Bilatung

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Bilatung mangrupakeun hambalan larva dina daur hirup laleur, atawa bisa ogé nujul ka larva serangga lianna, kagambar salaku mahluk pikagilaeun nu hirup tina bugang.

Kecap 'bilatung' ogé mangrupakeun istilah Sunda pikeun anak ucing.

Daur hirup[édit | sunting sumber]

Laleur ngalaman opat hambalan hirup: endog, larva (katelah bilatung), pupa, sawawa. Endog laleur biasana diteundeun dina daging, tai sasatoan, manur, atawa cai anu ngeuyeumbeu. Sanggeus 8-20 jam, ieu endog megar jadi bilatung, ngadaharan naon baé anu aya di sabudeureunana nepi ka mangsana robah jadi pupa. Sanggeus jadi pupa mah, ieu laleur bisa ingkah ka patempatan anu lembab.

Mangpaat[édit | sunting sumber]

Terapi bilatung[édit | sunting sumber]

Terapi bilatung pikeun ngubaran tatu leutik

Ti baheula, sahanteuna ti mangsa Perang Sipil Amérika, bilatung sok dipaké natambaan tatu; ayeuna ogé masih diajarkeun dina bagbagan tatamba Pasukan Husus Tentara AS[1]. Dina kaayaan stéril jeung dikontrol, si bilatung dilarapkeun kana tatu pikeun meresihan jaringan paéh dina tatuna. Kiwari, kelompok panalungtik nu dipingpin ku Andrew Boulton ti Universitas Manchester keur nguji kamampuhan terapi bilatung pikeun natambaan para pasén diabétes anu sok boga tatu nu teu cageur-cageur dina sukuna, patali jeung wedukna kuman MRSA (methicillin-resistant Staphylococcus aureus) anu nginféksi éta tatu[1].

Di masarakat muslim aya carita nu nyebutkeun yén Nabi Ayub tatu borokna digembrong bilatung, bisa jadi ieu téh dina raraga terapi bilatung. Mun ngarujuk ka dieu, paling henteu terapi bilatung geus aya ti mangsa abad ka-13 SM.

Dina pilem Gladiator aya ogé adegan nu mintonkeun terapi bilatung pikeun ngubaran tatu Maximus Meridius. Mun sacara historis bener, ieu ngandung harti yén terapi bilatung geus aya ti jaman Romawi kira abad ka-2.

Forénsik[édit | sunting sumber]

Sababaraha tipeu bilatung nu kapanggih dina bugang bisa dipaké ku para élmuwan forénsik. Dumasar kana hambalan kamekaranana, ieu bilatung bisa nunjukkeun lilana umur bugang katut di mana paéhna.

Bilatung digolongkeun dumasar hambalan 'instar'. Instar I panjangna 2-5 mm, instar II 6-14 mm, sedengkeun instar III 15-20 mm. Tilu hambalan ieu luyu jeung umur bilatungna: 2-3 poé, 3-4 poé, jeung 4-6 poé (pikeun ilaharna laleur imah) ti saprak endogna diteundeun.

Masalah[édit | sunting sumber]

Sarua jeung kutu, bilatung bisa ngabahyakeun sato ingon. Dina usum panas, laleur baranahanana gancang pisan, sahingga bisa ngahasilkeun bilatung anu kacida lobana nu bisa ngabalukarkeun myiasis. Najan lolobana mah hirup tina ngahakanan bugang, aya ogé laleur anu hirup salaku parasit di handapeun lapisan kulit manusa atawa sato hirup.

Bilatung biasana aya dina wadah runtah anu diantepkeun teu katutup, bangké sasatoan, kai buruk, jsb. Ku kituna, pikeun nyingkahan ayana bilatung di sabudeureun urang, taya deui cara lian ti ngaberesihan lingkungan tina runtah anu numpuk.

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Craig, Glen (1988). US Army Special Forces Medical Handbook, pp.510-12, US Army Institute for Military Assistance.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Wiktionary logo
Baca ogé pedaran Wikikamus ngeunaan kecap