Bangkong

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Bangkong
Bangkong Héjo (Litoria caerulea)
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Animalia
Phylum: Chordata
Class: Amphibia
Order: Anura
Merrem, 1820
Subordo

Archaeobatrachia
Mesobatrachia
Neobatrachia
-
Daptar famili Anura

Bangkong mangrupakeun ngaran umum pikeun ampibi ordo Anura. Bangkong sawawa dicirikeun ku suku tukangna nu panjang, awakna pondok, ramo selaputan, sarta panonna nolol. Kalolobaan bangkong biasa hirup di dua alam, semi-akuatik, tapi lincah di darat ku cara ngaclog jeung nérékél. Biasana ngendog dina balong, situ, ranca, kusabab larvana, buruy, tumuwuh dina cai. Bangkong sawawa hirupna karnivora, utamana ngahakan artropoda, annelida, jeung Gastropoda. Paling gampang kanyahoan mun disada, utamana dina mangsa jalangan.

Bangkong sumebar ti wewengkon tropis nepi ka subantartika, tapi lolobana mah aya di leuweung hujan tropis. Bangkong mangrupakeun golongan vertebrata nu panglobana, kabagi kana sahanteuna 5000 spésiés. Najan kitu, populasina kiwari beuki ngurangan.

Taksonomi[édit | sunting sumber]

Ordo Anura ngawengku 5.250-an spésiés dina 33 famili, di antarana Leptodactylidae (1100 spp.), Hylidae (800 spp.) jeung Ranidae (750 spp.). Leuwih ti 80% spésiés ampibi téh kaasup kana golongan bangkong.

Tina jihat taksonomi, sakabéh anggota ordo Anura téh disebutna bangkong, sedengkeun sapopoé mah nu disebut bangkong téh leuwih nujul ka "bangkong korodok", anggota famili Bufonidae, nu leuwih loba hirup di darat, teu kaasup bancét (nu loba hirup na cai) jeung cakung (hirup na tatangkalan).

Bangkong dibagi kana tilu subordo: Archaeobatrachia (nu ngawengku opat famili bangkong primitip), Mesobatrachia (nu ngawengku lima famili bangkong évolusionér panengah), jeung Neobatrachia (golongan panggedéna nu ngandung 24 famili bangkong "modéren"). Neobatrachia salajengna dibagi kana Hyloidea jeung Ranoidea[1]. Klasifikasi ieu dumasar kana fitur morfologis kayaning jumlah vertebrae, struktur pectoral girdle, jeung morfologi buyur. Najan klasifikasi ieu sacara umum ditarima, pancakaki antar familina mah masih diaduregengkeun. Studi genetika molekulér salajengna dipiharep bisa méré jalan pikeun nangtukeun pancakaki famili-famili bangkong ieu[2].

Sababaraha spésiés bangkong bisa ngalaman hibridisasi. Misalna, Rana esculenta mangrupakeun hibrid R. lessonae jeung R. ridibunda.

Morfologi jeung fisiologi[édit | sunting sumber]

Salaku ampibi, morpologi bangkong mah kaasup ahéng. Mun dibandingkeun jeung ampibi lianna, misalna salamander jeung caecilia, bangkong béda kusabab teu buntutan mun geus sawawa sarta sukuna leuwih cocog pikeun ngaclog batan leumpang. Pisiologi bangkong sacara umum mah sarupa jeung ampibi séjén (sarta béda ti vertebrata darat lianna) sabab oksigén bisa nembus kulitna nu perméabel pisan. Fitur ahéng ieu jadi pakarang bangkong pikeun "ngarénghap" ngaliwatan kulit. Kusabab oksigén leyur dina lapisan cai dina kulitna sarta lajeng nembus kana getihna, kulit bangkong téh salawasna kudu baseuh/lembab; balukarna, bangkong jadi gampang karacunan ku lingkunganana, nu bisa baé milu leyur dina cairan na kulitna lajeng asup kana aliran getih.

Biologi[édit | sunting sumber]

Daur hirup bangkong, sakumaha ilaharna ampibi, diwangun ku opat hambalan: endog, buyur, métamorfosis, jeung sawawa. Nalika geus manggih pitempateun melak endog, bangkong jalu biasana disada pikeun ngirut bikangna kangkan datang ka éta tempat. Aya sababaraha spésiés bangkong nu sok ngajaga endogna, malah nepi ka geus jadi buyur.

