Antropologi

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Gambar Jelema

Antropologi asalna tina basa Yunani, nya éta anthropos 'manusa', jeung logos 'élmu pangaweruh'. Jadi, antropologi tèh 'èlmu pangaweruh'(sains/science) nu maluruh, ngabahas, jeung nalungtik ngeunaan manusa. [1] Objek dina antropologi nya éta manusa di masarakat suku bangsa, kabudayaan katut paripolahna.[2] Budaya asalna tina basa sangsekerta nya ringkesan tina dua kecap 'budi' jeung 'daya' anu hartina usaha, tanaga, karep, pikiran, jeung parasaan jelema. [3] Lamun kabudayaan mah mangrupa hasil tanaga, karep, pikiran sarta perasaan jelema guna nambahan kasenangan jeung kanimatan jelema ku rupa rupa akal jelema.[3] Kabèh élmu sosial budaya nalungtik kahirupan manusa. [1] Unggal cabang élmu budaya (sosiologi, psikologi, hukum, sastra, sajarah, pulitik, komunikasi, ekonomi, arkeologi, jeung linguistik)boga pokus kajian séwang-séwangan. [1] Antropologi boga pokus kajian dina kabudayaan nu dipiboga ku kelompok masarakat. [1] Hubungan antara manusa jeung lingkunganana dijembatanan ku kabudayaan nu dipibogana. [4] Disawang tina ieu segi, kabudayaan bisa disebut sipatna téh adaptip lantaran ngalengkepan manusa ku cara merenahkeun diri dina kabutuhan-kabutuhan pisiologis tina awak manéhna sorangan, merenahkeun dina lingkungan anu sipatna pisik-géograpis, boh lingkungan sosialna. [4] Nyatana lobana kabudayaan anu aya kénéh malah mekar nunjukkeun yén kabiasaan-kabiasaan nu dimekarkeun ku hiji masarakat, disaruakeun jeung kabutuhan-kabutuhan anu tangtu ti lingkunganana. [4]

Tokoh-Tokoh Antropologi[édit | sunting sumber]

William A. Havilan[édit | sunting sumber]

Antropologi nya éta studi ngeunaan umat manusa, usaha pikeun nyusun generalisasi nu mangpaat ngeunaan manusa jeung perilakuna sarta pikeun meunangkeun wangenan anu lengkep ogé ngeunaan kaanékaragaman manusa.[5]

David Hunter[édit | sunting sumber]

Antropologi nya éta élmu anu lahir tina rasa hayang nyaho anu teu kawatesanan ngeunaan manusa.[5]

Koentjaraningrat[édit | sunting sumber]

Antropologi nya éta élmu anu maluruh manusa sacara umum jeung maluruh anéka warna, wangun pisik masarakat sarta kabudayaan anu dihasilkeunana.[5]

Rupa-Rupa Jinis Cabang Disiplin Élmu Anak Turunan Antropologi[édit | sunting sumber]

Antropologi Pisik[édit | sunting sumber]

  1. Paléoantrologi nya éta élmu anu maluruh asal-usul manusa jeung épolusi manusa ku cara nalungtik posil-posil.[2]
  2. Somatologi nya éta élmu anu maluruh rupa-rupa ras manusa ku cara ditaliti ciri-ciri pisikna.[2]

Antropologi Budaya[édit | sunting sumber]

  1. Préhistori nya éta élmu anu maluruh sajarah nyebar jeung mekarna budaya manusa wanoh kana tulisan.[2]
  2. Étnolinguistik antrologi nya éta élmu anu maluruh suku-suku bangsa nu aya di dunya / bumi.[2]
  3. Étnologi nya éta élmu anu maluruh asas kabudayaan manusa dina kahirupan masarakat suku bangsa di sakwéh alam dunya.[2]
  4. Étnopsikologi nya éta élmu anu maluruh kapribadian bangsa sarta peranan indipidu ka bangsa dina prosés parobahan adat jeung ajén unipersal ku cara nyoko kana konsép psikologi.[2]


Galeri[édit | sunting sumber]

David Hunter_Tokoh Antropologi
David Hunter




Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d (id) Trisnu Brata, Nugroho.2007.Antropologi untuk SMA dan MA kelas XI.Jakarta:Esis hal.3
  2. a b c d e f g http://organisasi.org/definisi-pengertian-antropologi-objek-tujuan-dan-cabang-ilmu-antropologi Antropologi (Diakses ping 25 September 2011)
  3. a b Danadibrata, R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat hal.108
  4. a b c (id) Depdiknas,Direktorat Jendral Kabudayaan.2000.Kebudayaan Masyarakat Sunda di Kabupatén Lebak Jawa Barat.Bandung:C.V Manfada Utama hal.1
  5. a b c (id) http://www.scribd.com/doc/23997160/ANTROPOLOGI Tokoh-tokoh Antropologi (diakses ping 11 Oktober 2011)