Bujangga Manik

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Bujangga Manik mangrupa salah sahiji naskah dina basa Sunda anu pohara gedé ajénna. Naskah ieu ditulis dina wangun puisi naratif dina daun lontar anu kiwari disimpen di Pabukon Bodleian di Oxford ti taun 1627 (MS Jav. b. 3 (R), cf. Noorduyn 1968:469, Ricklefs/Voorhoeve 1977:181). Ieu naskah diwangun ku 29 lambar daun lontar, anu unggal lambarna ngandung kira-kira 56 jajar anu unggal jajarna diwangun ku 8 padalisan, ditulis dina wangun puisi Sunda buhun.

Anu ngalalakon dina ieu naskah téh nyaéta Prabu Jaya Pakuan nu boga landihan Bujangga Manik, saurang resi Hindu anu, sanajan mangrupa saurang prabu di karaton Pakuan Pajajaran (puseur dayeuh Karajaan Sunda, anu perenahna di wewengkon anu ayeuna jadi dayeuh Bogor), leuwih resep ngalakonan hirup jadi resi. Salaku resi, manéhna ngumbara mapay kabuyutan atawa puseur kaagamaan (Hindu) nu aya di Jawa jeung Bali. Anjeunna nyaritakeun yén pangumbaraanana téh dipaju dua kali. Samulangna ti Jawa, Bujangga Manik tatapa di hiji gunung di Tanah Sunda (bali geusan ngajadina) nepi ka pupusna. Noorduyn, J. (2006). Three Old Sundanese poems, KITLV Press.

Écés pisan, tina carita dina naskah, yén naskah Bujangga Manik asalna ti jaman saméméh Islam asup ka Tatar Sunda. Ieu hal dilantarankeun dina naskah henteu nyampak hiji ogé kecap-kecap anu asalna tina basa Arab. Disebutna Majapait, Malaka sarta Demak ngajadikeun urang bisa neguh yén naskah ieu ditulis dina ahir taun 1400-an atawa awal taun 1500-an.Noorduyn, J. (2006). Three Old Sundanese poems, KITLV Press.

Naskah ieu pohara gedé ajénna lantaran ngagambarkeun topografi pulo Jawa dina kira-kira abad ke-15. Leuwih ti 450 ngaran tempat, gunung sarta walungan disebutkeun dina ieu naskah. Sawaréh ti ngaran-ngaran tempat kasebut masih dipaké nepi ka ayeuna

Ringkesan Eusi Naskah[édit | sunting sumber]

Anu nulis naskah buhun ieu téh nyaéta Prabu Jaya Pakuan. Pangeran Jaya Pakuan boga landihan Bujangga Manik,dicaritakeun yén anjeunna baris ninggalkeun ambuna pikeun ngumbara ka arah wétan. Anjeunna pohara taliti dina nyaritakeun lalampahanana.

Bujangga Manik mitembeyan lalampahan kahijina ngaliwatan wewengkon Puncak. Waktu Bujangga Manik leumpang nanjak ka wewengkon Puncak, anjeuna reureuh heula, diuk, ngipasan awak sarta nempokeun kaéndahan alam hususna Gunung Gedé, disebut ku anjeunna sabagé titik pangluhurna nu aya di dayeuh Pakuan (ibukota Karajaan Sunda).

Ti Puncak, anjeunna neruskeun lalampahan nepi ka meuntas Cipamali (ayeuna mindeng disebut Kali Brebes ) pikeun asup ka wewengkon Jawa. Di wewengkon Jawa anjeunna mapay-mapay patempatan anu kawengku ku Majapait. Patempatan anu kawengku ku karajaan Demak (alas Demak) ogé kaliwatan. Sadatang di Pamalang, Bujangga Manik nineung ka ambuna sarta buleud haté pikeun balik. Tapi dina mangsa ieu, anjeunna leuwih milih jalan laut nyaéta naék kapal anu datang ti Malaka. Kasultanan Malaka mimiti pertengahan abad ke-15 nepi ka ditalukkeunna ku Portugis ngawasa perdagangan di laut.

Miangna kapal ti darmaga digambarkeun kawas upacara pésta bedil ditémbakkeun tujuh kali, pakakas musik ditabeuh, sawatara lagu ditembangkeun kalayan tarik ku awak kapal; bahan-bahan anu nyusun kapal ogé diwincik ku Bujangga Manik; aya awi gombong jeung awi nyowana. Bahan tina hoé ogé aya rupa-rupa, hoé muka, hoé omas jeung hoé walatung. Tihang kapal dijieun tina kai laka. Bujangga Manik ogé helok ningali awak kapal anu asalna ti réa sélér.

Lalampahan ti Pamalang ka Sunda Kalapa, palabuhan Karajaan Sunda, dilayaran sajero waktu satengah bulan, anu méré gambaran yén kapal anu ditumpakan téh nyimpang ka sababaraha patempatan nu aya diantara Pamalang jeung Kalapa. Tina palayaran kasebut, Bujangga Manik nyieun ngaran landihan séjénna nyaéta Ameng Layaran.

Ti Sunda Kalapa, Bujangga Manik ngaliwatan Pabéyaan sarta neruskeun lalampahan ka karaton di Pakuan, di bagian kidul dayeuh Bogor kiwari. Bujangga Manik asup ka Pakancilan, terus asup ka balé réncéng (paviliun) anu diréka-réka (didekorasi) sarta tuluy diuk di dinya. Bujanga Manik nempo ambuna keur ninun. Ambuna kagét jeung bungah nempo anakna mulang. Anjeunna geura-giru ninggalkeun pagawéan ninunna sarta asup ka imah nyingkabkeun sawatara kasang carita (hordéng) nu aya rarawisanna, sarta unggah kana ranjang. Ambuna Bujangga Manik nyiapkeun pangbagéa ka anakna, nyokot sabaki seupaheun, mérésan rambut, sarta maké kaén mahal. Anjeunna terus turun tina ranjang, kaluar ti imah, nuju ka balé réncéng sarta ngabagéakeun anakna. Bujangga Manik nampa seupaheun anu disuguhkeun ku ambuna.

Dina bagian saterusna, dicaritakeun ngeunaan putri Ajung Larang Sakéan Kilat Bancana. Emban Jompong Larang ninggalkeun kadaton, meuntasan Cipakancilan sarta datang ka karaton Bujangga Manik. Di karaton kasebut Jompong Larang paamprok jeung Bujangga Manik. Jompong Larang kataji pisan ku Bujangga Manik.

Samulangna ka kadaton, Jompong Larang manggihan putri Ajung Larang anu pareng keur riweuh ninun. Sang putri ngabogaan ebun Cina beunang ngimpor ti mancanagara, nempo Jompong Larang anu geura-giru, naék ka manggung sarta saterusna diuk di gigireun sang putri. Putri nanyakeun talatah naon anu dibawana; Jompong Larang ngomong yén manéhna nempo lalaki anu pohara kasép, sabanding pikeun putri Ajung Larang. Manéhna nyaritakeun yén Ameng Layaran leuwih kasép batan Banyak Catra atawa Silih Wangi, atawa ponakan sang putri, atawa saha waé. Leuwih ti éta, lalaki éta singer nyieun karya sastra dina daun nipah sarta bisa basa Jawa. Putri Ajung Larang langsung ngarasa kapentang asmara. Anjeunna saterusna ngeureunkeun pagawéan ninunna sarta asup ka imah nyiapkeun hadiah pikeun Bujangga Manik ti mimiti seupaheun jeung perhiasan sarta barang nu éndah lianna kalayan ati-ati. Putri ogé ngahadiahkeun rupa-rupa parfum ti mancanagara anu pohara mahalna, baju katut keris anu éndah.

Ambuna Bujangga Manik ngadesek anakna pikeun nampa hadiah ti putri Ajung Larang, saterusna ngagambarkeun kageulisan putri sarta pujian séjénna. Ambuna Bujangga Manik ogé nyarita yén putri bakal sumerah diri ka Bujangga Manik. Saterusna anjeunna ngedalkeun kecap-kecap anu henteu kungsi ditepikeun ku putri Ajung Larang "Kuring baris sumerah diri. Kuring baris nyamber kawas heulang, ngerekeb kawas maung, ménta ditarima jadi kikindeuwan". Ameng Layaran reuwas ngadéngé uucapan ambuna sarta nyebutkeun yén éta téh ucapan larangan (carek larangan) sarta buleud haté pikeun nampik hadiah kasebut. Manéhna ménta ambuna marengan Jompong Larang pikeun mulangkeun hadiah kasebut sarta ngupahan ka putri Ajung Larang. Manéhna leuwih resep hirup nyorangan sarta ngajaga ajaran anu katarima salila lalampahanana ka Jawa, di hiji pasantrén di lamping Gunung Merbabu (anu ku manéhna disebut Gunung Damalung sarta Pamrihan). Pikeun éta pisan Bujangga Manik kapaksa kudu ninggalkeun deui ambuna.

Bujangga Manik nyokot kantong anu eusina buku gedé (apus ageung) sarta siksaguru, ogé iteuk hoé sarta pecut. Manéhna saterusna ngomong yén baris indit deui ka wétan, ka tungtung wétan pulo Jawa pikeun néangan patempatan pikeun jaga manéhna dikuburkan, pikeun néangan "laut pikeun palid, hiji tempat pikeun pupusna, hiji tempat pikeun ngagolérkeun awakna". Kalayan kecap-kecap anu dramatis ieu anjeunna ninggalkeun karaton sarta mitembeyan pangumbaraan panjangna, sarta henteu kungsi balik deui.

Bujangga Manik neruskeun lalampahanana ka wétan, nuliskeun réa pisan ngaran patempatan anu sawaréh masih dipaké nepi ka kiwari.

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • J. Noorduyn (alihbasa ku Iskandarwassid). 1984. Perjalanan Bujangga Manik Menyusuri Tanah Jawa: data topografis dari sumber Sunda Kuno. KITLV & LIPI, Jakarta.
  • J. Noorduyn & A. Teeuw. 2006. Three Old Sundanese Poems. Leiden: KITLV.