Bisma

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Bisma
Bisma (katuhu) sumpah moal rék kawin saumur hirupna. Lukisan karya Raja Ravi Varma.
Bisma (katuhu) sumpah moal rék kawin saumur hirupna. Lukisan karya Raja Ravi Varma.
Déwanagari: भीष्म; देवव्रत
Éjahan Sansakerta: Bhīshma; Dévavrata
Ngaran séjén: Déwabrata
Asal: Astinapura, Karajaan Kuru

Bisma (basa Sansakerta: भीष्म, Bhīshma) lahir kalayan ngaran Déwabrata (Basa Sansakerta: देवव्रत, Dévavrata), nyaéta salah sahiji inohong utama dina wiracarita Mahabarata. Manéhna téh anak ti pasangan Prabu Santanu jeung Dewi Gangga. Manéhna ogé ngarupakeun aki ti Pandawa jeung Kurawa. Sawaktu ngora ngaran manéhna téh Déwabrata, tapi diganti jadi Bisma saprak manéhna sumpah moal kawin saumur hirup. Bisma ahli dina sagala rupa peperangan sarta pohara dipikaajrih ku Pandawa sarta Kurawa. Manéhna gugur dina hiji perang rongkah di tegal Kurusetra ku panah anu dileupaskeun ku Srikandi kalayan bantuan Arjuna. Tapi manéhna henteu langsung perlaya waktu harita; manéhna sempet hirup salila sawatara poé sarta nyaksian kaancuran para Kurawa. Manéhna ngaleupaskeun nafas panungtungan waktu panonpoé aya di kalér (Uttarayana).

Harti ngaran[édit | sunting sumber]

Ngaran Bisma dina basa Sanskerta hartina "Manéhna anu ngalakonan sumpah beurat", alatan manéhna ngalakonan sumpah nu beurat (bhishan pratigya) baris hirup lalagasan salawasna sarta moal bakal narima warisan tahta karajaanana ti bapana. Ngaran Déwabrata diganti jadi Bisma alatan manéhna ngalakonan sumpah beurat ieu. Sumpah ieu dilakonan ku Bisma lantaran Bisma henteu hayang aya papaséaan antara manéhna jeung turunan Satyawati, indung téréna.

Kalahiran[édit | sunting sumber]

Bisma mangrupa pawujudan salah sahiji ti Dalapan Wasu anu ngalakonan inkarnasi (nitis) salaku manusa anu lahir ti pasangan Dewi Gangga jeung Prabu Santanu. Nurutkeun buku Adiparwa, Dalapan Wasu ngajanggélék jadi manusa alatan kasupata lantaran gawénana anu geus maok sapi sakti milik Resi Wasista. Dina lalampahanana nuju ka bumi, maranéhanana papanggih jeung Dewi Gangga anu ogé rék turun ka dunya pikeun jadi pamajikan putera Raja Pratipa, nyaéta Santanu. Dalapan Wasu saterusna nyieun kasapukan jeung Dewi Gangga yén maranéhanana baris ngajanggélék salaku dalapan putera Prabu Santanu sarta dilahirkan ku Dewi Gangga. Bisma mangrupa pawujudan Wasu kadalapan nu ngaranna Prabhata.

Awal kahirupan[édit | sunting sumber]

"Maotna Bisma". Lukisan ti buku Razmnama, atawa Mahabarata vérsi Persia.

Samentara tujuh lanceukna anu geus lahir maot alatan diteuleumkeun ka walungan Gangga ku indung maranéhanana sorangan, Bisma mah bisa salamet alatan polah indungna kaburu kanyahoan sarta dihalangan ku bapana. Satuluyna, Dewi Gangga naék ka surga mawa Bisma anu masih orok ninggalkeun Prabu Santanu sorangan. Sanggeus 36 taun ti harita, Sang Prabu henteu ngahaja manggihan anakna di hilir walungan Gangga. Dewi Gangga satuluyna mikeun éta budak ka Sang Prabu, sarta méré ngaran Déwabrata. Déwabrata satuluyna jadi pangéran anu calakan sarta gagah, ogé dicalonkan salaku pawaris karajaan. Tapi alatan jangjina ka Sang Dasapati, bapana Satyawati (indung téréna), manéhna réla pikeun henteu narima waris tahta sarta henteu kawin saumur hirup ambéh jaga turunanana henteu silih rebut tahta karajaan jeung turunan Satyawati. Alatan keihlasna kasebut, manéhna dibéré ngaran Bisma sarta disinugrahan layeut jeung Sang Déwa Waktu nu temahna manéhna bisa nangtukeun waktu maotna sorangan.

Bisma ngabogaan dua adi téré ti indung téréna (Satyawati) nyaéta Citrānggada jeung Wicitrawirya. Demi kabagjaan adi-adina, manéhna indit ka Karajaan Kasi sarta meunangkeun sayembara sahingga hasil mawa balik tilu urang puteri nu masing-masing ngaranna Amba, Ambika, jeung Ambalika, pikeun didahupkeun ka adi-adina. Alatan Citrānggada pupus, mangka Ambika sarta Ambalika ngadahup jeung Wicitrawirya sedengkeun Amba mitresna Bisma tapi Bisma nampik asihna Amba alatan katalian ku sumpah yén manéhna rék lalagasan saumur hirup. Demi usaha pikeun ngajauhkeun Amba ti dirina, henteu kahaja manéhna mentangkeun panah nembus harigu Amba. Ku maotna éta putri, Bisma dibéré nyaho yén jaga Amba bakal nitis réeinkarnasi ka saurang pangéeran anu ngabogaan sipat kawanojaan, nyaéta putera Raja Drupada anu ngaranna Srikandi. Jaga maotna ogé aya di leungeun Srikandi anu mantuan Arjuna dina perang gede di Kurusetra.

Atikan[édit | sunting sumber]

Bisma diajar élmu pulitik ti Brihaspati, élmu Veda sarta Vedangga ti Resi Wasista, sarta élmu perang ti Parasurama (Ramaparasu; Rama Bargawa), saurang satria legéndaris sakaligus salah sahiji Chiranjīwin anu hirup langgeng saprak jaman Treta Yuga. Alatan guguru ka manéhna, Bisma jadi mahér dina ngagunakeun sagala rupa pakarang sarta lantaran kapinterna kasebut manéhna dipikasieun ku sakabéh lawanana. Bisma eureun diajar ka Parasurama alatan paadurenyom ngeunaan Amba. Dina waktu éta Bisma ngahaja nyurungkeun Parasurama nepi ka labuh, nya saprak harita Parasurama sumpah moal deui nampa murid ti kasta satria lantaran nyusahkeun.The Mahabharata of Krishna Dwaipayana Wyasa. Buku I: Adiparwa

Peran dina Dinasti Kuru[édit | sunting sumber]

Di lingkungan karaton Astinapura, Bisma pohara dipihormat ku anak-incuna. Henteu ngan alatan manéhna kolot, tapi ogé alatan kamahéranana dina widang militér sarta peperangan. Dina unggal perang, pasti manéhna sok meunang alatan geus pohara boga pangalaman. Yudistira ogé kungsi ngomong, yén euweuh anu sanggup ngéléhkeun Bisma dina perang sanajan lamun laskar Déwa sarta laskar Asura ngagabungkeun kakuatan sarta dipingpin ku Indra, Sang Déwa Perang.The Mahabharata of Krishna Dwaipayana Wyasa. Buku VI: Bismaparwa.

Bisma pohara dipikacinta ku Pandawa jeung Kurawa. Maranéhanana ngahormat Bisma minangka saurang aki sakaligus kapala kulawarga anu wijaksana. Kadangkala Pandawa nganggap Bisma minangka bapa maranéhanana (Pandu), anu sabenerna geus pupus.

Perang di Kurusetra[édit | sunting sumber]

Kresna béak kasabaran sahingga hayang maéhan Bisma ku leungeunnya sorangan, tapi dihalangan ku Arjuna.
Red right arrow.svg
 Artikel utama: Bhismaparwa.

Waktu perang antara Pandawa jeung Kurawa bitu, Bisma aya di pihak Kurawa. Sajongjonan saméméh perang, manéhna ngomong ka Yudistira yén dirina geus diperbudak ku kakayaan, sarta ku éta kakayaan Kurawa nalikung Bisma. Sanajan kitu, alatan Yudistira geus ngalakonan hohormat saméméh perang, mangka Bisma ngestokeun Yudistira sarta ngadu'akeun sangkan kameunang aya di pihak Pandawa, sanajan Bisma pohara hésé pikeun ditalukkeun. Bisma ogé kungsi ngomong ka Duryodana, yén cacak dirina (Bisma) ngabiluk Kurawa, kameunang geus pasti aya di pihak Pandawa alatan Kresna aya di ditu, sarta dimana waé aya Kresna mangka di dinya aya kabenaran sarta keuntungan sarta dimana waé aya Arjuna, di dinya aya kejayaan.The Mahabharata of Krishna Dwaipayana Wyasa. Buku VI: Bismaparwa.

Dina perang gede di lapangan Kurusetra, Bisma tarung kalawan hébat. Soldadu sarta satria anu ngalawanana pasti binasa atawa ngalaman tatu parna. Dina kitab Bismaparwa disebutkeun yén di dunya ieu para satria hésé nandingan kakuatanana sarta euweuh anu sanggup ngalawanana sajaba Arjuna – satria tukang panah anu kakoncara – sarta Kresna. Sanajan Arjuna ngabeunangkeun kasempetan pikeun ngalawan Bisma, tapi manéhna mindeng tarung satengah haté, lantara inget yén Bisma téh akina sorangan. Hal anu sarua ogé dirasakan ku Bisma, anu masih nyaah ka Arjuna, incu anu pohara dipikacintana.

Kresna anu jadi kusir karéta Arjuna dina peperangan, jadi ambek alatan dangong Arjuna anu ajrih kénéh pikeun nelasan pati Bisma, sarta manéhna nekad rek nelasan Bisma ku leungeunna sorangan. Kalayan panon anu moncorong seukeut mancarkeun kaambek, manéhna muter-muter chakra di luhur leungeunna sarta museurkeun perhatian pikeun ngécéng beuheung Bisma. Bisma henteu nyingkah, tapi malahan bagja lamun bisa gugur di leungeun Madhawa (Kresna). Nempo hal éta, Arjuna nyusul Kresna sarta usaha metot suku Kresna pikeun ngeureunkeun léngkahna.

Bari hanjelu jeung sora nu pegat-pegat, Arjuna ngomong, "Oh akang Kesawa (Kresna), ulah gamparan ngaletak ciduh ucapkan saméméhna! Gamparan geus ngedalkeun jangji yén moal milu perang. Oh akang Madawa (Kresna), lamun akang nuluykeun niat gamparan, jalma-jalma baris ngomong yén gamparan tukang linyok bohong. Kabéh penderitaan alatan perang ieu, keun waé dewk anu bakal nanggung! Kuring anu baris nelasan engkong anu dipihormat éta, lamun dwk maehan kolot bakal jadi anak doraka !..."

Kresna henteu némbalan sanggeus ngadéngé kecap-kecap Arjuna, manéhna ngabolaykeun niatna sarta naék balik ka luhur karétana.

Pati[édit | sunting sumber]

Saméméh poé maotna, Pandawa sarta Kresna ngadatangan kémahna Bisma dina mangsa peuting pikeun maluruh kalemahna. Bisma weruh yén Pandawa sarta Kresna geus asup kana kémahna sarta manéhna ngabagéakeun maranéhanana kalayan soméah. Sabot Yudistira nanyakeun naon anu bisa dipigawé pikeun ngéléhkeun Bisma anu kacida dipihormat ku Pandawa, Bisma némbalan:

   
Bisma
...kanyahokeun pantangan éyang, yén éyang moal narajang hiji jalma anu geus miceun pakarang, ogé anu labuh tina karétana. Éyang ogé moal narajang maranéhanana anu pakarangna leupas tina leungeun, moal narajang jelema anu bendéra lambang kebesarannya ancur, jelema anu mawa lumpat diri, jelema dina kaayaan sieun, jelema anu takluk sarta ngomong yén manéhna nyerah, sarta éyang ogé moal narajang saurang wanoja, ogé hiji jalma anu ngaranna kawas wanoja, jelema anu lemah sarta teu sanggup ngajaga diri, jelema anu ngan ngabogaan saurang anak lalaki, atawa ogé jelema anu keur mabok. Éyang sungkan tarung jeung éta kabéh...The Mahabharata of Krishna Dwaipayana Wyasa. Buku VI: Bismaparwa.
   
Bisma

[[Berkas:Bhismaarrowbed.jpg|right|300px|thumb|Bisma saré kalayan awak anu karancang ku ratusan panah bari méré piwejang ka Pandawa jeung Kurawa.]] Bisma ogé ngomong lamun pihak Pandawa hayang ngéléhkeunana, maranéhanana kudu nempatkeun hiji jalma anu ngajadikeun Bisma sungkan pikeun tarung di hareupeun karéta Arjuna, alatan manéhna yakin ngan Arjuna sarta Kresna anu sanggup ngéléhkeunana dina peperangan. Kalayan nyumput di tukangeun jelema anu ngajadikeun Bisma sungkan jurit, Arjuna kudu sanggup ngalumpuhkeun Bisma ku panah-panahna. Nujul kana katerangan kasebut, Kresna nyadarkeun Arjuna ngeunaan kawajibanana. Sanajan Arjuna ajrih kénéh, tapi manéhna kudu ngaréngsékeun pancén kasebut. Dina poé kasapuluh, Srikandi narajang Bisma, tapi Bisma henteu ngalawan. Di tukangeun Srikandi, Arjuna mentangkeun panah-panahna anu hébat sarta hasil ngalumpuhkan Bisma. Panah-panah kasebut mebes sarta nembus baju beusina, saterusna Bisma lagrag tina karétana, tapi awakna henteu antel kana taneuh lantaran disoko ku puluhan panah anu mebes dina awakna. Tapi Bisma henteu gugur saharitaeun alatan manéhna kaci nangtukeun waktu maotna sorangan. Bisma ngaleupaskeun nafas pamungkasna sanggeus manéhna nyaksian ancurna pasukan Kurawa sarta sanggeus manéhna méré piwejang ka Yudistira sanggeus perang Baratayuda réngsé.

