Buah naga
Buah Naga nya éta jenis bungbuahan anu asalna ti nagara Meksiko, Amerika.[1] Masarakat Cina Kuna nganggap buah naga leuwih ti saukur buah kalayan rupa-rupa mangpaat.[1] Buah jeung kulit anu nyarupaan sisit oray badag ieu mindeng jadi pangaping dua patung di méja altar sesembahan. [1] Saban raraméan taun anyar Imlek buah ieu ogé disajikeun, sarta jadi salah sahiji sajian anu wajib aya alatan dipercaya mawa berkah. [1] Padahal di tempat asalna, Meksiko, buah naga malahan dianggap palebah panon. [1] Kakara sanggeus dibawa ka Vietnam, pepelakan buah naga mimitian dibudidayakeun sacara lega saméméh pamustunganana ngembang ka nagara Asia Tenggara. [1] Di Vietnam buah naga mindeng disebut Thanh long atawa clever dragon sedengkeun masarakat Cina nyebutkeunana Feuy Long Kwa.[1] Di wewengkon Meksiko, buah naga disebut Pitahaya. [1] Buah naga sorangan ngabogaan kelir kulit anu murub, kulitna ogé henteu lemes, tapi mangrupa lapisan siga bawang ku kituna jiga sisit oray badag atawa naga. [1] Eusi buahna boga warna bodas, beureum atawa bungur kalayan siki-siki boga warna hideung. [1] Eusina kawas selasih sedengkeun rasana kawas buah kiwi. [1]
Mangpaat [édit]
Buah naga miboga khasiat anu méré mangpaat pikeun kaséhatan manusa diantarana pikeun nyaimbangkeun kadar gula getih, pencegah kanker peujit, ngurangan kolesterol, nyingkahan pendarahan. [2] Buah naga biasana di jadikeun kadaharan dina rupa-rupa jenis saperti dina wangun buah seger pikeun ngaleungitkeun haus, alatan buah naga ngandung kadar cai anu luhur kira-kira 90 % ti beurat buahna sorangan. [2] Rasana amis alatan ngandung kadar gula ngahontal 13-18 briks.[2] Buah naga ogé bisa dijieun jus, sari buah, manisan jeung selé .[2] Sacara umum,pakar sapamadegan sarta ngaku buah naga beunghar kalayan potasium, ferum, protein, serat, sodium sarta kalsium anu alus pikeun keséhatan ti batan bungbuahan séjén anu di import.[2]
Rujukan [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |