Anting Perak
Anting Perak teh buku antologi nu ngamuat carita pondok ti sawatara pangarang, boh pangarang Sunda, boh pangarang deungeun anu karyana geus ditarjamahkeun kana basa Sunda.[1]
Deskripsi Buku [édit]
Mimiti medal dina taun 1966,ku Penerbit Sargani & Co, kandelna 116 kaca, sarta ngamuat 6 carita pondok asli jeung 3 carita pondok tarjamahan.[1] Ieu antologi teh mangrupa seri buku antologi carita pondok nu munggaran pedalan eta penerbit.[1]Sapandeurieunana medal buku kadua make judul Demi Pasukan jeung nu katiluna judulna Carecet Sulam.[1]Anting Perak teh dipilih jeung dipeting ku hiji tim redaksi nya eta: Saini KM, Enoch Atmadibrata,jeung Djadja Sargani.[2]Dina milihna teh estuning make ukuran pangaresep bae,demi carita pondok nu dipilih asalna kungsi dimuat dina sawatara majalah basa Sunda saperti majalah Mangle, Majalah Sunda,jeung sajabana.[1]
Eusina [édit]
- Tamu ti Birma karya Saini KM
- Kiai Moderen karya S.A. Hikmat
- Balebat Harepan karya AHS Armin Asdi
- Anting Perak karya Naneng Daningsih
- Kumbakarna karya Saleh Danasasmita
- Dehem karya Wahyu Wibisana.[2]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |