Bima (wayang)

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Bima
Bimaséna
Bimaséna
Déwanagari: भीम; भीमसेन
Éjahan Sansakerta: Bhīma; Bhīmaséna
Ngaran séjén: Werkudara; Bimaséna;
Brataséna
Asal: Astinapura, Karajaan Kuru
Pakarang: Gada
Papasangan: Drupadi, Hidimbi, Walandara

Bima (Sansakerta: भीम, bhīma) atawa Bimaséna (Sansakerta: भीमसेन, bhīmaséna) nyaéta salah saurang inohong protagonis dina wiracarita Mahabarata. Manéhna mangrupakeun anakna Déwi Kunti sarta dipikawanoh sabagé inohong Pandawa anu kuat, boga sipat sok dugal sarta dipikasieun ku musuh, sanajan sabenerna haténa mah lemah lembut. Manéhna mangrupakeun kulawarga Pandawa nu kadua ti lima sadulur. Bima satia kana hiji sikep, nyaéta henteu resep basa-basi sarta teu kungsi laku ngadua haté sarta henteu kungsi ngalétak ciduhna sorangan.

Harti ngaran[édit | sunting sumber]

Kecap bhīma dina basa Sansekerta hartina kurang leuwih nyaéta "pikasieuneun". Sedengkeun ngaran séjén Bima nyaéta Werkudara nu dina basa Sansakerta vṛkodara sarta boga harti "beuteung serigala" nujul kana sipatna nu rampus dahar.

Kalahiran[édit | sunting sumber]

Dina wiracarita Mahabarata dicaritakeun yén alatan Pandu henteu bisa boga turunan (alatan supata ti saurang resi), mangka Kunti (pamajikan Pandu) ménta dibéré anak ku Bayu, déwa angin. Tina hubungan Kunti jeung Bayu, lahir Bima. Ku kasinugrahan ti Bayu, Bima jadi jelema anu pangkuatna sarta pinuh kaasih jeung kadeudeuh.

Mangsa ngora[édit | sunting sumber]

Dina mangsa keur budak, kakuatan Bima euweuh nu bisa nandingan. Kakuatan kasebut mindeng dipaké pikeun ngajailan dulur-dulurna, nyaéta Kurawa. Salah sahiji anggota Kurawa nyaéta Duryodana, pohara ceuceub kana peta Bima anu sok jail. Kaceuceub kasebut tumuwuh subur sahingga Duryodana boga niat pikeun maéhan Bima.

Dina hiji poé sabot para Kurawa jeung Pandawa indit ulin ka wewengkon walungan Gangga, Duryodana nyuguhan Bima kadaharan sarta inuman anu saméméhna geus dicampuran racun. Alatan Bima tara curigaan ka hiji jalma, manéhna ngadahar kadaharan anu disuguhkeun ku Duryodana. Teu lila ti harita, Bima kapidara. Tuluy awakna ditalian sakuatna ku Duryodana ngagunakeun pepelakan nu ngarambat, sanggeus éta dipalidkeun ka walungan Gangga maké rakit. Waktu rakit anu mawa Bima nepi ka tengah walungan, oray-oray anu hirup di sabudeureun walungan kasebut macok awak Bima. Ngan ajaib, peurah oray kasebut robah jadi penangkal pikeun racun anu didahar ku Bima. Waktu geus sadar, Bima langsung ngalaan iketan pepelakan nu dibeulitkeun kana awakna, tuluy manéhna maéhan oray-oray anu ngégél awakna. Sawatara oray nyalametkeun diri sarta nepungan rajana, nyaéta ...........poho deui.....

Waktu ...........poho deui.... ngadéngé béja yén anak Pandu anu ngaranna Bima geus maéhan anak buahna, manéhna geura-giru ngabagéakeun Bima sarta méré inuman sakti. Inuman kasebut diinum sababaraha mangkok ku Bima, sahingga awakna jadi pohara kuat. Bima cicing di karaton ...........poho deui.... salila dalapan poé, sarta sanggeus éta manéhna balik. Waktu Bima balik, Duryodana kaluman alatan jelema anu dipikaceuceubna masih hirup. Sabot para Pandawa sadar yén kaceuceub dina haté Duryodana mimiti tumuwuh, maranéhanana mimiti ati-ati.

Atikan[édit | sunting sumber]

Dina mangsa rumaja, Bima sadulur dididik sarta dilatih dina widang militer ku Dorna. Dina neuleuman élmu ngagunakeun pakarang, Bima leuwih museurkeun perhatianana kana élmu ngagunakeun gada, kawas Duryodana. Duanana jadi murid Baladéwa, nyaéta baraya Kresna anu pohara mahér dina ngagunakeun pakarang gada. Baladéwa leuwih mikanyaah Duryodana manan Bima, sarta Duryodana ogé satuhu ka Baladéwa.

Kajadian di Waranawata[édit | sunting sumber]

Sabot Bima jeung indung sarta dulur-dulurna ulin di Waranawata, manéhna jeung Yudistira sadar yén imah pamondokan anu disadiakeun pikeun maranéhanana, geus dirarancang pikeun maéhan maranéhanana. Badéga Duryodana, nyaéta Purocana, geus ngawangun imah kasebut sakitu rupa maké bahan nu kawas lilin sahingga gancang kabeuleum. Bima rék geura-giru indit, tapi ku bongbolongan Yudistira maranéhanana tumetep di dinya salila sawatara bulan.

Dina hiji peuting, Kunti ngayakeun pésta sarta saurang wanoja anu deukeut jeung Purocana milu hadir dina éta pésta babarengan jeung Pandawa. Sabot Purocana jeung wanoja kasebut sarta Pandawa saré tibra alatan kadaharan anu disuguhkeun ku Kunti, Bima geura-giru ngajurung ambéh indung sarta dulur-dulurna lumpat nyalametkeun diri kalawan ngaliwatan torowongan anu geus dijieun saméméhna. Satuluyna, Bima mimiti ngaduruk imah lilin anu ditinggalkeun ku maranéhanana. Ku alatan indung sarta dulur-dulurna ngarasa tunduh sarta capé, Bima manggul maranéhanana sakaligus kalawan kakuatanana anu rongkah. Kunti digéndong dina tonggongna, Nakula sarta Sadewa aya dina pingpingna, sedengkeun Yudistira sarta Arjuna aya dina leungeunna.

Mangsa geus kaluar ti tungtung torowongan, Bima sarta barayana anjog di walungan Gangga. Di dinya maranéhanana dianteur meuntas walungan ku badégana Widura, nyaéta patih Astinapura anu hariwang kana kaayaan maranéhanana. Sanggeus meuntasan walungan Gangga, maranéhanana ngaliwatan Sidawata nepi ka Hidimbawana. Dina lalampahan kasebut, Bima manggul kabéh barayana sarta indungna ngaliwatan jarak nu jauhna kurang leuwih tujuh puluh dua mil.

Kajadian di Hidimbawana[édit | sunting sumber]

Di Hidimbawana, Bima papanggih jeung Hidimbi anu kapentang asmara ku manéhna. Lanceuk Hidimbi anu ngaranna Hidimba, jadi ambek alatan Hidimbi geus ragrag asih ka hiji jalma anu sakuduna jadi hakaneun maranéhanana. Satuluyna Bima jeung Hidimba tarung. Dina tarung kasebut, Bima unggul sarta hasil maéhan Hidimba ku leungeunnya sorangan. Tuluy, Bima ngadahup ka Hidimbi. Tina lakirabi kasebut, lahir budak anu dibéré ngaran Gatotkaca. Bima sarta kulawargana tumetep di dinya salila sawatara bulan babarengan jeung Hidimbi sarta Gatotkaca, sanggeus éta maranéhanana neruskeun lalampahan.

Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa