Buleud manjang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Hiji wangun buleud manjang

Hiji wangun buleud manjang nyaéta hiji sféroid nu mana sumbu kutubna leuwih gedé tinimbang diaméter ékuatorialna. Wangun buleud manjang mirip jeung buleud kutub datar. Wangun ieu didéfinisikeun ku pasaruaan \mu = c pikeun sawatara konstanta nanaon wéh c, dina koordinat buleud manjang.

Hiji wangun buleud manjang bisa dibentuk ku cara muter elips di sakurilingeun poros utamina.

Properti[édit | sunting sumber]

Wangun buleud manjang miboga lega

L = 2\pi\left(a^2+\frac{a b \alpha}{\sin(\alpha)}\right)

di mana \alpha=\arccos\left(\frac{a}{b}\right) nya éta ékséntrisitas juru ti élipsna, e=\sin(\alpha) nya éta ékséntrisitasna, \ b nya éta radius kutub, jeung \ a nya éta radius ékuator.

Volume hiji wangun buleud manjang diétang ku V = \frac{4}{3}\pi a^2 b

Guna[édit | sunting sumber]

Wangun buleud manjang nya éta bentuk bal ti sababaraha olahraga, kawas dina rugbi union, rugbi liga, jeung Australian rules football. Dina American football jeung Canadian football, wangun buleud manjang anu leuwih seukeut dipaké (hiji ngawakilkeun vesica piscis dina bagian silang).[1]

Sawatara bulan ti Sistim Tata Surya urang kira-kira wangunna buleud manjang, sanajan anu sabenerna teu sarua panjang-panjangna. Contona Mimas, Enceladus, jeung Tethys (satelitna Saturnus), sarta Miranda (salasahiji satelitna Uranus). Kadang bisa jadi buleud kutub datar ku rotasi anu gancang, objék angkasa robah kana buleuf manjang ku gaya tarik basa keur ngorbit hiji banda nu gedé dina jarak anu deukeut. Conto nu ékstrim nya éta Io, anu jadi leuwih atawa kirang manjang dina orbitna ku lantaran ékséntrisitas nu saeutik, nyababkeun volcanisme nu luar biasa. Kedah diperhatoskeun yén porosna wangun buleud manjang heunteu liwat kutubna satelit dina kasus ieu, tapi dau titik dina ékuatorna maju kalaluar.

Wangun ieu ogé dipaké pikeun ngagambarkeun bentuk sawatara nébula saperti Nébula Kapiting.[2]

Bentuk pangumumna ti panyebaran kapadetan proton jeung neutron dina hiji nukleus atom nya éta buleud manjang atawa kutub datara. Bentuk anu kabongkar diakibatkeun ku silihsihungna panolakan éléktromagnétik antara, tekenan paroman, jeung éfék cangkang quantum.

Réferénsi[édit | sunting sumber]

  1. See 2008 NCAA Football Rules and Interpretations, Sec. 1, Art. 1
  2. Trimble, Virginia Louise (October 1973), "The Distance to the Crab Nebula and NP 0532", Publications of the Astronomical Society of the Pacific 85 (507): 579, doi:10.1086/129507, Bibcode1973PASP...85..579T 


E-to-the-i-pi.svg