Ti endog nepi ka sawawa[édit | sunting sumber]

Endog bangkong
10 poé: buruy
8–12 minggu: Buruy sukuan = bangkong buntutan
12–16 minggu: sawawa

Daur hirup bangkong dimimitian tina endog. Lolobana mah ieu endog téh dipelak dina cai, sakalina bisa ngandung rébuan endog. Mangsa ngendog téh biasana mah bareng, sahingga mun dihakan prédator gé, sahanteuna bakal nyésa, da kaburu wareg; buyurna ogé loba kénéh nu ngadodoho, tapi sahanteuna geus bisa ngojay pikeun nyalametkeun manéh. Aya ogé bangkong nu ngendog dina dangdaunan luhureun cai, naplok, sahingga mun geus megar, buyurna langsung murag kana cai. Spésiés bangkong séjénna, nu ngendog di darat, bisa ngarasakeun geleserna prédator (misalna oray), sarta megar saméméh waktuna pikeun ngejat tina pamangsa[3]. Bufo marinus mah béda deui, ieu bangkong ngaluarkeun endog nu ngandung racun. Najan hambalan endog ieu rupa-rupa gumantung spésiés jeung lingkunganana, endog bangkong cai mah ilaharna megar dina jangka saminggu.

Samegarna tina endog, buruy téh hirup na cai, tanpa suku, tapi boga buntut nu dipaké pikeun ngojay. Buruy mah hérbivora, utamana ngahakan ganggang, kaasup diatom nu disaring tina cai ngaliwatan insangna, tapi aya ogé nu karnivora, ngahakan serangga atawa buruy jeung lauk nu leuwih leutik. Buruy kudu bajoang antara silih hakan jeung dimangsa prédator lianna. Buruy aya ogé nu ngandung racun. Lilana jadi buruy téh rupa-rupa, ti saminggu nepi ka sataun, sabab métamorfosisna kapegat ku usum tiris.

Dina panungtung hambalan, buruy ngalaman métamorfosis, transisi ka bentuk sawawa. Métamorfosis ngawengku parobahan morpologi jeung pisiologi, nyaéta tumuwuhna suku tukang, suku hareup, leungitna insang, sarta mekarna bayah. Peujitna mondokan sabab ngised tina hérbivora jadi karnivora, panonna ngised sacara rostral jeung dorsal, sahingga tetempoanana jadi binokulér. Parobahan posisi panon bangkong nunjukkeun parobahan tina mangsa jadi pamangsa. Salajengna, hambalan ahir kamekaran bangkong ngawengku apoptosis (program paéh sél) jeung ngelokna buntut.

Sanggeus métamorposis, bangkong ngora aya nu nyebar di habitat darat ninggalkeun cai, aya ogé nu tetep cicing di habitat cai. Ampir sakabéh spésiés bangkong karnivora, ngahakan invertebrata kayaning artropoda, annelida, jeung gastropoda. Sababaraha spésiés nu badag kadang ngahakan mamalia leutik, lauk, jeung bangkong nu leuwih leutik. Aya nu ngamangsa maké létahna nu cepel pikeun néwak mangsa nu gesit, aya ogé nu maké 'leungeun'na pikeun nyamualkeun mangsa kana sungutna. Lian ti ngamangsa, aya ogé bangkong nu kahakanan utamana tutuwuhan[4].

Bangkong mangrupakeun mangsa manuk, lauk badag, oray, careuh, jeung sato lianna. Manusa ogé aya nu beuki bangkong (ukur sababaraha spésiés bangkong, baca bab tatanén di handap).

Baranahan[édit | sunting sumber]

Nalika nincak sawawa, biasana mah bangkong téh sok balik deui ka tempat megarna, sahingga bisa jadi migrasi taunan rébuan bangkong.

Bangkong korodok (Bufo bufo) keur ampléksus

Mun geus aya di tempat kawin, bangkong jalu disada pikeun ngirut bikangna.

Sebaran jeung status konservasi[édit | sunting sumber]

Bangkong emas (Bufo periglenes) - panungtung katempo taun 1989

Bangkong téh aya di mana-mana, iwal di Antartika jeung pulo-pulo tengah sagara; panglobana mah di wewengkon tropis, sabab cocog jeung kaayaan kulitna nu butuh loba cai. Aya éta ogé bangkong nu hirup dina keusik nu carang caina, tapi ieu mah geus adaptasi sacara husus. Genus Australia Cyclorana jeung Amérika Pternohyla bakal ngubur manéh dina taneuh, nyieun kepongpong nu teu tembus cai, sarta hibernasi salila halodo. Mun geus hujan, sakadang bangkong kakara kaluar, terus néang situ/balong pikeun kawin/baranahan. Kamekaran endog jeung buyurna gancang pisan dibanding bangkong lianna, sahingga pas halodo deui téh geus sawawa. Aya sababaraha bangkong nu bisa hirup di nu tiis, kayaning Bangkong Kai nu hirup di wewengkon Kutub, nu ngubur manéh dina taneuh nalika usum tiris dina kaayaan méh sakujur awakna beku.

Rujukan nu disebut[édit | sunting sumber]

  1. ^ Emerson, S.B., Diehl, D. (1980). "Toe pad morphology and mechanisms of sticking in frogs". Biol. J. Linn. Soc. 13 (3): 199-216.
  2. ^ (2002). "New and poorly known parachuting frogs (Rhacophoridae : Rhacophorus) from Sumatra and Java". Herpetological Monographs 16: 46-92.
  3. ^ Saporito, R.A., H.M. Garraffo, M.A. Donnelly, A.L. Edwards, J.T. Longino, and J.W. Daly (2004). "Formicine ants: An arthropod source for the pumiliotoxin alkaloids of dendrobatid poison frogs". Proceedings of the National Academy of Science 101: 8045-8050.
  4. ^ Smith, B. P., Tyler M. J., Kaneko T., Garraffo H. M., Spande T. F., Daly J. W. (2002). "Evidence for biosynthesis of pseudophrynamine alkaloids by an Australian myobatrachid frog (pseudophryne) and for sequestration of dietary pumiliotoxins". J Nat Prod 65 (4): 439-47.
  5. ^ Myers, C.W., J.W. Daly (1983). "Dart-poison frogs". Scientific American 248: 120-133.
  6. ^ Savage, J. M. (2002). The Amphibians and Reptiles of Costa Rica, University of Chicago Press, Chicago.
  7. ^ Duellman, W. E. (1978). "The Biology of an Equatorial Herpetofauna in Amazonian Ecuador". University of Kansas Museum of Natural History Miscellaneous Publication 65: 1-352.
  8. ^ VanCompernolle, S. E., R. J. Taylor, K. Oswald-Richter, J. Jiang, B. E. Youree, J. H. Bowie, M. J. Tyler, M. Conlon, D. Wade, C. Aiken, and T. S. Dermody (2005). "Antimicrobial peptides from amphibian skin potently inhibit Human Immunodeficiency Virus infection and transfer of virus from dendritic cells to T cells". Journal of Virology 79: 11598-11606.
  9. ^ Warkentin, K.M. (1995). "Adaptive plasticity in hatching age: a response to predation risk trade-offs". Proceedings of the National Academy of Sciences 92: 3507-3510.
  10. ^ Silva, H. R., Britto-Pereira M. C., & Caramaschi U. (1989). "Frugivory and Seed Dispersal by Hyla truncata, a Neotropical Treefrog". Copeia 1989(3): 781–783.
  11. ^ Phillipe, G., Angenot L. (2005). "Recent developments in the field of arrow and dart poisons". J Ethnopharmacol 100(1-2): 85-91.
  12. ^ Crump, M.L. (1996). "Parental care among the Amphibia". Advances in the Study of Behavior 25: 109-144.
  13. ^ Stuart, S.N., J.S. Chanson, N.A. Cox, B.E. Young, A.S.L. Rodrigues, D.L. Fischman, and R.W. Waller (2004). "Status and trends of amphibian declines and extinctions worldwide". Science 306: 1783-1786.
  14. ^ Phillips, Kathryn (1994). Tracking the Vanishing Frogs, New York: Penguin Books. ISBN 0-14-024646-0.
  15. ^ Roy, Debjani (1997). "Communication signals and sexual selection in amphibians". Current Science 72: 923-927.
  16. ^ Ford, L.S., D.C. Cannatella (1993). "The major clades of frogs". Herpetological Monographs 7: 94-117.
  17. ^ Faivovich, J., C.F.B. Haddad, P.C.A. Garcia, D.R. Frost, J.A. Campbell, and W.C. Wheeler. "Systematic review of the frog family Hylidae, with special reference to Hylinae: Phylogenetic analysis and taxonomic revision". Bulletin of the American Museum of Natural History 294: 1-240.
  18. ^ http://newton.nap.edu/html/biomems/rbriggs.html
  19. ^ "Developing the potential of Xenopus tropicalis as a genetic model" (HTML). Diakses pada 9 Maret 2006. 
  20. ^ "Joint Genome Institute - Xenopus tropicalis Home" (HTML). Diakses pada 3 Maret 2006. 

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Frog, Wikipédia édisi basa Inggris (27 Maret 2006)
  • Cogger, H.G., R.G. Zweifel, and D. Kirschner (2004). Encyclopedia of Reptiles & Amphibians Second Edition, Fog City Press. ISBN 1-877019-69-0.
  • Estes, R., and O. A. Reig. (1973). "The early fossil record of frogs: a review of the evidence." pp. 11-63 In J. L. Vial (Ed.), Evolutionary Biology of the Anurans: Contemporary Research on Major Problems. University of Missouri Press, Columbia.
  • Holman, J. A (2004). Fossil Frogs and Toads of North America, Indiana University Press. ISBN 0-253-34280-5.
  • Tyler, M. J. (1994). Australian Frogs A Natural History, Reed Books. ISBN 0-7301-0468-0.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]


Nulis.jpg