Bhutan
| འབྲུག་ཡུལ Druk Yul Karajaan Bhutan |
||||||
|---|---|---|---|---|---|---|
|
|
||||||
| Motto — |
||||||
| Lagu Druk tsendhen |
||||||
| Ibu kota (jeung kota panggedéna) |
Thimphu | |||||
| Basa resmi | Dzongkha, Inggris | |||||
| Pamaréntah | Monarki konstitusional, démokrasi | |||||
| - | Raja | Jigme Khesar Namgyel Wangchuck | ||||
| - | Perdana Menteri | Jigme Thinley | ||||
| Kamerdékaan | ||||||
| - | Diakuan | Ti India 8 Agustus 1949 |
||||
| Aréa | ||||||
| - | Total | 47.500 km² (128) mil² |
||||
| Populasi | ||||||
| - | Perkiraan 2005 | 2.232.291 (139) | ||||
| - | Sénsus 2002 | 2.094.176 | ||||
| - | Kapadetan | 45 /km² (123) /mil² |
||||
| GDP (PPP) | Perkiraan 2005 | |||||
| - | Total | US$2,91 miliar (162) | ||||
| - | Per kapita | US$3.330 (124) | ||||
| Mata uang | Ngultrum (BTN) |
|||||
| Zona wanci | (UTC+6) | |||||
| - | Usum panas (DST) | (UTC+6) | ||||
| TLD Internét | .bt | |||||
| Kode telepon | +975 | |||||
Bhutan mangrupakeun hiji nagara leutik di Asia Kidul nu mangrupa karajaan jeung katelah Nagri Naga Gélédég. Wewengkonna kacapit antara India jeung Républik Rahayat Cina. Ngaran lokal nagara ieu nyaéta Druk Yul, hartina "Nagara Naga". Di bandérana ogé aya gambar nagana.
Pamaréntahan nu dilaksanakeun ku kawasa monarki absolut réngsé wanci konstitusi nu anyar jeung pamilihan perdana menteri dilaksanakeun. Raja Jigme Singye Wangchuck nu mingpin ti taun 1972 ngabéwarakeun ngagelar pamilu taun 2008, bari turun tahta. Béwara diumumkeun di hareupan 8.000 tukang ngangon yak, biksu, patani, jeung murid pilemburan dina 18 Désémber 2005. Béwara disebarkeun liwat dintenan Kuensel. Saméméhna, raja ngenalkeun rarancang konstitusi jeung nyebatkeun pénsiun dina yuswa 65 taun. Ngeunaan ieu, sabagian rahayat tidak sependapat sabab hariwang bakalan aya praktik korupsi, kolusi, jeung nepotisme (KKN), tapi dina taun 2006, Sang Raja mundurkeun diri jeung digentosan ku putrana.
Daptar eusi |
[édit] Étimologi
'Bhutan' meureun diturunan ti kecap Sansekerta 'Bhu-Uttan भू-उत्थान)' nu hartina 'Taneuh Luhur'. Dina téori Sansekertanisasi lian, 'Bhots-ant भोट-अन्त' nu hartina 'juru Tibet' atawa 'kidul Tibet'. Tapi sababaraha urang Bhutan nyebat negri anjeunna 'Druk Yul' jeung populasina 'Drukpa'. Ngaran Dzongkha (jeung Tibet) pikeun negri ieu téh 'Druk Yul' (Taneuh Naga Gélédék).
Sajarahna, Bhutan dikenal dina laloba ngaran, kawas Lho Mon (Negri Kapoékan ti Kidul), Lho Tsendenjong (Negri Cendana ti Kidul), Lhomen Khazhi (Negri Opat Tujuan ti Kidul), jeung Lho Men Jong (Negri Landong Tutuwuhan ti Kidul).
[édit] Sajarah
Pakakas, pakarang, jeung titinggal ti batu ngabuktian yén Bhutan geus dicicingan ti awal 2000 SM. Para sajarawan geus néorian yén nagara Lhomon (harpiah, "kapoékan ti kidul"), atawa Monyul ("Taneuh Poék", rujukan kana Monpa, populasi asli Bhutan) geus aya antara 500 SM jeung 600 M. Ngaran Lhomon Tsendenjong (Negri Cendana), jeung Lhomon Khashi, atawa Mon Kidul (negri 4 tujuan) geus dipanggihan dina kronik Bhutan jeung Tibet kuna.
Kajadian katulis nu pangawalna di Bhutan nyaéta ngaliwatna inohong suci Buddha Padmasambhava (disebat ogé Guru Rinpoche) dina abad ka-8. Sajarah awal Bhutan teu terang, sabab salobaannana catetan geus musna saenggeus kahuruan di Punakha, ibu kota kuna dina 1827. Ti abad ka-10, kamekaran politik Bhutan dipangaruhan pisan ku sajarah religiusna. Sababaraha subsékte Buddha mucunghul nu disalindung ku laloba maharaja Mongol jeung Tibét. Saenggeus labuhna bangsa Mongol dina abad ka-14, subsékte-subsékte éta silihsihung pikeun suprémasi dina widang politik jeung agama, ahirnya ngakibatkeun naékna subsékte Drukpa di ahir-ahir abad ka-16.
Nepi ka abad ka-17, Bhutan aya salaku fiefdom nu silihperang nepi ka dihijikeun ku lama Tibet jeung pamingpin militér Shabdrung Ngawang Namgyal. Pikeun nahanan negrina ti panarajang nu saeutik-saeutik dilaksanakeun ku bangsa Tibét, Namgyal ngawangun hiji jaringan dzong (bénténg) nu kuat, jeung ngabéwarakeun kode hukum nu mitulungan mawa raja-raja satempat diparéntah dina pamaréntahan nu kapusat. Dzong éta loba nu masih kénéh aya. Saenggeus maotna Namgyal dina 1651, Bhutan aya dina kaayaan anarkis. Nyokot kauntungan ti karipuhan éta, urang Tibét narajangan Bhutan dina 1710, jeung deui dina 1730 ngagunakeun pitulung urang Mongol. Dua panarajangan éta geus hasil diéléhan, jeung gencatan pakarang ditandatanganan dina 1759.
Dina abad ka-18, Bhutan narajang jeung ngéléhan Karajaan Cooch Behar di kidul. Dina 1772, Cooch Behar ménta Pausahaan Hindia Timur Britania (British East India Company) nu nulungan manéhna dina ngusir urang Bhutan, jeung teras dina narajangan Bhutan dina 1774. Hiji pajangjian damai ditandatanganan di mana Bhutan satuju mundur ti watesannana saméméh 1730. Tapi, pajangjian éta ngalogor, jeung patempuran pawatesan jeung Inggris lumangsung nepi ka ratusan taun salajengna. Ahirna patempuran éta ngakibatkeun Perang Duar (1864–1865), konfrontasi tina manéhna nu rék ngawasaan urang Duar ti Benggala. Saenggeus Bhutan éléh perang, Pajangjian Sinchula ditandatanganan antara India Britania jeung Bhutan.
Dina 1870-an, pajoangan kakuatan antara lebak sihungan Paro jeung Trongsa ngakibatkeun perang sadulur di Bhutan, ahirnya ngakibatkeun naék tahtana Ugyen Wangchuck, ponlop (gubernur) Tongsa. Ti basis kakuataanna di Bhutan tengah, Ugyen Wangchuck ngéléhan para musuh politikna jeung ngahijian negri ieu nyusul sababawaha perang sadulur jeung pabaruntakan antara 1882–1885.
Dina 1907, taun penting di negri ieu, Ugyen Wangchuck dipilih tina sora pinuh salaku raja pusaka negri ieu ku majelis rahib Buddha, pajabat pamaréntahan, jeung kapala kulawarga penting. Pamaréntah Britania nyatujuan gancangna monarki anyar ieu, jeung dina 1910 Bhutan nandatanganan pajangjian nu ngajieun Britania Raya ‘mitulung’ urusan luar negri Bhutan.
Saenggeus India miboga kamerdékaan ti Britania Raya dina 15 Agustus 1947, Bhutan jadi salah sahiji nagara kahiji anu ngakuan kamerdékaan India. Saenggeus Britania ninggalan wewengkon ieu, hiji pajangjian nu méh sarua jeung nu di taun 1910 ditandatanganan dina 8 Agustus 1949 eujeung India nu karak merdéka.
