Bruno Mars
Peter Gene Hernandez (lahir 8 Oktober 1985), nu leuwih dipikawanoh kalayan ngaran Bruno Mars, nya éta saurang penyanyi, penulis lagu Amérika jeung produser musik. [1] Hirup di Honolulu, Hawaii ku kulawarga musisi. [1] Bapana, Pete urang New York nya éta pamaén perkusi. [2] Indungna, Bernie urang Filipina turunan Puerto Rico nya éta saurang penari hula. [2] Bruno Mars ngamimitian karier dina taun 2006, sanggeus ngabéréskeun sakolana, manéhna pindah ka Los Angeles. [2] Tuluy manéhna wawanohan jeung Aaron Bay Schuck, anu ayeuna jadi manajerna. [2]
Bruno Mars mimiti nyieun lagu nalika masih ngora kénéh. [1] Sanggeus tampil di sababaraha tempat musik di kota kalahiranana, manéhna mutuskeun hayang hirup di dunya karir musik. [1] Bruno Mars mimiti mroduksi lagu pikeun artis séjén, ngagabung kalayan tim produksi Smeezingtons. [1] Manéhna jadi artis solo sanggeus nulis lagu Nothin’ on You by B.o.B, sarta Billionaire ku Travie Mccoy. [1] Manéhna ogé nulis hits Right Round ku Flo Rida mintonkeun Kesha, Wavin Flag ku K’naan, jeung Fuck You! ku Green Lo Cee. [1] Dina bulan Oktober 2010, manéhna ngarilis album Doo-wops & Hooligans. [1] Tuluy nyieun lagu Just the Way You Are jeung Grenade. [1] Manéhna geus meunang penghargaan Grammy di 53 Grammy Awards, anu diayakeun tanggal 13 Pebruari , 2011. [1]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Rujukan [édit]