Ayip Rosidi

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Ajip Rosidi
Ajip Rosidi.jpg
Ajip Rosidi
Babar: 31 Januari 1938
Jatiwangi, Majalengka
Pagawéan: Ketua Yayasan Kebudayaan Rancagé, Ketua Déwan Pembina Yayasan Pusat Studi Sunda, Sastrawan, Sastrawan Sunda, Budayawan, Dosen, Redaktur
Kawarganagaraan: Indonésia
Genre: Carpon, Sajak, Éséy
Garwa/carogé: Hj. Patimah Wirjadibrata (Ceu Empat)
Anak: * Nunun Nuki Aminten (1956)
  • Titi Surti Nastiti (1957)
  • Uga Percéka (1959)
  • Nundang Rundagi (1961)
  • Rangin Sembada (1963)
  • Titis Nitiswari (1965).
Dipangaruhan: H. Hasan Mustapa

Ayip Rosidi (éjahan asli Ajip Rosidi, lahir di Jatiwangi, 31 Januari 1938) téh saurang budayawan sakaligus sastrawan kahot. Anjeunna nyipta karya sastra dina basa Sunda jeung basa Indonésia, sarta loba ngawanohkeun sastra Sunda jeung Indonésia ka mancanagara.

Ayip aktif nulis, boh dina basa Indonésia atawa dina basa Sunda ti rumaja kénéh, umur 15 taun geus jadi Pamingpin Rumpaka Majalah Suluh Pelajar (1953-1955), sarta satuluyna ngaluluguan sababaraha lembaga sastra, seni, pers, jeung budaya. Anjeunna ngadegkeun Yayasan Pusat Studi Sunda (2003) nu ngulik kabudayaan Sunda sarta Yayasan Kabudayaan Rancagé[1] nu ngabobotohan tumuwuhna sastra lokal. Kungsi ngajar basa jeung kabudayaan Indonesia di Osaka Gaikokugo Daigaku (1981-2003), sagigireun ngajar ogé di Kyoto Sangyo Daigaku (1982-1996) jeung Tenri Daigaku (1982-1995), Jepang. Naratas dilembagakeunana Hadiah Sastra Rancagé ti taun 1989, sarta mokalan lumangsungna Konferénsi Internasional Budaya Sunda (KIBS) 2001 di Bandung. Buku-buku karyana geus leuwih ti saratus judul, mangrupa roman, kumpulan sajak, kumpulan carita pondok, mémoar, jeung biografi.

Atikan[édit | sunting sumber]

Ayip Rosidi mimiti ngalakonan atikan di Sakola Rahayat Jatiwangi (1950), salajengna neruskeun ka SMP Negeri VIII Jakarta (1953) jeung pamungkas, Taman Madya, Taman Siswa Jakarta (1956). Sanajan henteu tamat SMA, anjeunna dipercaya pikeun ngajar minangka dosén di paguron tinggi Indonésia, ogé ti 1967, anjeunna ngajar di Jepang [2]. Dina 31 Januari 2011, anjeunna narima gelar Doktor honoris causa widang Élmu Budaya ti Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran. [3]

Kulawarga[édit | sunting sumber]

Ayip Rosidi nikah sareng Patimah Wirjadibrata (Ceu Empat) (1955) ogé dipaparin 6 putra, nyaéta:

  • Nunun Nuki Aminten (1956)
  • Titi Surti Nastiti (1957)
  • Uga Percéka (1959)
  • Nundang Rundagi (1961)
  • Rangin Sembada (1963)
  • Titis Nitiswari (1965).

Dina rujukan séjéb disebutkeun tujuh putra.[4]

Prosés cacalakan[édit | sunting sumber]

Ayip mimitina mah nulis karya kréatip dina basa Indonésia, salajengna talaah jeung koméntar ngeunaan sastera, basa jeung budaya, boh mangrupa artikel, buku atawa makalah dina mangrupa panglawungan di tingkat régional, nasional, ogé internasional. Anjeunna loba maluruh titilar jeung tonggak alur sajarah sastra Indonésia jeung Sunda, nepikeun panémbonganna ngeunaan perkara sosial politik, boh mangrupa artikel dina majalah, boh ceramah atawa makalah. Anjeunna ogé nulis biografi ahli seni jeung inohong pulitik.[5]

Anjeunna mimiti ngabéwarakeun karya sasterana taun 1952, dipuat dina majalah-majalah kasohor dina mangsa harita saperti Mimbar Indonesia, Gelanggang/Siasat, Indonesia, Zenith, Kisah, jll. Nurutkeun panalungtikan Dr. Ulrich Kratz (1988), nepika taun 1983, Ayip nyaéta pangarang sajak jeung carita pondok nu pangproduktipna (326 judul karya dipuat dina 22 majalah).[5]

Bukuna anu munggaran, Tahun-tahun Kematian medal sabot yuswana 17 taun (1955), dituturkeun ku kumpulan sajak, kumpulan carita pondok, roman, drama, kumpulan éséy jeung kritik, hasil panalungtikan, jll., boh dina basa Indonésia boh dina basa Sunda, anu lobana kira-kira saratus judulan.[5]

Karyana loba nu geus ditarjamahkeun kana basa séjén, dipuat dina bunga rampai atawa medal minangka buku, a.l. dina basa Walanda, Cina, Inggris, Jepang, Perancis, Kroatia, Rusia, jll. [5]

Aktipitas[édit | sunting sumber]

Dina yuswa 12 taun, nalika masih kénéh cicing di kelas VI Sakola Rahayat, tulisan Ayip geus dipuat dina rohangan barudak di harian Indonesia Raya.[5]

Ti SMP-na Ayip geus ngaleukeunan dunya panulisan jeung pamedalan. Anjeunna medalkeun jeung jadi éditor sarta mingpin majalah Suluh Pelajar (1953-1955). Dina taun 1965-1967 anjeunna jadi Pamingpin redaksi Mingguan Sunda; Pamingpin redaksi majalah kabudayaan Budaya Jaya (1968-1979); Pangadeg pamedal Pustaka Jaya (1971). Ngadegkeun jeung mingpin Proyék Panalungtikan Pantun jeung Folklor Sunda (PPP-FS) anu loba ngarékam Carita Pantun jeung ngabéwarakeunna (1970-1973). Ngajabat minangka Pupuhu Déwan Kasenian Jakarta (1972-1981).[5]

Barengan sinareng réréncanganna, Ayip ngadegkeun pamedal Kiwari di Bandung (1962), pamedal Cupumanik (Tjupumanik) di Jatiwangi (1964), Duta Rakyat (1965) di Bandung, Pustaka Jaya (salajengna Dunia Pustaka Jaya) di Jakarta (1971), Girimukti Pasaka di Jakarta (1980), jeung Kiblat Buku Utama di Bandung (2000). Kapilih jadi Pupuhu IKAPI dina dua kali kongres (1973-1976 jeung 1976-1979). Jadi anggahota DKJ ti mimiti (1968), salajengna jadi Pupuphu DKJ babaraha mangsa jabatan (1972-1981). Jadi anggahota BMKN 1954, jeung jadi anggahota pangurus pléno (kapilih dina Kongrés 1960). Jadi anggahota LBSS jeung jadi anggahota pangurus pléno (1956-1958) jeung anggahota Déwan Pembina (kapilih dina Kongrés 1993), tapi ngundurkeun diri (1996). Salah saurang pangadeg jeung salah saurang Pupuhu PP-SS anu munggaran (1968-1975), salajengna jadi salah saurang pangadeg dan Pupuhu Déwan Pangadeg Yayasan PP-SS (1996). Salah saurang pangadeg Yayasan PDS H.B. Jassin (1977).[5]

Ti 1981 diangkat jadi guru besar tamu di Osaka Gaikokugo Daigaku (Universitas Basa Asing Osaka), sabari ngajar di Kyoto Sangyo Daigaku (1982-1996) jeung Tenri Daignku (1982-1994), tapi terus aktip merharikeun hirup-huripna sastera-budaya jeung sosial-pulitik di tanah air jeung terus nulis. Taun 1989 sacara pribadi méré Hadiah Sastera Rancagé anu saterusna dilajengkeun ku Yayasan Kabudayaan Rancagé anu diadegkeunna.[5]

Sanggeus pangsiun anjeunna netep di désa Pabelan, Kacamatan Mungkid, Magelang, Jawa Tengah. Sanajan kitu, anjeunna masih aktip ngokola sawatara lembaga nonprofit saperti Yayasan Kabudayaan Rancagé jeung Pusat Studi Sunda.[5]

Panghargaan[édit | sunting sumber]

Babaraha panghargaan anu pernah ditarima ku Ayip Rosidi, di antararana:[6]

  • Hadiah Sastera Nasional 1955-1956 pikeun puisi (dibikeun taun 1957) jeung 1957-1958 pikeun prosa (dibikeun taun 1960).
  • Hadiah Seni ti Pamaréntah RI 1993.
  • Kun Santo Zui Ho Sho ("Béntang Jasa Khazanah Suci, Sinar Emas jeung Selempang Beuheung") ti pamaréntah Jepang minangka panghargaan ku jasa-jasana anu diniléi kacida mangpaatna pikeun hubungan Indonesia-Jepang 1999
  • Anugerah Hamengku Buwono IX 2008 pikeun sagala sumbangan positipna ka masarakat Indonésia di widang sastera jeung budaya.

Karya-karyana[édit | sunting sumber]

Aya ratusan karya Ayip. Sababaraha diantarana:[1]

