Baso
Baso tina basa cina nya éta angeun dibukuran emi atawa mihun maké daging baruleud sagedé-gedé kaléci[1].
[édit] Cara Nyieun Baso
-
- Bahan utamana nyieun baso nya éta daging sapi 1 kg, 1/4 kg tipung sagu, 1 sdt baking soda, jeung 3 siki endog katut ditambahan es batu[2].
- Bahan-bahan baso anu dilemeskeun nya éta 4 siki bawang beureum,4 siki bawang bodas, uyah jeung pécin saperluna nepi ka karasa pas, gumantung kana selérana bisa ogé ditambahan lada saperluna[2].
- Cara Nyieun Baso [2]:
1. Campurkeun daging sapi,sagu jeung baking soda, endog sarta bungbu anu geus dilemeskeun, tuluy giling nepi ka lemes, bari ngagiling tambahan ku és batu saeutik-saeutik nepi kal lemes tuluy rawatan.
2. Naheur cai dina panci nepi ka ngagolak, tuluy adonan baso nu tadi dibuleud-buleudkeun sakahayang tuluy asupkeun kana cai anu ngagolak téa, tungguan nepi ka basona ngararambang tuluy tiiskeun.
- Bahan-bahan jang ngabungbuan cai baso nya éta cai saperluna (ci kaldu tulang sapi), 1 sdm ebi (udang garing),1 sdt lada, 2 siki bawang bodas,pécin, uyah saperluna[2].
- Cara nyieu cai baso[2] :
1. kabéh bahan-bahan nu tadi dilemeskeun tuluy tumis maké minyak saeutik nepi ka seungit tuluy tambahan cai atawa kaldu sapi anu geus ngagolak saméméhna pamungkas asupkeun baso[2].
2. sabada éta siapkeun mangkok sarta mie konéng, soun atawa bihun, sawi héjo tuluy asukeun baso jeung caina, tong poho tambahan ku saos,kecap jeung sambel[2]
[édit] Referensi
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |