Bhinneka Tunggal Ika

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Garuda Pancasila kalayan semboyan Bhinnéka Tunggal Ika

Bhinneka Tunggal Ika nyaéta semboyan Nagara Kesatuan Republik Indonésia anu ngandung harti “beda-beda tapi tetep hiji”.[1] Semboyan “Bhinneka Tunggal Ika” kapampang dina salambar pita anu diranggeum ku kadua suku manuk dadali, lambang Nagara Kesatuan Republik Indonésia.[1] Bangsa Indonésia diwangun kana ratusan sélér bangsa anu nyicingan rébuan pulo, sarta nyarita dina loba basa wewengkon.[2] Adat istiadat unggal sélér bangsana ogé béda-béda.[2] Kitu ogé jeung ageman sarta kapercayaanana.[2] Sanajan kitu, urang tetep ngahiji minangka hiji bangsa, nyaéta bangsa Indonésia.[2] Nempo kanyataan anu aya, pohara bener untayan Bhinneka Tunggal Ika anu ditulis dina lambang nagara Garudra Pancasila, sarta jadi smeboyan Bangsa Indonésia.[2] Kecap Bhinneka Tunggal Ika ieu dicokot ti buku Sutasma, karya Empu Tantular anu ditulis dina jaman Majapahit, abad ke-14.[2] Kecap anu asalna ti Basa Sansakerta ieu hartina: béda-béda, rupa-rupa wanda, tapi hiji jua.[2]

Hayam Wuruk[édit | sunting sumber]

Dina mangsa pamaréntahan Raja Hayam Wuruk, rahayat Majapahit kaeusi ti sagala rupa sélér bangsa anu nyokot agama nu béda-béda.[1] Kaanékarageman sélér sarta ageman kasebut dicicikeun ku Mpu Tantular di jero kitab Sutasoma jeung babasan “Bhinneka Tunggal Ika”.[1] Babasan ieu hartina yén sanajan rahayat Majapahit diwangun ti sagala rupa sélér bangsa sarta agama, tapi maranéhanana tetep hiji, nyaéta jadi rahayat Majapahit, anu tunduk ka raja.[1] Dina waktu éta, Hayam Wuruk maréntah sacara adil sarta wijaksana tampa ngabédakeun rahayatna.[1]

Simbol Persatuan[édit | sunting sumber]

Sajarah Indonésia geus nempokeun ayana masalah anatara unsur leungitna sarta sumanget “Bhinneka Tunggal Ika”.[1] Minangka nagara kesatuan, Indonésia henteu kungsi leupas ti sagala rupa usaha meupeus belah anu mementingkan kebinékaan sarta mentingkeun ketunggalikaan.[1] Dina mimiti mangsa kamerdékaan, baruntak anu ngarah ka disentegrasi bangsa loba kénéh nu jadi masalah.[1] Tapi, sawatara perbédaan anu aya di anatara wewengkon-wewengkon Indonésia, arék alatan agama, sipat kedaérahan, kabudayaan, sarta atikan henteu ngahalangan usaha persatuan.[1]

Kaanekarageman Rahayat Indonésia[édit | sunting sumber]

Pikeun ngagambarkeun kaanekarageman rahayat Indonésia anu diwangun ti sagala rupa jumplukan étnik sarta sélér bangsa, para pangadeg Republik Indonésia ngasahkeun babasan “Bhinneka Tunggal Ika” jadi semboyan nagara dina tanggal 17 Agustus 1950.[1] Unggal sélér bangsa kasebut miboga kasang tukang sajarah, sipat, sarta kabudayaanana sorangan.[1] Sajaba ti éta, kabhinnekaan Indonésia ogé ditandaan jeung kaayaan géografis Indonésia anu diwangun ti kira-kira 13.000 pulo badag sarta leutik.[1] Kadua unsur kebhinnekaan (sélér bangsa sarta kaayaan geografis) kasebut nyieun bangsa Indonésia gampang kana pipisahan.[1] Ku kituna, pamaréntah Indonésia usaha méh kaanekarageman kasebut bisa dihijikeun, tampa mindahkeun identitas unggal sélér bangsa.[1] Tiap sélér bangsa kaci ngamekarkeun kabudayaan sarta basana.[1] Kabéh éta ditempo minangka warisan kakayaan budaya anu kudu dimumulé.[1] Ku sabab éta, pamaréntah Indonésia ngasupkeun rumusan “tunggal ika” minangka doktrin wawasan nusantara.[1]

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r (id) Syukur, Abdul. dkk. 2005. Ensiklopedia Umum untuk Pelajar. PT Ichtiar Baru Van Hoeve
  2. a b c d e f g (id) Ensiklopedia Anak Nasional. 1989. PT Cipta Adi Pustaka. Kaca 79
Nulis.jpg