Babad Banten

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Banten java.jpg

Babad Banten nyaeta hiji karya sastera sajarah, dikarang di puseur dayeuh Kasultanan Banten mangsa tengah abad ka-17. Aslina ditulis dina hurup Arab sarta basana Jawa Banten, dicutat sababaraha kali sapanjang abad-abad saterusna. Salinanana ditulis dina hurup Jawa jeung hurup Latin. Wangun karangannya puisi (Wawacan) sarta diomongkeun ku Sandimaya dumasar paménta Sandisastra, baraya-na. Disusun dumasar asal ditulis anu diteundeun dina peti dokumén resmi (Kandaga) sarta pikeun nyumponan kaperluan sajarah karuhun ménak Banten.

Banten kiwari mangrupakeun ngaran hiji propinsi di Indonésia nu ayana di pulo Jawa. Propinsi ieu tadina mah mangrupa bagian ti propinsi Jawa Barat, nu dumasar aspirasi masarakat dimekarkeun jadi propinsi mandiri taun 2000. Wilayah Banten ngawengku daérah-daérah nu baheulana mangrupakeun bagian ti wilayah Kasultanan Banten tanpa Lampung jeung Bengkulu, nyaéta Sérang, Lebak, Pandéglang, Cilegon, jeung Tangerang. Puseur dayeuhna di Serang.

Sajarah[édit | sunting sumber]

Di wewengkon Banten baheula kungsi ngadeg hiji kasultanan dina abad ka-16, diancurkeun ku pamaréntah jajahan Hindia Walanda abad ka-18. Propinsi Banten dibentuk taun 2000.

Banten dina abad ka 5 mangrupa bagian ti Karajaan Tarumanagara. Prasasti titilar Karajaan Tarumanagara nyaéta Prasasti Cidanghiang atawa prasasti Lebak, anu kapanggih di kampung lebak di sisi walungan Cidanghiang, kacamatan Munjul kabupatén Pandeglang. Prasasti ieu kakara kapanggih taun 1947 sarta eusina 2 jajar kalimah ngawangun puisi jeung hurup Pallawa sarta basa Sansekerta. Eusi prasasti kasebut nyaritakeun wawanen raja Purnawarman.

Sanggeus runtagna karajaan Tarumanagara alatan serangan karajaan Sriwijaya, kakawasaan di bagian kulon Pulo Jawa ti Tungtung Kulon nepi ka Kali Ciserayu dituluykeun ku Karajaan Sunda. Dina jaman Karajaan Sunda, Banten jadi salah sahiji palabuan penting Karajaan Sunda. Nurutkeun sumber Portugis, Banten nyaéta salah sahiji palabuan Karajaan Sunda salian ti palabuan Pontang, Cigede, Tamgara (Tangerang), Sunda Kalapa sarta Cimanuk. Nurutkeun naskah Bujangga Manik anu diukir dina daun lontar anu ditunda di perpustakaan Bodleian, Oxford, Inggris, saprak taun 1627, Banten disebut wahanten girang.

Saterusna Islam asup ka wewengkon Banten dina abad 16 nyaéta waktu Kasultanan Demak ngalegakeun pangaruhna ka wewengkon kulon. Dina taun 1524/1525, Sunan Gunung Jati ti Cirebon babarengan jeung pasukan Demak naklukkeun pangawasa palabuan Banten, sarta ngadegkeun Kasultanan Banten anu ngabalad ka Demak. Banten saterusna asup jadi bagian provinsi Jawa Barat dina taun 1925 sabot Pamaréntah Hindia Walanda nyieun Provinsi Jawa Barat. Dibentukna propinsi éta minangka palaksanaan Bestuurshervormingwet taun 1922, anu ngabagi Hindia Walanda jadi sababaraha provinsi. Saméméh taun 1925, dipaké istilah Soendalanden (Tatar Soenda) atawa Pasoendan, minangka istilah geografi pikeun nyebutkeun bagian ti Pulo Jawa di palebah kulon Walungan Cilosari sarta Citanduy anu kalolobaan dicicingan ku anu ngagunakeun basa Sunda minangka basa indung. Pamaréntahan Provinsi Banten dijieun dina taun 2000.


Basa[édit | sunting sumber]

Bangsa asli anu hirup di propinsi Banten ngomong ngagunakeun bahasa Sunda Buhun. Bahasa Sunda Buhun kasebut digolongkeun sabage basa kasar dina basa Sunda modern, anu ngabogaan sababaraha tingkatan ti tingkat lemes nepi ka tingkat kasar atawa loma, anu mimiti ngawujud dina mangsa kasultanan Mataram ngawasa Parahiangan (bagian wetan ngidul propinsi Jawa Barat). Sanajan kitu, di Serang sarta Cilegon, basa Banyumasan dipaké ku etnik pendatang ti Jawa. Sedengkeun, di bagian kalér dayeuh Tangerang, basa Indonésia dialek Betawi ogé dipaké ku pendatang etnis Betawi. Sajaba basa Sunda, basa Jawa jeung basa Betawi, basa Indonésia ogé dipaké utamana ku pendatang ti bagian séjén Indonésia.


Ringkesan[édit | sunting sumber]

Sacara gurat badag eusina bisa dibédakeun jadi dua bagian, nyaéta:

  • anu leuwih boga sipat legendaris sarta mitos, sarta
  • anu leuwih boga sipat historis.

Bagean kahiji[édit | sunting sumber]

Bagean kahiji eusina carita anu patali jeung tilu karajaan Hindu di Pulo Jawa, nyaéta Medang Kamulan, Pajajaran, sarta Majapahit anu dipatalikeun jeung prosés lslamisasi di Jawa. Di jerona dikandung legenda Sunda ngeunaan inohong Tanduran (Gagang) sarta Ciung Wanara anu dihijikeun jeung ngaran tempat anu raket patalina jeung Islamisasi, kawas Cirebon, Palembang, Ampel, Balambangan, Campa, Cina sarta inohong lslamisasi, kawas Syekh Jumadilakbar, Radén Rahmat, Pandita Abdulisbar, Pangeran Kalijaga, Syamsu Tabris, Molana Ahlulislam, Jénulabidin, Molana Malik Ibrahim. Di jerona aya ogé silsilah (Pancakaki) Nabi Adam nepi ka Mahdum Gunung Jati ngaliwatan 44 generasi.

Bagean kadua[édit | sunting sumber]

Bagian kadua eusina carita ngeunaan kamekaran Kasultanan Banten saprak ngadeg nepi ka lumangsung pangperangan antara Banten jeung Kompeni-walanda anu ngawasa Jakarta. Di jerona dicaritakeun sacara kronologis kajadian-kajadian anu lumangsung sarta masalah-masalah anu muncul di Banten dina mangsa pamaréntahan Sultan-sultan Banten. Sultan-sultan Banten nu dimaksud nyaéta:

Panalungtikan[édit | sunting sumber]

Geus ditalungtik sarta dipaluruh dumasar pamarekan disiplin élmu filologi sarta sajarah ku Huséin Jayadiningrat dina wangun disertasi di Universitas Leiden, Walanda, dijudulan Critische Beschouwing van de Sadjarah Banten (1913). Bagian kahiji eusi Babad Banten dianalisis sacara filologis, sedengkeun bagian kadua ditilik sacara historis. Sajaba kaungkab karakteristik penulisan sajarah tradisional di Jawa, dina studi éta kasusun ogé rekonstruksi sajarah Kesultanan Banten nepi ka tengah abad ke-17, alatan ayana perang antara Banten jeung Kompeni nu lumangsung taun 1650. Salah sahiji hasil studina anu terus dipaké dina penulisan sajarah Indonésia nyaéta kacindekan yén inohong Sunan Gunung Jati atawa Syarif Hidayat anu diomongkeun dina Babad Banten idéntik jeung inohong Faletehan atawa Tagaril dina warta Portugis dumasar kana sasaruaan lalakonna.

Inohong éta téh nyaéta nu naratas ngadegna Kesultanan Banten sarta bapa Maulana Hasanuddin, Sultan Banten kahiji. Pikeun urang Banten mah, Babad Banten mangrupa sajarah resmi wewengkonna. Sawatara naskah Babad Banten aya di sagala rupa perpustakaan kawas Perpustakaan Nasional Jakarta, Universiteits Bibliotheek Leiden (Walanda), Musieum Loka Kepurbakalaan Banten, sarta di individu.