۬ طَوِيلاً
Jeung tina sabagian peuting, geura sujud ka Anjeunna, sarta ngamahasucikeun ka Anjeunna sing lila dina mangsa peuting.
27.
إِنَّ هَـٰٓؤُلَآءِ يُحِبُّونَ ٱلۡعَاجِلَةَ وَيَذَرُونَ وَرَآءَهُمۡ يَوۡمً۬ا ثَقِيلاً۬
Saéstuna maranéhna téh micinta dunya, sarta maranéhna ninggalkeun poéan nu beurat di tukangunana.
28.
نَّحۡنُ خَلَقۡنَـٰهُمۡ وَشَدَدۡنَآ أَسۡرَهُمۡ‌ۖ وَإِذَا شِئۡنَا بَدَّلۡنَآ أَمۡثَـٰلَهُمۡ تَبۡدِيلاً
Kami geus ngayugakeun maranéhna, sarta Kami geus nguatkeun warugana, tapi upama Kami ngersakeun, tanwandé Kami ngaganti maranéhna ku jalma-jalma anu lian, kalawan ngaganti sabener-benerna.
29.
إِنَّ هَـٰذِهِۦ تَذۡكِرَةٌ۬‌ۖ فَمَن شَآءَ ٱتَّخَذَ إِلَىٰ رَبِّهِۦ سَبِيلاً۬
Saéstuna ieu téh panggeuing. Nya sing saha anu miharep, tanwandé manéhna maké jalan ka Pangéranna.
30.
وَمَا تَشَآءُونَ إِلَّآ أَن يَشَآءَ ٱللَّهُ‌ۚ إِنَّ ٱللَّهَ كَانَ عَلِيمًا حَكِيمً۬ا
Tapi maranéhna moal miharep anging upama dikersakeun ku Alloh. Saéstuna Alloh, Nu Maha Uninga, Nu Maha Wijaksana.
31.
يُدۡخِلُ مَن يَشَآءُ فِى رَحۡمَتِهِۦ‌ۚ وَٱلظَّـٰلِمِينَ أَعَدَّ لَهُمۡ عَذَابًا أَلِيمَۢا
Anjeunna ngabuskeun sing saha anu dikersakeun ku Anjeunna kana rahmat-Na; sedengkeun pikeun maranéhna anu darolim mah Anjeunna nyawiskeun siksaan nu peurih.

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Departemen Agama RI.2007.Al-Qur'an dan Terjemahannya Al-Jumanatul 'Ali Seuntai Mutiara Yang Maha Luhur.Bandung:J-Art
  2. Muhammad Nashruddin Al-Albani. Sifat Shalat Nabi. 2000. Yogyakarta: Media Hidayah

Tumbu ka luar[édit | sunting sumber]

Wikisource logo
Wikisource mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca
Surat sateuacanna:
Al Qiyamah
Surat 76 Surat saparantosna:
Al Mursalat
Al Qur'an

1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114

Kotak ieu: temposawalaédit