Biruang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Biruang
Temporal range: Miosin Awal - Kiwari
Biruang Coklat Kodiak
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Animalia
Phylum: Chordata
Class: Mamalia
Order: Carnivora
Family: Ursidae
G. Fischer de Waldheim, 1817
Genera

Ailuropoda
Ailurus
Helarctos
Melursus
Ursus
Tremarctos
Arctodus (lastari)

Biruang téh ngaran sato mamalia badag ti kulawarga Ursidae, ordo Karnivora. Ciri utama biruang, di antarana buntut nu pondok, pangrungu jeung pangambeu nu seukeut, kuku/cakar nu sareukeut dina unggal ramo sukuna, sarta bulu di sakujur awakna nu kandel.

Awak biruang kaitung badag. Ciri penting lianna nyaéta kabisana nangtung maké dua suku tukang, sungutna monyong, sarta ceuli nu buleud.

Habitat[édit | sunting sumber]

Biruang mah hirup di rupa-rupa habitat, ti wewengkon tropis nepi ka Antartika, ti leuweung geledegan nepi ka daérah nu katutup salju. Najan lolobana omnivora, aya ogé sababaraha spésiés biruang nu kadaharanana béda ti nu séjén. Misalna biruang kutub, kadaharanana téh lukut, aakaran, sisikian, jeung bungbuahan leutik. Lian ti éta, biruang kutub ogé sok ka wahangan pikeun ngala lauk. Lalampahan nyiar hakaneun téh bisa jauh pisan, ti isuk jedur nepi ka soré jedér, iwal mun aya gangguan (misalna aya manusa).

Paripolah[édit | sunting sumber]

Biruang mah lolobana hirup nyorangan, iwal bikang nu keur anakan atawa jalu jeung bikang dina mangsa usum jalangan. Aya kalana ngagorombol, tapi éta gé ukur nalika aya loba dahareun di hiji tempat anu teu lega.

Baranahan[édit | sunting sumber]

Mangsa jalangan biruang mah sakeudeung, nyaéta sanggeus mangsa cicing nu sawanda jeung hibernasi. Sakali anakan, ilaharna mah indung biruang téh ngaborojolkeun 1-3. Anakna, pas borojol téh ompong, lolong, jeung botak. Anakna ieu bakal disapih mun umurna geus satengah taunan. Dina mangsa éta, anak biruang téh disusuan nepi ka umur tilu bulan, laju diajar barang hakan kawas indungna. Najan geus disapih, salila tilu taun mah anak biruang téh tara jauh ti indungna. Biruang nincak sawawa dina umur tujuh taunan.

Biruang jeung manusa[édit | sunting sumber]

Di wewengkon nu deukeut ka habitatna, biruang kaitung dalit jeung kahirupan manusa.

Sacara umum, biruang sok nyingkahan tepung jeung manusa. Migunakeun pangambeuna nu seukeut, kadatangan manusa bisa kanyahoan ku biruang jauh saméméh manusa mireungeuh ayana biruang. Tapi, mun patali jeung dahareun (nu dibawa), aya kamungkinan biruang justru ngadeukeutan manusa, malah bisa narajang pikeun ngala dahareun.

Klasifikasi[édit | sunting sumber]

Genera Melursus jeung Helarctos diasupkeun dina genus Ursus. Biruang Hideung Asia jeung Biruang Kutub biasana mah diperenahkeun dina generana séwang-séwangan: Selenarctos jeung Thalarctos.

Hubungan évolusionér[édit | sunting sumber]

Biruang téh anggota ordo Carnivora, subordo Caniformia, sarta kulawarga Ursidae. Anggota Caniformia lianna nyaéta ajag jeung mamalia kawas anjing (kulawarga Canidae), ganggarangan, jeung sabangsana (kulawarga Mustelidae), careuh bulan (kulawarga Procyonidae), jeung gajah laut (kulawarga Odobenidae), anjing laut (kulawarga Phocidae), jeung singa laut (kulawarga Otariidae). Najan biruang mindeng digambarkeun ngalaman évolusi ti karuhun nu kawas anjing, dulur pangdeukeutna mah justru gajah laut, anjing laut, jeung singa laut.

Bacaan salajengna[édit | sunting sumber]

  • Bears of the World, Terry Domico, Poto-poto karya Terry Domico & Mark Newman, Facts on File, Inc, 1988, jilid kandel, ISBN 0-8160-1536-8
  • The Bear karya William Faulkner

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]


Nulis.jpg