Saenggeus Tantara Pabébasan Rahayat RRC asup ka Tibét dina taun 1951, Bhutan mibates watesan kalérna jeung mekarkeun sambungan bilateral jeung India. Pikeun ngirangan risiko gangguan RRC, Bhutan mimitian program modérnisasi anu didukung pinuh ku India. Dina 1953, Raja Jigme Dorji Wangchuck ngawangun badan panyieun UU di negri éta-Majelis Nasional nu anggotana 130 urang– pikeun ningkatan bentuk pamaréntahan nu leuwih démokratis. Dina 1965, anjeunna ngawangun Déwan Panasihat Karajaan, jeung dina 1968 anjeunna ngawangun kabinét. Dina 1971, Bhutan asup ka PBB, saenggeus miboga kadudukan panempo dina 3 taun. Dina Juli 1972, Jigme Singye Wangchuck naék tahta dina yuswa 16 saenggeus bapana, Dorji Wangchuck, maot.
Ti 1988, para imigran Nepal ogé imigran gelap geus ngadakwa Bhutan ngarempak HAM. Manéhna nyebutan yén pamaréntah Bhutan mibanda tanggung jawab dina kajahatan perang jeung kajahatan ka populasi minoritas nu ngagunakeun basa Nepalna. Sangkaan éta tetep teu kabukti jeung dipungkir tarikna ku Bhutan. Salobaannana para pangungsi éta nycingan di kamp pangungsian nu dijieun PBB di Nepal kidul-wétan di mana manéhna tetep di sana dina 15 taun.
Dina 1998, Raja Jigme Singye Wangchuck ngenalkeun réformasi politik signifikan, mindahkeun sabagian gedé kakawasaanna ka Perdana Menteri jeung ngizinan sauran pitanggungjawaban dina raja ku dua per tilu mayoritas Majelis Nasional. Di ahir 2003, tantara Bhutan bisa ngalaksanakeun operasi skala ageung pikeun meungpeukan para paripuh anti-India nu ngajalanan kamp palatihan di Bhutan kidul.
Dina 1999, Sang Raja ogé nyabut larangan TV jeung Internét, ngajieun Bhutan salah sahiji ti nagara pangahirna anu ngenalkeun TV. Dina biantarana, anjeunna nyebat yén TV mangrupakeun léngkah peryogi pikeun modérnisasi Bhutan sapertos sumbangan utama dina Bruto Kabagjaan Nasional negri ieu (Bhutan mangrupakeun ngan sahiji-hijina nagara nu ngukur kabagjaan) tapi ngingetan yén misalahgunakeun TV nu bisa ngagerus nilai-nilai tradisional Bhutan.
Hiji konstitusi anyar geus dikenalkeun dina awal 2005[1] nu bakal diratifikasi ku réferéndum saméméh digunakeun. Dina Désémber 2005, Raja Jigme Singye Wangchuck ngabéwarakeun yén anjeunna badé turun tahta dina 2008. Sang Raja bakal digentosan ku putrana, Jigme Khesar Namgyel Wangchuck. Tapi dina 2006, anjeunna geus turun tahta.
[édit] Géografi
Wewengkon kalér diwangun ku busur puncak pagunungan nu kaglasialkeun eujeung iklim nu tiis pisan dina kaluhuran pangluhurna. Salobaannana puncak di kalér leuwih ti 23.000 suku (7.000 m) lpl; titik pangtinggina disebat Kula Kangri, dina 24.780 suku (7.553 m), tapi studi topografi kaperinci nyebutkeun yén sakabéh Kula Kangri aya di Tibét jeung pangukuran RRC modérn nyebutkeun yén Gangkhar Puensum, nu istiméwa salaku pagunungan pangluhurna nu teu kataék di dunya, leuwih luhur ti 24.835 suku (7.570 m). Dikucuran ku walungan nu saljuan, lebak pagunungan luhur di wewengkon ieu nyadiakeun tegal jukut pikeun ingon-ingon, dipiara ku populasi pangangon migrator nu kirang.
Pagunungan Hideung di Bhutan keur ngawangun badan cai antara 2 sistem cai utama: Mo Chhu jeung Drangme Chhu. Puncak-puncak di Pagunungan Hideung luhurna antara 4.900 nepi ka 8.900 suku (1.500 jeung 2.700 m) lpl, jeung walungan nu ngucurna gancang geus ngawangun jungkrang nu jero di jajaran pagunungan nu leuwih handap. Leuweung di wewengkon tengah nyadiakan sabagian gedé produksi leuweung di Bhutan. Torsa, Raidak, Sankosh, jeung Manas mangrupakeun walungan-walungan utama di Bhutan, ngucur liwat wewengkon ieu. Salobaannana populasi aya di dataran luhur tengah.
Di kidul, Papasir Shiwalik ditutupan ku leuweung jeung teterusan ngaganti daun, lebak-lebak walungan dataran handap aluvial, jeung pagunungan saluhur 4.900 suku (1.500 m) lpl. Suku pasir nurun ka dataran Duar nu sipatna subtropis. Kalobaannana Duar aya di India, sanajan garisna ngalega 6–9 mil (10–15 km) ka Bhutan. Duar nua aya di Bhutan kabagi kana 2 bagian: Duar kalér jeung kidul. Duar kalér, nu tepung wates jeung suku pasir Himalaya, miboga dataran nu kasar jeung miring sarta taneuh nu garing jeung beulah sarta tutuwuhan nu carang jeung margasatwa nu loba. Duar kidul boga taneuh nu rada subur, jukut sabana nu loba, leuweung nu gomplok jeung nyampur sarta sumber cipanas. Walungan pagunungan, nu ti salju nu ngagibleg atawa hujan muson, ngucur ka walungan Brahmaputra di India. Data nu dikaluarkeun ku Kamenterian Tatanén nunjukkeun yén negri ieu miboga leuweung kira-kira 64% per Oktober 2005.
Iklim di Bhutan variasi dumasar kana kaluhuranna, ti subtropis di kidul nepi ka sedeng di dataran luhur jeung iklim tipe kutub, eujeung salju sataunan, di kalér. Bhutan ngalaman 5 usum nu béda: panas, muson, gugur, tiis, jeung semi. Hujan muson di Bhutan kulon leuwih nagebrét; usum panas di Bhutan kidul garing jeung panas sarta usum tiis nu tiis; Bhutan tengah jeung wétan iklimna sedeng jeung leuwih garing tina di kulon eujeung usum panas nu haneut jeung usum tiis nu tiis.
[édit] Ékonomi
Ékonomi Bhutan geus mekar gancangana kira-kira 8% dina 2005 jeung 14% dina 2006. Per Maret 2006, pangasilan per kapita Bhutan US$1.321, pangluhurna di Asia Kidul. Standar hirup Bhutan mekar jeung mangrupakeun salah sahiji nu pangalusan di Asia Kidul.
Ékonomi Bhutan nu basisna tatanén, kaleuweungan, jeung panjualan PLTC ka India. Tatanén nyadiakeun pagawéan pikeun leuwih ti 80% populasi. Praktik agraria salobaannana diwangun ku tatanén subsisten jeung panginguan sato. Karajinan tangan, hususna ngaput jeung produksi seni kaagamaan pikeun altar imah mangrupakeun industri alit bogaan rahayat jeung sumber sababaraha pangasilan. Kaayaan alam nu béda-béda ti pagunungan nu kasar ngajieun pawangunan jalan jeung infrastruktur lianna hésé jeung mahal. Hal éta, jeung teu boga aksés ka laut, ngakibatkeun Bhutan teu bisa miboga untung ti dagang nu signifikan ti produkna. Ayeuna Bhutan teu boga jalur karéta, sanajan Indian Railways ngarancang bakal ngubungkeun Bhutan kidul eujeung jaringanna nu lega dina pasatujuan nu ditandatanganan dina Januari 2005.[2] Jalur dagang baheula antara paguunungan Himalaya, nu nyambungan India ka Tibét, geus ditutup ti panyokotan militér kana Tibet dina 1959 (sanajan panyulusupan tetep mawa barang-barang RRC ka Bhutan).[rujukan?]
Widang industri kirang pisan, produksina kaasup rupa industri rakyat. Salobaannana proyék pawangunan, kawas konstruksi jalan, dumasar ku buruh kontrak India. Produk tatanén kawas béas, cabé, produk susu (yak) olahanna, soba, gerst, panénan akar, apel, jeung tangkal jeruk di kaluhuran handap. Industri séjén kawas semén, produksi kai, buah-buahan nu diprosés, inuman alkohol, jeung kalsium karbida.
Mata uang Bhutan, Ngultrum, ditumbukeun ka Rupee India. Rupee ogé ditarima salaku panawaran resmi di nagara éta. Pangasilan leuwih ti Nu 100,000 per taun dikeunaan pajak, tapi panarima buruh jeung gajih nu kacida leutikna pikeun menuhan sarat. Tingkat inflasi Bhutan kira-kira 3% dina 2003. Bhutan miboga Produk Doméstik Bruto kira-kira USD 2.913 miliar (diatur ka kasaimbangan daya beuli), ngajieun ékonominya panggedéna ka-162 di dunya. Pangasilan per kapita kira-kira US$1.400 (€1.170), ka-124. Jumlah pangasilan pamaréntah €122 miliar (US$146 miliar), sanajan jumlah ékspeditor €127 miliar (US$152 miliar). Tapi, 60%[3] ékspeditor anggaran balanja, dibiayaan ku Kamenterian Luar Negri India.[4] Ékspor Bhutan, hususnya listrik, kapulaga, gips, kai, karajinan tangan, semén, buah, batu mulia, jeung sahang, total €128 miliar (US$154 miliar) (pakiraan taun 2000). Tapi, impor jumlahna kira-kira €164 miliar (US$196 miliar), ngakibatkeun défisit. Barang utama nu diimpor kaasup bahan beuleum jeung minyak palumas, gabah, mesin, tutumpakan, pabrik, jeung sangu. Mitra ékspor utama Bhutan nyaéta India, kahitung kira-kira 87,9% barang éksporna. Bangladésh (4,6%) jeung Pilipina (2%) mangrupakeun mitra ékspor pangpentingna saenggeus India. Ku sabab watesna jeung Tibét ditutup, dagang antara Bhutan jeung RRC méh euweuh. Mitra impor Bhutan nyaéta India (71,3%), Jepang (7,8%), jeung Austria (3%).
Dina nanggapan pituduh dina 1987 ku hiji wartawan ti Financial Times (Britania Raya) yén kamekaran di Bhutan lambat, Sang Raja nyebatkeun yén "Kabagjaan Nasional Bruto leuwih penting ti Produk Doméstik Bruto." [5] Hal ieu méré tanda pamanggihan kiwari ku para psikolog ékonomi Kulon, kaasup panarima Nobel 2002 Daniel Kahneman, nu narosan hubungan antara tingkat pangasilan jeung kabagjaan. Éta nandaan komitmenna pikeun ngawangun ékonomi nu cocog jeung budaya Bhutan nu unik, dumasar kana nilai-nilai spiritual agama Buddha, jeung geus dilaksanakeun salaku visi kahijian pikeun ékonomi. Salian éta, meureun kawijakan étu miboga hasil nu diharepan kawas dina survéi kiwari nu diatur ku Univérsitas Léicester di Britania Raya, Bhutan aya dina tingkatan ka-8 salaku tempat pangbagjana di Bumi [6].
[édit] Pamaréntahan jeung politik
Dina dasawarsa pangahir ieu, politik Bhutan aya dina monarki absolut nu mekar jadi monarki konstitusional. Dina 1999, raja ka-4 Bhutan ngajieun badan 10 anggota nu disebat Lhengye Zhungtshog (Déwan Menteri). Raja Bhutan téh pupuhu nagara. Kakawasaan éksekutif dilaksanakeun ku Lhengye Zhungtshog, déwan menteri. Kakawasaan législatif]] aya ku pamaréntah jeung Majelis Nasional.
