Bahrain
| مملكة البحرين Mamlakat al-Bahrain |
||||||
|---|---|---|---|---|---|---|
|
|
||||||
| Motto — |
||||||
| Lagu Bahrainona |
||||||
| Ibu kota (jeung kota panggedéna) |
Al-Manamah | |||||
| Basa resmi | Arab | |||||
| Pamaréntah | Monarki konstitusional | |||||
| - | Raja | Hamad ibn Isa Al Khalifah | ||||
| - | Ratu | Sabika bint Ibrahim | ||||
| - | Perdana Menteri | Khalifah ibn Sulman Al Khalifah | ||||
| Kamerdékaan | ||||||
| - | Ti Britania Raya | 15 Agustus 1971 | ||||
| Aréa | ||||||
| - | Total | 665 km² (176) mil² |
||||
| Populasi | ||||||
| - | Perkiraan 2005 | 688.345 (157) | ||||
| - | Sénsus - | - | ||||
| - | Kapadetan | 1.035 /km² (6) /mil² |
||||
| GDP (PPP) | Perkiraan 2005 | |||||
| - | Total | US$14,61 miliar (123) | ||||
| - | Per kapita | US$18.817 (38) | ||||
| Mata uang | Dinar (BHD) |
|||||
| Zona wanci | (UTC+3) | |||||
| - | Usum panas (DST) | (UTC+3) | ||||
| TLD Internét | .bh | |||||
| Kode telepon | +973 | |||||
Karajaan Bahrain (Arab: مملكة البحرين) mangrupakeun hiji nagara kapuloan di Teluk Persia. Teluk Bahrain misahan nagara ieu jeung Qatar jeung Arab Saudi. Tatanggi Bahrain, Arab Saudi aya di kulon jeung disambungan ka Bahrain liwat Dermaga Raja Fahd anu resmi dibuka dina 25 Novémber 1986 jeung Qatar di kidul meuntasan Teluk Pérsia. Lega wewengkonna kirang leuwih sarua jeung wewengkon DKI Jakarta.
Daptar eusi |
[édit] Sajarah
Bahrain geus dicicingan ku manusa ti jaman pra-sajarah. Lokasina nu stratégis di Teluk Pérsia geus ngaruh ka urang Assyria, Babilonia, Yunani, Pérsia, jeung Arab (populasina teras jadi Muslim). Bahrain dina jaman baheula dikenal sabagé Dilmun , Tylos (ngaran Yunanina), Awal, atawa Mishmahig wanci aya dina pamaréntahan Kasultanan Pérsia.
Dina 2300 taun, Bahrain jadi pusat dagang dunya di antara Mésopotamia jeung Lebak Indus (ayeuna hiji wewengkon di India). Bangsa Delmon anu boga patalian jeung Bangsa Suméria dina abad ka-3 SM. Bahrain jadi bagian ti Babilon leuwih kirangna dina taun 600 SM. Catetan-catetan sajarah nunjukkeun Bahrain dikenal liwat laloba lalandian anu di antarana "Mutiara Teluk Pérsia".
Bahrain nepi ka taun 1521 diwangun ti wewengkon Ahsa (nu leuwih gedé), Qatif (dua-duana ayeuna jadi propinsi wétan Arab Saudi), sarta Awal (ayeuna pulo Bahrain). Wewengkon Bahrain ngabentang nepi ka (ayeuna) Kuwait nepi ka Oman jeung dingaranan Propinsi Bahrain (atawa Iqlim Al-Bahrain). Tapi dina taun 1521, kadatangan Portugis geus misahkeun Awal (ayeuna Bahrain) jeung wewengkon lianna jeung nepi ka ayeuna, Bahrain dikenal sabagé wewengkon anu dikenal ayeuna.
Ti abad ka-16 Maséhi nepi ka taun 1743, pamaréntahan Bahrain ngarobah-robah di antara Portugis jeung Pérsia. Ahirna, Sultan Pérsia, Nadir Shah ngawasaan Bahrain jeung lantaran politik nu ngadukung mayoritas Syiah. Dina ahir-ahir abad ka-18 Maséhi, Kulawarga Al-Khalifah mibogaan pulo ieu. Pikeun ngajaga sangkan pulo ieu heuntu dibogaan deui ku Pérsia, manéhna ngabaturan jeung Britania Raya jadina nagara di jero lindungan Britania.
Minyak dipanggihan dina taun 1931 jeung ti éta, Bahrain diwangun jeung ngalaman modérnisasi nu gancang. Hal ieu ngajadian sambungan Bahrain jeung Britania Raya leuwih hadé jeung dibuktian ku tambah lobana pangkalan-pangkalan Inggris anu pindah ka pulo éta.
Saenggeus Perang Dunya II, séntimén anti-Inggris nguat di wewengkon-wewengkon Arab jeung nyababkeun karusuhan di Bahrain. Dina éra 1960-an, Inggris masihan Bahrain ka Arbitrase internasional jeung ménta sangkan Sarikat Bangsa-bangsa mibogaan tanggung jawab. Dina taun 1970, Iran teterusan méntaan hakna ngeunaan Bahrain jeung pulo-pulo séjén di Teluk Pérsia, tapi salah sahiji pajangjian jeung Britania Raya, manéhna teras satuju pikeun heunteu nerusan piméntaanna ngeunaan Bahrain lamun piménta (Iran) lianna dikabulkeun. Britania Raya mundur ti Bahrain dina bulan Agustus 1971, ngajadian Bahrain sabagé hiji nagara 'merdika'.
Saenggeus Révolusi Islam Iran dina taun 1979, inohong Syiah Bahrain dina taun 1981 ngalaksanakeun parebutan pamaréntahan. Sanajan, manéhna gagal. Dina taun 1994, loba karusuhan dilaksanakeun ku kalompok Syiah nu teu puas jeung kaheunteuadilan pamaréntahan.
Dina bulan Maret 1999, Hamad ibn Isa al-Khalifah ngaganti bapana salaku pupuhu nagara. Anjeunna ngalaksanakeun raloba parobahan, di antarana; ngabére hak pilih ka kaom awéwé jeung ngabébaskeun kabéh tahanan politik.
Bahrain nepi ka ayeuna mangrupakeun anggota Liga Arab.
[édit] Politik
Bahrain téh hiji nagara nu ngalaksanakeun sistem monarki konstitusional nu dipingpin ku raja, Syékh Hamad bin Isa Al Khalifah; pupuhu pamaréntahan, ayeuna Perdana Menteri Syékh Khalifah bin Salman Al Khalifah nu mingpin anggota kabinét nu lobana 15 urang. Bahrain ngagunakeun sistem dwi-perundangan nyaéta Déwan Piwakilan jeung Majelis Syura anu dipilih ku raja. Pamilihan umum diayakeun dina taun 2002 anggotana parlemén ngajabat opat taun hiji période.
Hak politik kaom awéwé di Bahrain miboga hiji kamajuan wanci awéwé dibéré hak pikeun milih jeung tanding di pamilu nasional dina kahiji kali dina pamilu taun 2002. Sanajan teu aya awéwé anu kapilih jeung mibanda korsi dina pamilihan nu didominasi ku Shyah jeung Sunni. Sabagé kompénsasina, genep urang calon awéwé diistrénan salaku anggota ti Majelis Syura, sakalian ngawakilkeun komunitas Yahudi jeung Kristen nu aya di ditu. Menteri awéwé kahiji anu diistrénan di Bahrain nyaéta Dr. Nada Haffadh salaku Menteri Kaséhatan. Anjeunna diistrénan dina taun 2004.
Raja kakara ieu ngawangun Déwan Makamah Agung pikeun ngaturan pangadilan-pangadilan di nagara ieu jeung ngasahkeun pamisahan cabang administratif jeung hukum pamaréntahan.
[édit] Kagubernuran
Ti 3 Juli 2002, Bahrain dibagi kana 5 kagubernuran. Satacanna, nagara ieu dibagi kana 12 kotamadya.
[édit] Ékonomi
Kusabab Bahrain aya di wewengkon anu kadar panambahan harga minyakna luhur, paningkatan ékonomi Bahrain mangrupakeun anu panggancangna dina Januari 2006 dumasar kana Komisi Ékonomi jeung Sosial Sarikat Bangsa-Bangsa pikeun Asia Tengah. Bahrain miboga pasaran ékonomi ogé nu pangbébasna di Wétan Tengah dumasar kana Indeks Kabebasan Ékonomi 2006 kaluaran Heritage Foundation, jeung aya dina tingkatan ka-25 ékonomi nu pangbébasna di dunya.
Pangasilan utama di Bahrain asalna ti produksi jeung pamrosésan minyak, jeung kira-kira 60 persén mangrupakeun pangasilan ti ékspor, 60 persén pikeun pamaréntahan, jeung 30% ti total GDP. Kaayaan ékonomi Bahrain ngafluktuasi ogé sajalan perobahan harga minyak dina taun 1985, contona, dina jeung saenggeus krisis Perang Teluk dina 1990-91, jeung fasilitas komunikasi jeung transportasina nu maju, jadina Bahrain dijadikeun tempat pilihan pikeun ngawangun pausahaan-pausahaan multinasional nu bisnis di teluk Pérsia.
[édit] Géografi
Bahrain umumna kapuloan nu rata jeung sagara, keusik miboga dataran sagara keusik nu handap. Wewengkon pangluhurna di Bahrain nyaéta Jabal ad-Dukhan, luhurna 122 méter. Bahrain miboga usum tiis nu iuh jeung usum panas anu temperaturna luhur jeung baseuh.
Sumber alam Bahrain kaasup jumlah minyak atah jeung gas nu gedé, salian cadangan lauk nu nyukupan ti 1% wewengkonna. Sagara keusik kira-kira mangrupa 92% ti saluruh Bahrain. Usum panas nu panjang jeung badai keusik téh bencana alam utama pikeun populasi Bahrain.
Luas total Bahrain 620 km² (239 mi²), saeutik leuwih gedé ti Isle of Man, sanajan saeutik leuwih leutik ti Palabuan Udara Raja Fahd di Dammam, Arab Saudi (luasna 780 km²). Bahrain mangrupakeun nagara kapuloan nu kawangun ti 33 pulo, teu boga wates darat jeung nagara lain, tapi boga 161 kilométer (528 mil) wates garis basisir jeung ngaklaim 12 mil wates laut jeung 24 mil laut (44 km) zona tambahan.
[édit] Démografi
Agama resmi Bahrain nyaéta Islam, jeung mayoritas populasina ngagem ajaran Islam. Sanajan, sajalan ayana kadatangan pandatang jeung pagawé non-Islam kawas ti Pilipina jeung Sri Lanka, perséntase masarakat Muslim di nagara ieu nurun drastis dina taun-taun kiwari. Dumasar kana sénsus dina taun 2001, 81,2% populasi Bahrain téh Muslim, 9% Kristen, jeung 9,8% ngagem ajaran lian. Dua per tilu populasi Bahrain diwangun ku masarakat Arab, ari nu lian mangrupakeun pandatang jeung pagawé ti nagawa kawas Iran, Asia Kidul, jeung Asia Kidul-Wétan.[rujukan?]
Masarakat ayeuna kéngin diklasifikasian salaku Al-Khalifa, kabilah Arab anu ngiji jeung Al-Khalifa, masarakat Baharnah (Syiah Arab), masarakat Howilla (Sunah Arab ti Persia), Sunah Arab (ti taneuh gedé), Ajam (Syiah Pérsia), masarakat India nu dagang jeung Bahrain jeung nyicingan di ditu satacan dipanggihannana minyak (satacan ieu dikenal salaku Banyan), kalompok masarakat Yahudi nu leutik, jeung masarakat-masarakat lian.
[édit] Budaya
Sanajan Manama salaku pusat kota modérn pisan, budaya nu aya dina lembur di pulo-pulo lian (sanajan masih kénéh bagian ti Manama) tetep tradisional pisan. Awéwé nutup diri ngagunakeun jubah ti mastaka nepi ka suku, jeung wisatawan dipéntaan pikeun ngagunakeun rok panjang jeung baju ngojay nu katutup.
Populasi Bahrain 85% Muslim jeung Islam mangrupakeun agama nagara. Basa Arab mangrupakeun basa resmi, tapi basa Inggris jeung basa India kawas Hindi, Malayalam, Tamil, Telugu ogé digunakeun.
Karajinan tradisional dilanjutkeun dina sababaraha di Bahrain: dhows (parahu pamayang) diwangun di paminggir Manama jeung Muharraq, kaén ditinun di Bani Jamrah jeung gagarabah dijieun di A'ali. Saeutik kamasan nu masih operasi di wewengkonan Manama, sanajan loba gawé nu dilaksanakeun di nagara lian. Salah sahiji budaya utama Bahrain nyaéta ngarot kopi Arab. Street food tradisional Arab kawas shawarma jeung desserts kawas baklawa jeung halwa ogé gampang dipanggihannana.
[édit] Basa
Basa Arab mangrupakeun basa resmi Bahrain. Dua dialék utama nyaéta Dialék Arab Baharna, digunakeun ku masarakat Syiah Baharna, jeung Dialék Arab Teluk digunakeun ku masarakat Sunah Waljamaah. Basa Pérsia, Basa Urdu, Basa Inggris, jeung Basa Malayalam digunakeun ogé ku sabagian populasi Bahrain.
[édit] Dinten peré umum
| Kaping | Parayaan | Katerangan |
|---|---|---|
| 1 Januari | Taun Anyar | - |
| 1 Méi | Dinten Buruh | |
| 16 Désémber | Dinten Kabangsaan | - |
| 17 Desember | Dinten Pangistrénan | - |
| kaping bisa robah | Dinten Raya 'Idul Adha (4 dinten) | |
| kaping bisa robah | Dinten Raya 'Idul Fithri (3 dinten) | Ngarayaan ahirna bulan Ramadhan |
| kaping bisa robah | Taun Anyar Hijrah/ Awal Muharram | Taun Anyar Islam |
| kaping bisa robah | Isra' Mi'raj | Ngarayaan kajadian Isra' Mi'raj |
| kaping bisa robah | Dinten lahirna Nabi Muhammad SAW | Maulidur Rasul |
| kaping bisa robah | Asyura (2 dinten) |
[édit] Pariwisata
Bahrain geus jadi tempat tujuan wisata nu katelah ka pandatang nu nyicingan di nagara-nagara sakurilingna. Tapi, ti 5000 taun diwangunna Bahrain sabagé dayeuh kolot kabudayaan Dilmun ngabuktian yén Bahrain ti baheula geus jadi magnét wisatawan. Tempat-tempat wisata kaasup situs sajarah kawas istana jeung kompléks arkéologi Qalat Al Bahrain (asup kana daptar situs warisan sajarah UNESCO), puluhan rébu kuburan kuna wanci Dilmun, mall jeung pasar, sarta basisir, hotél, jeung spa.
[édit] Atikan
Sababaraha rupa institusi atikan jeung sakola internasional diwangun di Bahrain, salah sahijina nyaéta Univérsitas De Paul ti Amérika Sarikat. Dina awal abad ka-20 sakola-sakola pangaosan Al-Quran (Kuttab) hungkul nu mangrupakeun rupa atikan di Bahrain. Sakola-sakola ieu diwangun pikeun ngadidik barudak jeung generasi anom cara maca Al-Quran jeung ngaos. Saenggeus Perang Dunya I, kaayaan ngarobah jeung Bahrain jadi kabuka dina narima sistem atikan ala Kulon.
Taun 1919 nandaan dimimitiannana sistem sakola umum nu modérn di Bahrain. Sakola lalaki Al-Hidayah Al-Khalifa dibuka di Muharraq. Dina taun 1926, Komite Atikan geus muka sakolah awam lalaki kadua di Manama. Dina taun 1928, sakola umum kahiji pikeun awéwé dibuka di Muharraq.
Institut Paguruan Luhur kahiji di Bahrain nyaéta Gulf Polytechnic (Politeknik Teluk) diwangun dina taun 1968. Dina taun 1986, Gulf Polytechnic ngagabung jeung Univérsitas Kasenian, Sains, jeung Atikan (diwangun dina taun 1979) jadi Univérsitas Bahrain.
[édit] Tempo ogé
[édit] Tumbu luar
Tingali ogé Bahrain di Wikitravel
- Undang-undang Administrasi Bahrain
- {{{1}}}Situs resmi
- (en)Voice of Bahrain
- (en)Pitulung Pariwisata Bahrain
|
|||||||||||||
|
|||||
|
|||||||||||
