Ayat-Ayat Cinta
| Pangarang | Habiburrahman El Shirazy |
|---|---|
| Judul asli | Ayat-Ayat Cinta |
| Nagara | Indonésia |
| Basa | Indonésia |
| Genre | Novel |
| Penerbit | Basmala&Republika |
| Tanggal publikasi | 2004 |
| Tipe média | Citak |
| Kaca | 418 kaca |
Ayat-Ayat Cinta mangrupakeun novel dina basa Indonésia yasana Habiburrahman El Shirazy nu diterbitkeun munggaran taun 2004 ku penerbit Basmala&Republika. Novel ieu eusina 418 kaca tur sukses jadi salasahiji novel fiksi best seller di Indonésia nu dicitak tepi ka 160 rebu eksemplar dina jangkah wanci tilu taun. Ayat-Ayat Cinta oge mangrupakeun panaratas karya sastra islami nu keur sedeng-sedengna binangkit dina wanci kiwari.
[édit] Ringkesan Singget
Novel ieu nyaritakeun kahirupan saurang mahasiswa Indonesia nu ngaranna Fahri bin Abdullah Shiddiq nu keur diajar di Universitas Al-Azhar Mesir. Dina hiji perjalanan, Fahri pinanggih jeung saurang mahasiswi Jerman nu ngaranna Aisha, nu geuningan kataji ku pribadina Fahri nu someah tur mibanda wawasan kaislaman nu lega. Lian ti Aisha, Maria Boutros parawan Kristen Koptik oge mikacinta Fahri. Kisah cinta di antara maranehna beuki ruwet nalika dua tokoh lianna, nyaeta Nurul jeung Noura Bahadur, oge mibanda rasa nu sarua.
[édit] Film Ayat-Ayat Cinta
Ningali hasilna penjualan novel ieu, sutradara Indonesia Hanung Bramantyo kiwari keur ngagarap film Ayat-Ayat Cinta nu dibentangan ku Fedi Nuril minangka Fahri, Rianti Cartwright minangka Maria, Zaskia Adya Mecca minangka Noura, jeung Melanie Putria minangka Nurul.