Antioksidan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Modél eusi-rohang métabolit glutation antioksidan. Nu kelir konéng nunjukkeun atom walirang aktif-rédoks anu mawa aktivitas antioksidan, sedengkeun nu kelir beureum, bulao, bodas, jeung hawuk ngawakilan atom oksigén, nitrogén, hidrogén, jeung karbon.

Antioksidan hartina molekul nu bisa ngalaunkeun atawa nyegah oksidasi molekul séjén. Oksidasi téh réaksi kimia anu mindahkeun éléktron ti hiji zat ka oksidan. Réaksi oksidasi bisa ngahasilkeun radikal bébas nu mitambeyan réaksi runtuy nu ngaruksak sél. Antioksidan megatkeun ieu réaksi runtuy ku cara nyingkahkeun zat radikal antara, sarta nginhibisi oksidasi séjén ku cara ngoksidasi manéh. Ku kituna, antioksidan téh biasana mah réduktor sarupaning tiol atawa polifénol.

Sanajan réaksi oksidasi penting pisan pikeun kahirupan, tetep aya kagorénganana. Pikeun ngungkulan kagoréngan ieu, tutuwuhan jeung sasatoan miara sistem kompléks rupa-rupa tipeu antioksidan, kayaning glutation, vitamin C, jeung vitamin E, ogé énzim sarupaning katalase, superoksida dismutase, jeung rupa-rupa peroksidase. Kurangna kadar antioksidan, atawa énzim antioksidanna kacegah, bisa ngabalukarkeun strés oksidatif nu bisa ngaruksak atawa malah maéhan sél.

Kusabab strés oksidatif loba patalina jeung patogenesis kasakit manusa, antioksidan loba ditalungtik dina farmakologi, utamana pikeun natambaan struk jeung kasakit neurodegeneratif. Antioksidan ogé sok ditambahkeun dina katuangan pikeun miara kaséhatan jeung nyegah sarupaning kasakit kangker jeung kasakit jantung koronér. Najan studi-studi nunjukkeun kauntungan pikeun kaséhatan, uji coba klinis teu manggihan kauntungan tina formulasi anu diuji, malah mun kaleuleuwihi mah bisa bahya. Di sagigireun mangpaatna pikeun kaséhatan, antioksidan loba gunana di dunya industri, misalna baé ngawétkeun katuangan jeung kosmétik sarta nyegah dégradasi karét jeung béngsin.

Métabolit[édit | sunting sumber]

Dumasar kaleyuranana, antioksidan dibagi dua rupa: leyur dina cai (hidrofilik) atawa dina lipid (hidrofobik). Sacara umum, antioksidan nu leyur-cai meta jeung oksidan dina sitoplasma sél jeung plasma getih, sedengkeun antioksidan nu leyur-lipid nyegah mémbran sél tina panarajang peroksidasi lipid[1]. Sanyawaan ieu bisa disintésis di jero awak atawa diserep tina katuangan[2]. Rupa-rupa antioksidan aya dina kadar nu béda-béda dina cairan awak jeung jaringan. Misalna waé glutation atawa ubiquinon lolobana aya di jero sél, sedengkeun asam urat ampir rata di sakuliah awak (tempo tabél di handap).

Kapentingan jeung interaksi antara rupa-rupa antioksidan téh pajeulit, boga sinérgi jeung silih pangaruhan katergantungan antara hiji métabolit jeung nu séjénna sarta sistem-sistem énzimna[3][4]. Peta hiji antioksidan bisa jadi gumantung kana fungsi anggota séjén dina sistem antioksidan[2]. Ku kituna, panyalindungan anu disadiakeun ku hiji antioksidan téh gumantung kana kadarna, réaktivitasna ka sajenis spésiés oksigén réaktif, sarta status antioksidan séjén anu aub dina réaksina[2].

Sababaraha senyawaan nyumbang panyalindungan atioksidan ku cara ngelat logam transisi sahingga teu bisa ngatalisan produksi radikal bébas dina sél.

Baca ogé[édit | sunting sumber]

Bacaan salajengna[édit | sunting sumber]

  • Lane, Nick. 2003. Oxygen: The Molecule That Made the World. Oxford University Press. ISBN 0-19-860783-0
  • Barry Halliwell & John M.C. Gutteridge. 2007. Free Radicals in Biology and Medicine. Oxford University Press. ISBN 0-19-856869-X
  • Jan Pokorny, Nelly Yanishlieva, jeung Michael H. Gordon. 2001. Antioxidants in Food: Practical Applications. CRC Press Inc. ISBN 0-8493-1222-1

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Wikipédia basa Inggris. Antioxidant. Dicutat 21 Séptémber 2007.
  1. Kesalahan pengutipan: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama Sies
  2. Kesalahan pengutipan: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama Vertuani
  3. Chaudière J, Ferrari-Iliou R. "Intracellular antioxidants: from chemical to biochemical mechanisms". Food Chem Toxicol 37 (9–10): 949 – 62.
  4. Sies H (1993). "Strategies of antioxidant defense". Eur J Biochem 215 (2): 213 – 9.