Riwayat[édit | sunting sumber]

Bisma nyaéta anak Prabu Santanu, Raja Astina jeung Dewi Gangga. Waktu leutik ngaranna téh Radén Déwabrata anu hartina turunan Barata anu luhur. Manéhna ogé miboga ngaran séjén nyaéta Ganggadata. Manéhna nyaéta salah sahiji inohong wayang anu henteu kawin anu disebut ku istilah Brahmacarin. Dumuk di patapaan Talkanda. Bisma dina pawayangan digambarkan salaku saurang anu sakti, di mana sabenerna manéhna téh ngabogaan hak kana tahta Astina tapi alatan kahayang anu luhur ti dirina demi nyingkahan perpecahan nagara Astina manéhna rela henteu jadi raja.

Resi Bisma pohara sakti mandraguna sarta réa anu taluk ka manéhna. Manéhna miluan sayembara pikeun meunangkeun putri pikeun Raja Astina sarta ngaboyong 3 putri. Salah sahiji putri anu dibeunangkeunana nyaéta Dewi Amba. Dewi Amba tétéla mitresna Bisma. Bisma henteu bisa nampa kaasih Dewi Amba alatan manéhna ngan wawakil pikeun ngabeunangkeun Dewi Amba. Tapi Dewi Amba tetep keukeuh ngan daék kawin jeung Bisma. Bisma ogé nyingsieunan Dewi Amba ku pakarang saktina anu malahan henteu ngahaja nelasan Dewi Amba. Dewi Amba anu keur sakarat dikeukeup ku Bisma bari nyarita yén saéstuna dirina ogé mitresna Dewi Amba. Sanggeus roh Dewi Amba kaluar ti jasadnya saterusna ngomong yén manéhna baris mapag Bisma hiji waktu ambéh bisa babarengan di alam séjén sarta Bisma ogé nyangupan. Dicaritakeun yén roh Dewi Amba nitis reinkarnasi ka Srikandi anu baris maéhan Bisma dina perang Baratayuda.

Dicaritakeun, waktu manéhna lahir, indungna moksa ka alam baka ninggalkeun Déwabrata anu masih orok. Bapana prabu Santanu saterusna néangan wanoja anu daék nyusuan Déwabrata nepi ka di nagara Wirata papanggih jeung Dewi Durgandini atawa Dewi Satyawati, pamajikan Parasara anu geus ngalahirkeun Resi Abiyasa. Sanggeus Durgandini pipirakan, manéhna dijadikeun permaisuri ku Prabu Santanu sarta ngababarkeun Citrānggada jeung Wicitrawirya, anu jadi baraya Bisma sabapa ngan béda indung.

Sanggeus ngadahupkeun Citrānggada jeung Wicitrawirya, Prabu Santanu turun tahta jadi patapa, sarta digantikeun ku anakna. Hanjakal dua anakna saterusna maot sacara runtuy, ku kituna tahta karajaan Astina sarta randa Citrānggada jeung Wicitrawirya dibikeun ka Abiyasa, putra Durgandini ti salaki kahiji. Abiyasa anu saterusna nurunkeun Pandu jeung Dretarata, kolot Pandawa jeung Kurawa. Demi jangjina ngabéla Astina, Bisma mihak ka Kurawa sarta gugur katelasan ku Srikandi dina perang Baratayuda.

Bisma ngabogaan kesaktian nu tangtu, nyaéta manéhna bisa nangtukeun waktu maotna sorangan. Mangka sabot geus sakarat kakeunaan ku panah, manéhna ménta hiji tempat pikeun ngedeng. Kurawa méré tempat saré anu méwah tapi ditolak ku Bisma, tungtungna Pandawa méré ujung panah minangka alas saréna (kasur panah) (sarpatala). Tapi manéhna tacan hayang maot, hayang nempo ahir tina perang Baratayuda.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa