Bajidoran

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Bajidoran nyaéta salah sahiji kasenian rahayat anu mekar di daérah laut, kulon Jawa Barat hususna di daérah Subang jeung Karawang. Gending anu mirigna nyaéta sarupaning gamelan nu umumna ngagunakeun laras saléndro.

Ieu kasenian mindeng digelarkeun ku pupuhu atawa pamangku hajat Keur mirig kariaan (kalahiran orok, sunatan, kawinan) atawa acara sukuran jeung sajabana anu aya kakaitan jeung upacara (hajat bumi, panén, jeung sasambat ngadatangkeun hujan, bebérésih désa, jeung sajabana). Daya tarik anu ngirut kana ieu kasenian nyaéta salah sahijina dina tukang ngibingna nyaéta sindén atawa ronggéng, anu dibarengan ngibingna ku para bajidor (istilah keur jelma anu resep ngibing di pakalangan atawa anu mesen lagu ka sinden bajidor jeung méré duit sawéran). Ku kituna kasenian ieu téh dingaranan kliningan atawa bajidoran. Tina ésistensina, aya tilu golongan kelompok sosial anu ngarojong nyaéta sindén atawa ronggéng anu jadi daya pamikat dina pagelaran, bajidor anu jadi panongton anu bakal méré sawéran, jeung pamangku hajat anu ngayakeun pagelaran. Dina praktékna sindén jago pisan ngaggoda tur ngolo bajidor pikeun miceunan duit. Maranéhna nyebut-nyebut ngaran bajidor dina sela-sela lagu pikeun ngarayu atawa ngaliwatan gerak awak dina ngagitekna, imut, teuteup soca, jeung sajabana. ku kituna bajidor bakal ngaluarkeun duit teu eureun-eureun nepi ka béakna. Inténsitas kahadiran bajidor di panggung ngabogaan macem-macem motivasi saperti harga diri, némbongkeun kamampuan ékonomi, hayang kapuji, jeung napsu pikeun ngawasaan éta sindén atawa ronggéng, malihan bisa nepi mopohokeun kanu jadi anak istri. Kakuatan suprunatural nu ya dina awak sindén tungtungnamah kabuktian dina luhur panggung. Percaya ataw heunteu buktina loba bajidor anu mindeung datang tur ka sengsem ku sindén atawa ronggéng. Interiaksi antara bajidor jeung diwangun ngaliwatan simbol-simbol saperti jaban, egot, jeung ceblokan. jaban mangrupa nyawér duit pikeun ngadeukeutan. Egot mangrupa nyawér sindén kalawan bajidorna geus resepen biasana katinggali dina silih cekelan leungen silih neuteup ka ronggéng atawa sindén pilihan bajidor. Ceblokan mangrupa nyawér ronggéng atawa sindén kalayan kursaurang jeung geus miboga hubungan anu khusus atawa janji jeung teu meunang di ganggu ku bajidor anu séjénna. Hal ieu nyiptakeun kontrovérsi lamun di langgar saperti dimuat Pikiran Rakyat (12 Juni 2008).

Asal kecap[édit | édit sumber]

Kecap bajidor asal-usulna ti daérah Subang, Jawa Barat nu kasohor mangrupa singgetan tina “barisan jiwa doraka”, nu ngagambarkeun yén anu resep kana kasenian kliningan atawa bajidoran ieu téh loba ngahalalkeun sagala cara dina pagelaran, mimiti tina miceunan duit, nginum inuman keras, jeung ngarayu sarta ngéksprésikeun hasrat ka para sindén atawa ronggéng. Numutkeun béjamah kecap bajidor datang ti H. Hilman(alm) mantan lurah Pangaden nu resep pisan kana kasenian bajidor ieu tuluy ngajatukrami jeung sindén anu kasohor mangsa harita jenenganna Cucun Cunayah. Akronim bajidor anu teu éleh sinina nyaéta Abah Haji Ngador, lantaran lobana haji nu ngabajidor. Sedengkeun numutkeun rekaman lagu sunda Tan Deseng bajidor mangrupa akronim tina banjét, tanji, jeung bodor.