Bedug

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
bedug di keraton
bedug di keraton

Bedug mangrupa sajenis kendang gedé jeung panjang (panjangna leuwih ti diaméterna) aya anu dijieun tina kai, aya ogé anu dijieun tina watang kai golondongan ku cara dibolongan, bentukna aya nu silinder aya nu cembung simetris.[1]

Bedug mangrupa pakakas musik tradisional anu geus dipaké saprak mangrébu-rébu taun ka tukang, anu mibanda fungsi minangka pakakas komunikasi tradisional, boh dina kegiatan ritual kaagamaan boh pulitik.[1] Di Indonesia, hiji bedug dawam dipaké pikeun méré béja ngeunaan waktu shalat .[1] Bedug dijieun tina batang kai badag atawa tangkal enau sapanjang kira-kira saméter atawa leuwih.[1] Bagian tengah batang dibolongan ku kituna ngawangun tabung badag.[1] Tungtung batang anu ukuranana leuwih badag ditutup ku kulit sato anu boga fungsi pikeun selaput kendang.[1] Lamun ditabeuh, bedug ngabalukarkeun sora beurat, bernada has,rendah, tapi bisa kadéngé nepi ka jarak anu cukup laér.[1]

Fungsi Bedug[édit | édit sumber]

bedug di masjid
  • Fungsi sosial: bedug boga fungsi minangka pakakas komunikasi atawa petanda kegiatan masarakat, mimitian ti ibadah, nandaan bahaya, nepi ka petanda ngariungna masarakat.[1]
  • Fungsi estetika: bedug boga fungsi dina tumuwuhna dunya kréatif, konsép, sarta budaya material musikal.

Sajarah[édit | édit sumber]

bedug
bedug

Bedug sok dikaitkeun kalawan média komunikasi jaman baheula.[2] Aya pamadegan talari bedug dikaitkeun jeung budaya Cina,ayana Bedug dikaitkeun kalawan ekspedisi pasukan Cheng Ho abad ke-15.[2] Laksamana utusan kekaisaran Ming anu Muslim éta hayangeun sora bedug di masjid-masjid, kawas halna pamakéan pakakas sarupa di kuil-kuil Budha di Cina.[2] Aya ogé pamadegan bedug asalna ti talari drum Cina anu menyebar ka Asia Barat, saterusna asup Nusantara.[2] Tapi nurutkeun Drs M Dwi Cahyono, arkéolog ti Universitas Nagari Malang anu ngalakonan studi bedug di Jawa dina mangsa prasejarah, nini moyang urang ogé geus mikawanoh nekara sarta moko, sajenis genderang ti parunggu. Pamakéanana nyambung jeung religi ménta hujan.[2] Kecap Bedug ogé geus disinggung dina kidung Malat, hiji karya sastra ngawangun kidung.[2] Susastra kidung ngeusi carita-carita panji.[2] Umunya ditulis dina jaman Majapahit, ti waktu abad ka 14-16 Masehi. Dina Kidung Malat dijelaskeun, instrumen musik membrafaon bedug dibédakeun antara bedug badag anu dibéré ngaran teg-teg jeung bedug ukuran dawam.[2] Bedug dina mangsa éta boga fungsi minangka pakakas komunikasi sarta tanda wayah kawas perang, musibah alam, atawa hal ngadesek séjénna.[2] Cornelis De Houtman dina catetan lalampahanana D’eerste Boek jadi saksi ayana bedug anu geus ngalegaan dina abad ke-16.[2] Sabot komandan ekspedisi Walanda éta anjog di Banten, manéhna ngagambarkeun dina unggal parapatan jalan aya genderang anu digantung sarta dibunyikan maké iteuk paneunggeul anu ditempatkeun di gigireunana. Fungsina minangka tanda bahaya sarta tanda wayah ibadah.[2] Sanajan kitu, pangaruh Cina ogé henteu salah.[2] Ditilik ti sisi konstruksi, téknik pemasangan tali/pasak pikeun méré katkan selaput getar ka resonator dina bedug Jawa, jiga dina cara anu dipaké dina bedug di Asia Wétan kawas Jepang, Cina, atawa Koréa. Bukti séjén kasampak dina arca terakota anu kapanggih di loka Trowulan.[2] Arca-arca soldadu berwajah Mongoloid éta kasampak nabeuh tabang-tabang, sajenis genderang anu terpengaruh budaya timur tengah.[2] Kamungkinanana éta pisan instrumen musik anu dicoo jalma-jalma Cina Muslim di ibukota Majapahit.[2] Jadi, bedug bisa disebutkeun conto perwujudan akulturasi budaya waditra (pakakas musik membrafon, di mana sacara fisiografis lumangsung perpaduan antara waditra membrafon etnik Nusantara kalawan wadistra sajenis ti luar kawas India, Cina, sarta Barat Tengah.[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h (id)Hj.Patimah,spk. Ensiklopedi Sunda : Alam, Manusia dan Budaya termasuk Budaya Cirebonan dan Betawi. PT Dunia Pustaka Jaya. Jakarta 2000.
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p (id)Fungsi, sajarah, cara membuat bedug[tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 27 Oktober 2011)