Bingbingan sarta Konseling

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
US Navy 090814-N-2013O-005 Chief Navy Counselor Tyrone Jiles, assigned to the aircraft carrier USS George Washington (CVN 73).jpg

Bingbingan sarta Konseling mangrupa prosés bantuan psikologis sarta kamanusaan sacara ilmiah sarta profésional anu dibikeun ku pangaping ka anu dibingbing (peserta didik) ambéh manéhna bisa ngembang sacara optimal, nyaéta sanggup nyurtian diri sarta ngaaktualisasi diri, luyu tahap kamekaran sipat-sipat poténsi anu dipiboga sarta kasang tukang kahirupan sarta lingkunganana ku kituna kahontal kabagjaan dina kahirupanana.[1]

Ciri-Ciri Utama Konséling[édit | sunting sumber]

  1. Ayana bantuan ti saurang ahli[2]
  2. Prosés méré bantuan dipigawé jeung wawancara konséling[2]
  3. Bantuan dibikeun ka individu anu ngalaman masalah ambéh nampa konsép diri sarta kapercayaan diri dina nungkulan masalah guna ngabenerkeun tingkah lakuna di mangsa anu baris datang.[2]

Prinsip-prinsip Bimbingan sarta Konseling[édit | sunting sumber]

Prinsip-prinsip bingbingan sarta konséling ngadumasaran unggut sarta léngkah palaksanaanana pangladén bingbingan konseling, anu ngawengku prinsip-prinsip saperti kieu:

  • Prinsip-Prinsip Berkenan jeung Sasaran Layanan[1]
  1. Bimbingan sarta konséling ngaladénan kabéh individu tampa nempo génder, séléw, agama, sarta status sosial ékonomi.[1]
  2. Bingbingan sarta konséling berurusan kalayan pribadi sarta tingkah laku individu anu unik sarta dinamis.[1]
  3. Bingbingan sarta konséling nengetan sapinuhna tahap sarta sagala rupa aspék kamekaran individu.[1]
  4. Bingbingan sarta konseling méré perhatian utama ka béda individu anu jadi orientasi utama pangladénna.
  • Prinsip-prinsip Ngeunaan Permaslahan Indivdu

Bingbingan sarta konséling berurusan kalayan hal-hal anu ngait pangaruh kaayaan méntal sarta fisik individu ka panyaluyuan dirina di imah, di sakola sarta kalayan pakait jeung kontak sosial sarta pakasaban, sarta sabalikna pangaruh lingkungan ka kaayaan méntal sarta fisik individu.[2] Rupa-rupa sosial, ékonomi, sarta kabudayaan mangrupa faktor balukarna masalah dina individu anu kakabéhanana éta jadi perhatian utama pangladén bingbingan sarta konséling.[2]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e Cakrawala Bimbingan dan Konseling. Surakarta: Putra Nugraha. Kaca 3
  2. a b c d e Cakrawala Bimbingan dan Konseling SMP Kelas IX Semester1. Surakarta: Putra Nugraha. Kaca 3
Nulis.jpg