Alap-alap

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Alap-alap
Status konservasi
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Animalia
Phylum: Chordata
Class: Aves
Order: Falconiformes
Family: Accipitridae
Genus: Accipiter
Species: A. virgatus
Ngaran binomial
Accipiter virgatus
Temminck, 1822

Alap-alap (Accipiter virgatus) téh manuk pamangsa ti kulawarga Accipitridae, sumebar di leuweung Asia kidul (Pakistan jeung India) nepi ka Cina kidul jeung Indonésia. Nyayangna dina tangkal jangkung, sakali usum endogna 2-5 siki, ganti sayang unggal taun. Ieu manuk téh raptor ukuran sedeng (29-36 cm), jangjangna pondok tapi rada lébar sarta buntutna panjang nu ngadukung pikeun kalincahanana nalika hiber.

Nalika usum halodo, alap-alap sok kaluar ti leuweung ka tegalan jeung pakebonan/pahumaan. Nu dimangsa bangsa kadal, papatong, manuk leutik, jeung mamalia leutik.

[édit] Rujukan

  • BirdLife International (2004). Accipiter virgatus. 2006 IUCN Red List of Threatened Species. IUCN 2006. Dipulut ping 11 May 2006. Database entry includes justification for why this species is of least concern
  • Birds of India karya Grimmett, Inskipp & Inskipp, ISBN 0-691-04910-6


Nulis.jpg
Parabot pribadi
Spasi ngaran

Varian
Peta
Pituduh
Kotak parabot
Dina séjén basa