Antanan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Antanan
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
Division: Magnoliophyta
Class: Magnoliopsida
Order: Apiales
Family: Mackinlayaceae
Genus: Centella
Species: C. asiatica
Ngaran binomial
Centella asiatica
(L.) Urban

Antanan (Centella asiatica) nyaéta sarupaning tutuwuhan liar anu réa tumuwuh di pakebonan, huma, sisi jalan, galengan sawah atawa di huma nu rada baseuh. Tuwuhan ieu asalna ti wewengkon Asia tropis, sumebar di Asia Tenggara, kaasup Indonésia, India, Republik Rakyat Cina, Jepang jeung Australia satuluyna sumebar ka rupa-rupa nagara séjén.

Saprak jaman baheula, antanan geus dipaké pikeun ubar kulit, gangguan saraf sarta ngabenerkeun sirkulasi getih. Masarakat Jawa Kulon mikawanoh tutuwuhan ieu minangka salah sahiji pepelakan pikeun lalab.

Daptar eusi

[édit] Ngaran Lokal

Tuwuhan ieu disebut pegaga (Acéh), daun kaki kuda (Malayu), gagan-gagan, rendeng (Jawa), taidah (Bali) sandanan (Irian), broken copper coin, buabok (Inggris), paardevoet (Walanda), gotu kola (India), ji xue cao (Hanzi).

[édit] Macem antanan

Antanan mangrupakeun tutuwuhan ubar taunan anu tumuwuh ngarambat sarta kembangan sapanjang taun. Macem antanan anu réa katimu nyaéta antanan beureum jeung antanan héjo. Antanan beureum dipikawanoh ogé ku sebutan antanan kebon atawa antanan batu alatan réa kapanggih di wewengkon nu loba batuna, garing sarta terbuka. Antanan beureum tumuwuh ngarambat ku stolon sarta henteu miboga tangkal, tapi miboga rhizoma. Sedengkeun antanan héjo mindeng réa katimu di wewengkon pasawahan sarta disela-sela jukut. Tempat anu dipikaresep ku antanan héjo nyaéta tempat nu rada beueus sarta terbuka atawa rada kaiuhan. Sajaba ti éta, aya opat tuwuhan nu mirupa antanan nyaéta antanan kembang, antanan beurit, antanan gunung sarta antanan cai.

[édit] Kandungan

Antanan anu simplisiana dipikawanoh ku sebutan Centella Herba ngabogaan kandungan asiaticoside, thankuniside, isothankuniside, madecassoside, brahmoside, brahmic acid, brahminoside, madasiatic acid, meso-inositol, centelloside, carotenoids, hydrocotylin, vellarine, tanin sarta garam mineral kawas kalium, natrium, magnésium, kalsium sarta beusi. Glikosida triterpenoida anu disebut asiaticoside dianggap mangrupakeun antilépra sarta ubar tatu anu pohara ampuh. Zat vellarine anu dikandung ngahasilkeun rasa pait.

[édit] Sipat sarta mangpaat

Antanan rasana amis, boga sipat niiskeun, ngabogaan fungsi ngaberesihkeun getih, ngalancarkeun sirkulasi getih, ngalancarkeun kiih (diuretika), nurunkeun panas (antipiretika), ngeureunkeun pendarahan (haemostatika), ngaronjatkeun saraf ingetan, anti baktéri, tonik, antispasma, antiinflamasi, hipoténsif, inséktisida, antialergi sarta stimulan. Saponin anu dikandung ngahalangan produksi jaringan urut tatu anu kaleuleuwihan (nahan lumangsungna kloid)

Mangpaat antanan séjénna nyaéta ngalancarkeun sirkulasi getih dina leungeun sarta suku; nyegah varisés sarta salah urat; ngaronjatkeun daya inget, méntal sarta stamina awak; sarta nurunkeun gejala strés sarta déprési.

Lolobana antanan didahar atah pikeun lalab, tapi aya anu digaringkeun pikeun dijadikeun entéh, dicokot sarina pikeun dijieun kapsul atawa dikokolakeun jadi krém, salep, ubar jarawat, atawa body lotion.

[édit] Tumbu ka luar

Parabot pribadi
Spasi ngaran

Varian
Peta
Pituduh
Kotak parabot
Dina séjén basa