Dina taun 2008, Bhutan ngenalkeun démokrasi parleménter, sangkan pagawéan robah jeung partai politik ayeuna resmi. Dina sistem nu anyar ieu, aya parlemén nu diwangun ti majelis luhur jeung majelis handap — anggota majelis handap kaafiliasi jeung partai-partai politik. Pamilihan anggota majelis luhur dilaksanakeun dina kahiji kalina dina Désémber 2007 samentara pamilihan anggota majelis handap dilaksanakeun dina Maret 2008. Partai Padamian jeung Kasejahteraan Bhutan meunang pamilihan majelis handap jeung miboga 44 ti 47 korsi.
Kakawasaan yudikatif dilaksanakeun di sakabéh pangadilan Bhutan. Jaksa Ageung nyaéta pupuhu administratif yudikasi.
[édit] Distrik
Bhutan diwangun ti 4 dzongdey (zona administratif). Saban dzongdey dibagi deui kana dzongkhag (distrik). Aya 20 dzongkhag di Bhutan. Dzongkhag nu gedé dibagi deui kana kacamatan nu dikenal sabagé dungkhag. Di tingkat dasar, sakalompok lembur ngawangun konstituante nu disebut gewog jeung diatur ku gup, nu dipilih rahayat.
- Bumthang
- Chukha (éjaan lami: Chhukha)
- Dagana
- Gasa
- Haa
- Luentse
- Mongar
- Paro
- Pemagatshel (Pemagatsel)
- Punaka
- Samdrup Jongkhar
- Samtse (Samchi)
- Sarpang
- Thimphu
- Trashigang (Tashigang)
- Trashiyangse
- Trongsa (Tongsa)
- Tsirang (Chirang)
- Wangdue Phodrang (Wangdi Phodrang)
- Zhemang (Shemgang)
[édit] Kota
- Jakar - pusat administratif Distrik Bumthang jeung basis di mana agama Buddha asup ka Bhutan.
- Mongar
- Paro - tempat palabuan udara internasional
- Punakha - Ibu kota lami
- Phuentsholing - pusat dagang Bhutan.
- Samdrup Jongkhar
- Thimphu - kota panggedéna jeung ibu kota Bhutan
- Trashigang
- Trongsa
[édit] Militér jeung kawijakan asing
- Artikel utama: Militer Bhutan, Hubungan luar nagri Bhutan
Tantara Karajaan Bhutan mangrupakeun dinas militér Bhutan. Kaasup pangawal karajaan jeung Pulisi Karajaan Bhutan. Kaanggotaanna sukaréla, jeung umur minimum pikeun parékrutan nyaéta 18. Jumlah tantara nu aya kira-kira 6.000 jeung dilatih ku Tantara India.[7] Miboga anggaran taunan kira-kira US$13,7 juta—1,8% PDB.
Sanajan Pasatujuan 1949 jeung India kadang masih disalahtafsiran yén India ngawasaan urusan luar nagrina, ayeuna Bhutan ngawasaan kabéh urusan luar nagrina sorangan kaasup isu garis wates jeung RRC nu sénsitif (pikeun India). [8] Bhutan miboga hubungan diplomatik jeung 22 nagara, kaasup Uni Éropa, jeung misi di India, Bangladésh, Thailand, jeung Kuwait. Miboga 2 misi PBB, 1 di New York jeung 1 di Jénéwa. Ngan India jeung Bangladésh nu boga kantor kadutaan di Bhutan, teras Thailand miboga kantor konsulat di Bhutan.
Eujeung pajangjian nu lami dijieun, wargi nagara India jeung Bhutan bisa leumpang ka kadua nagara hiji jeung lian tampa paspor atawa visa jeung sabagé gantina ngagunakeun kartu idéntitas nasionalna. Wargi nagara Bhutan bisa ngagawé di India tampa piwatesan resmi. Bhutan heunteu miboga patalian diplomasi resmi jeung nagara tatanggi kalérna, RRC, sanajan patukeuran kadatangan dina sababaraha tingkat di antara kadua nagara ieu geus nambih di taun-taun kiwari. Pasatujuan bilateral kahiji antara RRC jeung Bhutan ditandatanganan dina 1998, jeung Bhutan ogé geus ngawangun konsulat di Makau jeung Hong Kong. Wates Bhutan jeung RRC lolobaanna teu diwatesan jeung dipasvakeun di sababaraha tempat. [9]
Dina 13 Novémber 2005, pasukan RRC norobos Bhutan ngadalih kaayaan lingkungan geus maksa manéhna mundur ka kidul ti Himalaya. Pamaréntah Bhutan ngizinan panorobosan éta (tina kanyataan) alasan kamanusaan. Énggal-énggal saenggeus éta, RRC mimitian ngawangun jalan jeung rawayan di wewengkon Bhutan. Menteri Luar Nagri Bhutan Khandu Wangchuk ngabahas masalah éta jeung pamaréntah RRC sabab isu éta nyaliara di parlemén Bhutan. Sabagé tanggapanna, Juru Omong Kamenterian Luar Nagri Qin Gang ti RRC geus nyebutkeun yén piwatesan éta tetep dina paséa jeung yén kadua nagara terus migawé pikeun résolusi pidamian ngeunaan lalawanan éta [10]. Pamaréntah RRC atawa India (India masih ngawasaan sababaraha urusan luar nagri Bhutan) heunteu ngalapor prosés nanaon ngeunaan masalah ieu, jeung nepi ka ayeuna, RRC terus ngawangun prasarana jeung nambih garnisun militérnya di Bhutan. Hiji parwira intelijén Bhutan geus nyebutkeun yén délégasi RRC di Bhutan mikanyahoan Bhutan yén manéhna "kaliwat bates." Surat kabar Bhutan Kuensel geus nyebutkeun yén RRC bisa ngagunakeun jalanan éta pikeun ngalajengan klaimna dina wates éta. [11]
[édit] Démografi
Populasi Bhutan, kantos dikiraan sababaraha yuta, geus dikirangan ku pamaréntah Bhutan nepi ka 750,000, saenggeus hiji sénsus di awal 1990-an. Hiji sénsus lajengan nu dialaksanakeun dina Juni 2005 ngirangan jumlah populasi leuwih lajeng ti 672.425 [1]. Pamaréntah heunteu kantos ngaluarkeun rincian démografis jumlah populasi ayeuna. Lalobaannana urang percaya yén populasina sengaja diluhuran dina 1990-an sabab persépsi leuwih awal yén bangsa nu populasina kirang ti sayuta heunteu diakuan ku PBB. Lantaran éta, jumlah populasi PBB leuwih luhur ti jumlah nu disadiakeun ku pamaréntah. CIA World Factbook méré jumlah populasi 2.279.723 (ti Juli 2006) nu nyatet ogé yén sababaraha kikira kirang ti 810.000.
Kapadetan populasi, 45/km2 (117/mil. 2), ngajieun Bhutan nagara nu populasina panglangkana di Asia. Kira-kira 20% populasina nyicingan wewengkon kota nu diwangun ti kota-kota leutik sapanjang lebak tengah jeung wates kidul. Perséntase ieu mekar gancangna lantaran léngkah pikeun migrasi kotaan geus dicandak. Kota panggedéna nyaéta Thimphu, ibu kota, nu populasina kirang leuwih 50.000. Wewengkon kotaan lian nu populasina padet nyaéta Paro jeung Phuentsholing.
Di antara urang Bhurtan, sababaraha kalompok étnis penting diistiméwakeun. Kalompok dominan nyaéta Ngalop, pangagem Buddha nu nyicingan wewengkon kulon nagara ieu. Budaya manéhna patali jeung budaya Tibét. Ogé Sharchop ("Urang Wétan"), nu dipatalikeun jeung bagian wétan Bhutan (tapi tradisionalna miluan Nyingmapa tinimbang rupa Drukpa Kagyu nu resmi ti Agama Buddha Tibét). Kadua kalompok éta disebut urang Bhutan. 15% sisana nyaéta étnis Nepal, sabagian gedé Hindu.
Basa nasional nyaéta Dzongkha, salah sahiji ti 53 basa dina rumpun basa Tibét. Aksarana, disebut Chhokey ("Basa Dharma"), idéntik jeung aksara Tibet. Pamaréntah ngalompokan 19 basa-basa katali di ditu sabagé dialék basa Dzongkha. Lepcha digunakeun di kulon Bhutan; Tshangla, digunakeun ngalega di bagian wétan. Khengkha digunakeun di Bhutan tengah. basa Nepal digunakeun ngalega di kidul. Di sakola, basa Inggris mangrupakeun média instruksi jeung Dzongkha diajaran salaku basa resmi. Ethnologue ngadaptarkeun 24 basa nu ayeuna digunakeun di Bhutan, kabéh ti kulawarga Tibét-Burma, iwal Nepal, hiji basa Indo-Arya. Basa-basa di Bhutan tetep teu kaciri kalawan hadé, jeung sababaraha tacan kacatet dina tatabasa akadémis. Basa Inggris ogé boga kadudukan resmi ayeuna.
Tingkat melék hurup ngan 42,2% (56,2% lalaki jeung 28,1% awéwé). Urang nu umurna 14 jeung nu leuwih anom 39,1%, teras nu yuswana 15 jeung 59, 56,9%, jeung nu di luhureun 60 ngan 4%. Nagara ieu miboga yuswa rata-rata 20,4 taun. Bhutan miboga harepan hirup 62,2 taun (61 keur lalaki jeung awéwé 64,5) dumasar kana data pangahirna ti Bank Dunya. Aya 1.070 lalaki ti saban 1.000 awéwé di nagara ieu.
[édit] Budaya
Pakéan tradisional pikeun lalaki Ngalong jeung Sharchop nyaéta gho, jubah sapanjang dengkul nu diiketkeun di angkéng eujeung sabuk pakéan nu dikenal sabagé kera. Awéwé ngagunakeun gaun sapanjang pigeulang suku, kira, nu dicapit di taktak jeung diiketan di angkéng. Kira digabungan jeung blus lengeun panjang, toego, nu dianggo di handap lapisan luar. Kadudukan jeung nangtuan tékstur, warna, jeung dékorasi nu ngias pakéan. Soléndang jeung syal ogé nandaan kadudukan sosial, sabab tradisionalna Bhutan téh masarakat féodal. Anting-anting dianggo ku awéwé. Nu dipaséakeun, ayeuna hukum Bhutan ngizinan pakéan ieu pikeun sakabéh wargina.
Sangu, jeung leuwih loba deui jagong, mangrupakeun pangan utami nagara ieu. Pangan di papasiran beunghar ku protéin sabab konsumsi daging, hususna manuk, yak, jeung daging sapi. Sup daging, sangu, jeung sayuran nu digaringan jeung dibumbuan ku cabé jeung kéju mangrupakeun pangan favorit dina usum tiis. Pangan susu, hususnya mentéga jeung kéju ti yak jeung sapi, kateah ogé, jeung méh sakabéh susu dirobah kana mentéga jeung kéju. Inuman nu katelah kaasup entéh mentéga, entéh, anggur sangu nu dimasak jeung bir. Bhutan mangrupakeun nagara nu ngalarang rokok jeung panjualan tembako.
Bhutan ngan boga 1 koran pamaréntahan jeung 2 koran swasta, 1 télévisi piboga pamaréntah jeung sababaraha statsion radio FM.
[édit] Catetan suku
- ↑ "Constitution". http://www.constitution.bt/html/constitution/constitution.htm. Diakses pada 10 Oktober 2006.
- ↑ The Tribune
- ↑ CIA Factbook - Economy
- ↑ India's Ministry of External Affairs provides financial aid to neighbouring countries under "technical and economic cooperation with other countries and advances to foreign governments." The Tribune, Chandigarh
- ↑ Yoga Journal
- ↑ http://www2.le.ac.uk/ebulletin/news/press-releases/2000-2009/2006/07/nparticle.2006-07-28.2448323827
- ↑ Asian Times
- ↑ Library of Congress - Foreign Relations
- ↑ Bhutan News Online
- ↑ China.com
- ↑ HindustanTimes.com
[édit] Tempo ogé
[édit] Tumbu luar
Tingali ogé Bhutan di Wikitravel
- (en) Portal resmi
- (en) Situs resmi pariwisata
- (en) Pusat Studi Bhutan
|
|||||||||||
