Babad
Babad nyaéta carita nu patali jeung hiji patempatan atawa ilaharna mah karajaan nu dipercaya minangka sajarah. Patali jeung pangaruh Jawa, karéréaan babad ditulis dina wangun wawacan, upamana Babad Godog, Babad Panjalu, Babad Cirebon, Babad Banten, Babad Sumedang, jsb. Ditilik tina jihat sajarah, babad téh lain bukti nu bisa dijieun sumber sajarah, tapi sahenteuna bisa dipaké pikeun bahan babandingan dina ngulik sajarah. Biasana dianalisis heula kalawan kritis, nepi ka meunang hiji kacindekan. Ieu hal téh dilantarankeun eusi babad salian ti nyaritakeun hal-hal nu patali jeung sajarah, ogé réa pisan nyaritakeun hal-hal nu pamohalan, sipatna fiktif, saperti jalma bisa ngapung, jalma sakti, jsté, anu nyampak dina karya-karya sastra.
Rujukan [édit]
- Rosidi, Ajip.dkk. 2000. Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, Budaya (Termasuk Budaya Cirebon dan Betawi), Jakarta: Pustaka Jaya.
- http://www.garut.id.
| Artikel ngeunaan sastra ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
| Daptar Babad |
|---|
| Babad Panjalu, Babad Cirebon, Babad Cikundul, Babad Timbanganten, Babad Dermayu, Babad Pasir
, Silsilah Sajarah Bandung, Cariosan Prabu Siliwangi, Babad Godog |