Anakronismeu

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Orpheus, tina mitologi Yunani Klasik, digambarkeun ku Cesare Gennari jeung biola anu can aya saméméh abad ka-16

Anakronismeu atawa anakronisme dina karya sastra ngandung harti ayana gambar latar, kajadian carita, tatabusana palaku jsté. Anu teu luyu jeung pangalaman (waktu harita).[1]. Bisa jadi teu dhihaja, tapi bisa jadi mémang dihaja.[1] Disebut teu dihaja lamun éta “kasalahan” téh mémang dilantarankeun ku katuna pangaruh pangarang ngeunaan jaman éta.[1] Disebut dihaja lamun pangarang lain teu nyaho tina perkata éta, tapi kajadian kitu téh lantaran kajurung ku tujuan.[1]

Contona, anakronismeu dina Wawacan Kian Santang atawa Gagak Lumayung, anu nepungkeun Kian Santang jeung Bagénda Ali, kangjeng Nabi Muhammad, “pangarang” lain teu nyaho yén teu sajaman, tapi lantaran hayang nandeskeun yén anu ngarintahkeun jeung nyebarkeun Islam di Sunda téh lain nu lian, tapi pencaran Prabu Siliwangi kénéh, turunan luluhur Sunda, nya éta Kian Santang.[1]

Mampuh nempatkeun anakronismeu téh kalintang pentingna sabab bisa mantuan pikeun nguji kakuatan sumber. Lamun sumber katingalina teu bisa diandelkeun mangka éta sumber téh teu kudu dipaké.[2] Lolobana, anakronismeu téh bisa kapanggih kalawan gampang. Tapi anakronismeu ogé bisa muncul dina dokumén sajarah asli.[2]

Réferénsi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e Dr. Iskadarwssid, M.Pd. 2003. Kamus Istilah Sastra. Bandung: Geger Sunten
  2. a b (en) Anachronisms (diakses tanggal 25 Oktober 2011)


Nulis.jpg