Biomolekul

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Biomolekul mangrupakeun sanyawa kimia nu aya sacara alami di organisme. Biomolekul utamana diwangun ku karbon jeung hidrogén, ditambah ku nitrogén, oksigén, pospor jeung walirang. Aya ogé unsur séjén nu kabeungkeut, tapi jarang.

Biomolekul kudu aya dina sakabéh bentuk mahluk hirup. Pikeun conto, manusa boga kulit jeung rambut. Komponén utama rambut nyaéta keratin, protéin (nu diwangun tina asam amino). Asam amino mangrupakeun salah sahiji komponén nu paling penting pikeun molekul nu leuwih badag. Molekul komponén lianna nyaéta nukléotida nu diwangun ku tilu komponén: basa purin atawa pirimidin, gula pentosa, jeung gugus pospat. Nukléotida ieu utamana ngabentuk asam nukléat.

Di sagigireun biomolekul polimér, sistim hayat ogé nyerep/ngahasilkeun rupa-rupa sanyawa organik. Mangpaat anu bisa diala tina ngulik biomolekul, di antarana, nyaéta pikeun ubar.

Gambar struktur 3D myoglobin, nu némbongkeun héliks alpa. Protéin ieu mimiti kagali strukturna tina kristalografi sinar X ku Max Perutz jeung John Cowdery Kendrew taun 1958, dugi ka aranjeunna ieu dileler Hadiah Nobel Kimia.

Tipe biomolekul[édit | sunting sumber]

Nu kaasup biomolekul, di antarana

Nukléosida jeung nukléotida[édit | sunting sumber]

Nukléosida téh molekul nu kabentuk tina kabeungkeutna nukléobasa kana cingcin ribosa. Contona nyaéta sitidin, uridin, adénosin, guanosin, timidin jeung inosin.

Nukléosida bisa diposporilasi maké kinase dina jero sél, ngahasilkeun nukléotida nu mangrupakeun komponén dasar DNA (asam déoksiribonukléat) jeung RNA (asam ribonukléat).

Sakarida[édit | sunting sumber]

Monosakarida mangrupakeun karbohidrat dina bentuk gula basajan; disakarida dibentuk tina dua monosakarida. Monosakarida jeung disakarida rasana amis, leyur dina cai, sarta bentukna kristalin. Conto monosakarida, di antarana héksosa (glukosa, fruktosa, jeung galaktosa) jeung pentosa (ribosa, déoksiribosa). Conto disakarida, di antarana sukrosa, maltosa, jeung laktosa.

Polisakarida mangrupakeun polimér monosakarida, karbohidrat kompléks nu teu amis. Ilaharna mah badag, sarta silih tumbu dina beungkeut anu ngarancabang. Karbohidrat teu leyur dina cai sarta teu ngabentuk kristal. Contona, di antarana aci, selulosa, jeung glikogén. polisakarida nu leuwih pondok, nu diwangun ku 2-15 monomér, kadang disebut oligosakarida.

Lipid[édit | sunting sumber]

Lipid téh ilaharna mah éster asam lemak, nu ngawangun mémbran biologis. Pancén biologis lianna nyaéta salaku simpenan énérgi (misalna trigliserida). Lipid lolobana diwangun ku "hulu" polar/hidropilik jeung 1-3 buntut asam lemak nonpolar/hidropobik, sahingga lipid boga watek ampipilik. Asam lemak diwangun ku ranté atom karbon nu teu nyagak; nu jenuh ditumbukeun ku ukur beungkeut tunggal, sedengkeun nu teu jenuh ngandung sahanteuna hiji beungkeut rangkep. Ranté asam lemak ieu ilaharna ngandung 14-24 gugus karbon.

Pikeun lipid nu aya dina mémbran biologis, hulu hidropilikna téh bisa mangrupa:

  • glikolipid, nu huluna ngandung oligosakarida nu boga 1-15 résidu sakarida;
  • pospolipid, nu huluna ngandung gugus nu boga muatan positip nu numbu kana gugus pospat nu boga muatan négatip; atawa
  • stérol, nu huluna ngandung cingcin stéroid datar (planar), misalna koléstérol.

Hormon[édit | sunting sumber]

Hormon dihasilkeun dina kelenjar éndokrin, diékskrésikeun kana saluran getih. Pancénna rupa-rupa, di antarana ngatur jalur métabolik jeung prosés transpor mémbran.

Hormon bisa digolongkeun kana tilu kelas truktur:

  • stéroid, sadayana dijieun tina koléstérol,
  • amina atawa asam amino basajan,
  • péptida atawa protéin.

Asam amino[édit | sunting sumber]

Asam amino hartina molekul nu ngandung boh gugus fungsi amino jeung asam karboksilat (dina biokimia, istilah ieu nujul ka asam amino nu gugus amino jeung karboksilatna meungkeut atom karbon nu sarua, ditambah prolin nu sabenerna lain asam amino).

Asam amino téh monomér pikeun hiji jenis polimér; ranté 2-10 asam amino disebut péptida, 10-100 disebut polipéptida, sedengkeun nu leuwih panjang ti éta katelahna protéin. Struktur protéin ieu boga pancén struktural jeung hanca nu rupa-rupa pikeun mahluk hirup.

Aya dua puluh asam amino nu disandi ku kode genetik baku, padahal asam amino alami téh aya leuwih ti 500 rupa. Mun dina protéin aya asam amino lian ti nu dua puluh tadi, ieu téh biasana mah hasil ngarobah sanggeus translasi (sintésis protéin). Asam amino séjén nu aya dina protéin nalika prosés translasi téh ngan aya dua (éta ogé ukur aya dina sababaraha organisme):

Di sagigireun nu dipaké dina sintésis protéin, asam amino nu penting téh di antarana karnitin (dipaké pikeun transpor lipid jero sél), ornitin, GABA, jeung taurin.

Métaloprotéin[édit | sunting sumber]

Métaloprotéin hartina protéin nu ngandung kopaktor logam (métal). Logam ieu bisa mangrupa ion mandiri, bisa ogé ngagabung jeung sanyawa organik nonprotéin, kayaning gugus porpirin nu aya dina hémoprotéin. Dina sababaraha kasus, logam ieu ngagabung sakaligus jeung protéin sarta ion nonlogam anorganikna. Struktur protéin-logam-nonlogam ieu, misalna, aya dina klaster beusi-walirang.

Vitamin[édit | sunting sumber]

Vitamin téh sanyawa nu teu bisa dijieun (disintésis) ku hiji organisme, mangkaning penting pikeun kaséhatan/kahirupanana. Sanyawaan ieu kudu diserep atawa didahar ti sumber séjén, najan jumlah nu dipikabutuhna ngan saeutik.

Baca ogé[édit | sunting sumber]

Sumber rujukan[édit | sunting sumber]

  • Biomolecule, Wikipédia édisi basa Inggris (26 April 2006)