  • Tahun-tahun Kematian (kumpulan carpon, 1955)
  • Ketemu di Jalan (kumpulan sajak babarengan SM Ardan jeung Sobron Aidit, 1956)
  • Pesta (kumpulan sajak, 1956)
  • Di Tengah Keluarga (kumpulan carpon, 1956)
  • Sebuah Rumah buat Hari tua (kumpulan carpon, 1957)
  • Perjalanan Pengantén (roman, 1958, tas ditarjamahkeun kana basa Perancis ku H. Chambert-Loir, 1976; Kroatia, 1978, jeung Jepang ku T. Kasuya, 1991)
  • Cari Muatan (kumpulan sajak, 1959)
  • Membicarakan Cerita Pendek Indonesia (1959)
  • Surat Cinta Enday Rasidin (kumpulan sajak, 1960);
  • Pertemuan Kembali (kumpulan carpon, 1961)
  • Kapankah Kesusasteraan Indonesia lahir? (1964; citak ulang anu direvisi, 1985)
  • Jante Arkidam jeung salikur sajak lianna (kumpulan sajak, basa Sunda, 1967);
  • Jeram (kumpulan sajak, 1970);
  • Jante Arkidam jeung salikur sajak lianna (kumpulan sajak, basa Sunda, 1967)
  • Ikhtisar Sejarah Sastera Indonesia (1969)
  • Ular dan Kabut (kumpulan sajak, 1973);
  • Sajak-sajak Anak Matahari (kumpulan sajak, 1979, sakabéhna tas diterjamahkeun kana basa Jepang ku T. Indoh, jeung dipuat dina majalah Fune jeung Shin Nihon Bungaku (1981)
  • Manusia Sunda (1984)
  • Anak Tanahair (novel, 1985, tas dijamahkeun kana basa Jepang ku Funachi Megumi, 1989.
  • Nama dan Makna (kumpulan sajak, 1988)
  • Sunda Shigishi hi no yume (tarjamahan basa Jepang tina petingan ka opat kumpulan carita pondok ku T. Kasuya 1988)
  • Puisi Indonesia Modern, Sebuah Pengantar (1988)
  • Terkenang Topeng Cirebon (kumpulan sajak, 1993)
  • Sastera dan Budaya: Kedaerahan dalam Keindonesiaan (1995)
  • Mimpi Masasilam (kumpulan carpon, 2000, tas ditarjamahkeun kana basa Jepang)
  • Masa Depan Budaya Daerah (2004)
  • Pantun Anak Ayam (kumpulan sajak, 2006)
  • Korupsi dan Kebudayaan (2006)
  • Hidup Tanpa Ijazah, Yang Terekam dalam Kenangan (otobiografi, 2008)
  • Ensiklopédi Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya. 2000
  • Ayang-ayang Gung
  • Bébér Layar
  • Hurip Waras!
  • Ucang-ucang Anggé
  • Babasan jeung Paribasa Sunda
  • Masyitoh
  • Si Pucuk Kalumpang


Ayip ogé nulis drama, carita rahayat, carita wayang, bacaan barudak, lulucon, jeung mémoar sarta jadi éditor babaraha bunga rampai.

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b (id) Biografi dan CV Ajip Rosidi di TokohIndonesia.com. Akses tanggal 11 November 2011.
  2. (id) McGlynn, John (editor dan penerjemah). On Foreign Shores: American Images in Indonesian Poetry. Biografi Ajib Rosidi. Yayasan Lontar, 1990, Jakarta. Halaman 183-184.
  3. (id) Berita Ajip Rosidi di TempoInteraktif.com Dimuat tanggal 31 Januari 2011, diakses tanggal 11 November 2011.
  4. (id) Profil Ajip Rosidi di Indonesiabuku.com Dimuat tanggal 25 Juli 2010, diakses tanggal 11 November 2011.
  5. a b c d e f g h i (id) http://www.penerbitkpg.com/penulis/detil/4/Ajip-Rosidi. Diakses tanggal 11 November 2011. Profil Ajip Rosidi
  6. (id)Anugerah Tokoh: Anugerah Sastera Mastera Brunei Darussalamn 2003. Ajib Rosidi Dimuat tahun 2003, diakses tanggal 11 November 2011.


Tutumbu kaluar[édit | sunting sumber]


Daptar Sastrawan Sunda
Aam AmiliaAan Merdéka PermanaAbdullah MustappaAcép Zamzam NoorAchdiat Karta MihardjaAdang SAjip RosidiAhmad BakriAkub SumarnaApip MustapaApung Supena WiratmajaArthur S. NalanAyatrohaédiBéni SetiaBudi Rahayu TamsyahCécép BurdansyahDadan SutisnaDarpanDédén Abdul AzizDédy WindyagiriDodong DjiwapradjaDuduh DurahmanDyah PadminiEddy D. IskandarElin SyamsuriÉtti R.S.Godi SuwarnaHadi AKSHasan Wahyu AtmakusumahHawé SetiawanHérmawan AksanHidayat SuryalagaHolisoh M.EIskandarwassidJeihanJuniarso RidwanKarna YudibrataKarno KartadibrataKi UmbaraKis WSM.A. SalmunMéméd SastrahadiprawiraMoch. AmbriNanéng DaningsihNano. SNazarudin AzharRahmat M.A.SRahmatullah Ading Affandie (RAF)Ramadhan K.HRustandi KartakusumaSaéful BadarSaini K.M.Sajudin NatadisastraS.M. ArdanSoni Farid MaulanaSunarya P.K.Tatang SumarsonoTaufik FaturohmanTéddi MuhtadinTini KartiniUsép RomliUs TiarsaWahyu WibisanaYayat HéndayanaYooke TjuparmahYoséph IskandarYuhanaYus RusamsiYus Rusyana