Boling

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Pin boling
Pamaén boling

Boling (bal gorolong) atawa bowling nyaéta olahraga di jero rohangan anu dipigawé ku cara ngagorolongkeun bal husus dina hiji jalur pikeun ngarobohekun sapuluh pin anu ngajajar.[1] Olahraga anu geus dipikawanoh di sawatara nagara ieu bernaung dina Federation Internationale des Quilleurs (FIQ).[1] Boling geus dicoo 7.000 taun ka tukang di Mesir kuna.[2] Kaulinan cikal bakal boling dina waktu éta jauh béda jeung kaulinan boling kawas anu mindeng ditempo ayeuna. Dina waktu éta anu dialungkeun nyaéta batu karikil atawa batu karang. Sasaranna ogé batu karang. Dina kaulinan boling modern, anu dijadikeun sasaran nyaéta pin atawa paseuk. Bentukna kawas botol, sarta jumlahna aya 10 siki. Nu ngalungkeun nyaéta ngalungkeun bal anu diaméterna 21,6 cm. Dina bal éta aya liang leutik tilu siki. Gunana pikeun cecekelan, nyaéta pikeun ngasupkeun ramo leungeun pamaénna.

Boling di Indonésia[édit | sunting sumber]

Boling mimitina dipikawanoh di Indonésia lantaran dibukana olahraga boling dina 16 jalur di Hotél Kartika Plaza, Jakarta, dina bulan Agustus 1970.[1] Sedengkeun persatuan Bowling Indonésia (PBI) dijieun dina tanggal 6 Oktober 1970.[1] Olahraga ieu beuki kasohor sabot Menteri Pariwisata Pos sarta Télékomunikasi nyaéta Achmad Tahir, ngawanohkeun boling ka masarakat dina 1983. [1]

Pakakas Boling[édit | sunting sumber]

Sacara gurat badag, pakakas boling diwangun ti tilu unsur, nyaéta bal, jalur, sarta pin.[1] Bal boling dijieun tina karét atawa plastik.[1] Bal anu biasa dipaké dina kompetisi ngabogaan diaméter 21,6 cm sarta bobot 3,6-7,2 kg.[1] Panjang jalur boling nyaéta 18,3 m, sedengkeun rubakna kira-kira 1 m.[1] Di palebah katuhu sarta kénca jalur boling aya jalur pendék (channels atawa gutters) anu rubakna 24,1 cm. Kabéh bal anu asup ka channel disebut scratch (meunang peunteun 0).[1] Sedengkeun pin umumna dijieun ti kai atawa plastik. Bobot pin kira-kira 1,5 kg, sedengkeun jangkungna kira-kira 38 cm.[1]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k (id) Syukur, Abdul. dkk. 2005. Ensiklopedia Umum untuk Pelajar. PT Ichtiar Baru Van Hoeve
  2. (id) Ensiklopedia Anak Nasional. 1989. PT Cipta Adi Pustaka
Nulis.jpg