Bukhansan
| Bukhansan | ||||||||
|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
Punclut Insu di Bukhansan |
||||||||
| Ngaran Koréa | ||||||||
|
Bukhansan, atawa Gunung Bukhan, nyaeta hiji gunung di beh kalereun Seoul, Korea Kidul. Bagéan penting Seoul diwawatesan ku Bukhansan, nu mangrupakeun patempatan nu gampang katempo ti sabagéaan wewengkon di kota ieu.
Gunung ieu jangkungna 836.5 meter saluhureun pabeungeutan laut. Ngaran ieu hartina "Gunung Han Kalér," nujul kana perenahna di kalereun walungan Han. Gunung ieu ogé mangrupakeun totondén wates Kalér nalika jaman Joseon Seoul.
Bukhansan, jeung Taman Nasional Bukhansan nu mangrupakeun bagéanana, mangrupakeun daya tarik nu kasohor di wewengkon Seoul. Gunung ieu dipikawanoh minangka salasahiji tujuan nu dipikaresep pikeun nempo manuk jeung hiking di wewengkon métropolitan Seoul.
Daptar eusi |
Ngaran [édit]
Kiwari geus aya peta pikeun malikkeun deui ngaran Bukhansan. Geus sababaraha taun lilana tepi ka kiwari, tilu punclut taman ieu kabéhanana disebut "Bukhansan"; sok padahal, ngaran asli katilu punclut éta kabéhananan téh nyaéta Samkaksan, nu hartina "tilu gunung tandukan". Pupuhu Kantor Distrik Gangbuk-gu di Seoul mingpin petisi ka pamaréntah puseur pikeun ngaganti ngaran gunung ieu balik deui ka ngaran aslina. [1]
Galeri [édit]
Catetan [édit]
- ↑ Park, Jin-woo (박진우) (2007-06-14). "북한산, 본래 이름 '삼각산' 되찾아야". Sports Hankook. Diakses pada 21 Juni 2007.
Tempo ogé [édit]
Tumbu kaluar [édit]
| Artikel ngeunaan patempatan di Koréa Kidul ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |