Anton Chekhov
Anton Pavlovich Chekhov (Анто́н Па́влович Че́хов) nyaéta pangarang kahot ti Rusia kawentar utamana ngaliwatan karya-karyana dina wangun carita pondok jeung drama.[1] Lahir di Taganrog, laut Azov, 17 Januari 1860. [2] Bapana tukang dagang di toko leutik. [2] Akina budak beulian. [2] Ti leuleutik Chekhov kudu ngalaman digawé beurat. [2] Dina umur 16 taun néangan kipayah sorangan, sawatara kitu bapana kabur ti Moskow nyingkahan bui. [2] Sanggeus namatkeun sakola di kota asalna, Chekhov meunang beasiswa tur nuluykeun sakola ka paguron luhur di Moskow jurusan kedokteran. [2] Pikeun mantuan ékonomi kulawargana, inyana ngalalanyahan nulis carita-carita, lulucon, jeung artikel. [2] Taun 1884 kuliahna tamat, Chekhov boga gelar dokter, tapi jigana leuwih kairut ku dunya kapangarangan, tur éta téh dijadikeun pacarian. [2]
Réputasi kasusatraanana mekar nalika bukuna Motley Stories medal taun 1886. [2] Dina taun 1888 kasinugrahan hadiah Pushkin Prize pikeun bukuna In the Twilight. [2] Satuluyna Chekhov ngahasilkeun drama panjang anu daria, Ivanov. [2] Taun 1901 kawin ka artis ngaranna Olga Knipper. [2] Chekhov katarajang panyakit TBC nepi ka palastra tanggal 2 Juli 1904. [2]
Carpon-carpon Chekhov dianggap minangka apotheosis tina wangun dramana, sok sanajan ngan saeutik anu dianggap gedé pangaruhna kana literatur jeung pintonan drama. [1] Ti Chekhov, loba pangarang drama kontemporer anu diajar kumaha ngamangpaatkeun suasana haté. [1] Hal-hal anu katémbongna taya hartina jeung inaksi (ngaraga meneng) pikeun neuleuman jero-jerona psikologis batin tokoh-tokohna. [1] Opat drama utama Chekhov: The Seagull, Uncle Vanya, Three Sisters, jeung The Cherry Orchard mindeng dipintonkeun dina pintonan-pintonan drama modéren. [1]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |