Buuk

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Buuk Jelema

Buuk nya éta nu jaradi dina hulu jelema.[1] Hijianana kana buuk nya éta lambar, salambar.[1] Rata-rata buuk awéwé panjang, sok digelungkeun atawa diuntun.[1] Lamun awéwé tas dicumplang buukna sok tara terus digelungkeun tapi sina ngarumbay heula supaya téréh garing.[1] Buuk lalaki lamun geus panjang sok dipolka atawa digundulan, dicukur.[1] Tapi lamun geus dipolka sok terus disahéding.[1]

Buuk sabenerna nya éta perkembangan ti lapisan tanduk kulit.[2] Kawas kuku, buuk henteu karasa nyeri lamun dipotong, alatan sél-sél tanduk ieu henteu ngandung urat saraf.[2] Alatan buuk nyaéta bagian anu penting ti penampilan urang sarta alatan buuk gampang dipotong sarta diatur ampir dina sagala modél, lalaki sarta wanoja geus ngalakonan sagala hal jeung buuk maranéhanana saprak permulaan jaman.[2]



Istilah Buuk[édit | sunting sumber]

Buuk nu jadina carang sok disebut buuk carang, sabalikna tina buuk gomplok.[1] Nu jadina lalempeng disebut buuk jocong.[1] Nu jadina tingpurilit disebutna buuk galing.[1] Buuk siga bulu jagong nya éta sebutan keur urang Éropa nu rupana beureum kolot.[1] Buuk nu tara disisiran disebutna busik, jempet, jedig, rewig, rinyong, jeung sajabana.[1] Buuk nu bodas hayang hideung kudu disemir atawa diulasan tarum uyeng.[1] Nu sok disisiran biasana disebut luis atawa lecir.[1] Buuk nu dicukur tapi palebah embun-embunan ditinggalkeun, buuk nu tinggal disebutna jambul.[1] Buuk nu dicukur tapi palebah nu nyeklok ditinggalkeun, nu tinggal disebutna gogombak.[1]

Jenis Buuk[édit | sunting sumber]

Buuk Galing
Buuk Berombak

Jenis buuk anu dipiboga mangrupa warisan. Struktur umum buuk téh béda-béda unggal manusa.[2] Tapi bentukna, warnana, kekonsistenan umumna, sarta penampilan salambar bagian buuk di handapeun mikroskop ngan béda saeutik.[2] Sarta alatan béda-béda ieu lumangsung alatan pola nu tangtu, buuk nyaéta salah sahiji cara anu pangalusna pikeun nangtukeun struktur bangsa hiji jalma.[2] Maksudna, buuk anu dipiboga mangrupa cirining hiji suku.[2] Aya tilu golongan buuk anu utama dumasar bentukna.[2]

Golongan anu kahiji nyaéta pondok sarta garing, jenis anu dingaranan "berbulu".[2] Penampang melintang ti buuk ieu némbongkeun yén buuk éta ngawangun lonjong.[2] Warnana ampir sakabéhna hideung pekat, sarta buuk éta dipiboga ku kabéh bangsa kulit hideung ku dua kekecualian. [2] Jenis buuk anu kadua nyaéta lempeng, ipis, panjang, sarta garihal.[2] Penampang melintang ti buuk jenis ieu kasampak buleud.[2] Warnana ampir hideung murni.[2] Buuk jenis ieu dipiboga ku jalma-jalma Cina, Mongolian, sarta Indian Amérika.[2]

Jenis buuk anu katilu nyaéta berombak sarta keriting, atawa lemes sarta kawas sutera.[2] Penampangnya ngawangun buleud endog.[2] Buuk ieu dipiboga ku jalma-jalma Éropa.[2] Buuk jenis ieu, utamana boga warna pérang kalayan variasi-variasi kelir hideung, coklat, beureum, atawa konéng sepa.[2] Aya ogé jenis buuk kaopat anu dipikawanoh galing, nyaéta buuk anu dipiboga ku para nu nyicingan pribumi Australia.[2] Buuk galing umumna nyaéta buuk anu pohara datar dina strukturna.[2] Beuki buleud buuk, baris beuki jeger.[2]

Lamun nyarita ngeunaan kelir, sawatara jenis buuk miboga variasi kelir, sarta sawatara henteu.[2] Jenis-jenis buuk anu berombak pohara variatif warnana.[2] Éta pisan sababna naha di antara jalma-jalma Éropa bisa manggihan hiji jalma nu miboga kelir buuk hideung pekat anu pagigir-gigir jeung buuk warna konéng sepa.[2] Tapi buuk pérang leuwih umum di Éropa Kalér sarta leuwih jarang aya di kidul.[2] Di antara bangsa-bangsa anu rambutna lempeng, kelir buuk pérang pohara jarang.[2] Bangsa-bangsa anu miboga buuk galing miboga buuk beureum ampir saloba jelema anu rambutan berombak.[2] Tapi buuk beureum ngan bisa dikaitkeun dina jelema nu tangtu.[2] Euweuh bangsa anu rambutna beureum.[2]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Buku Utama
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad (id) Leokum, Arkady(1997) Aku Ingin Tahu Jilid 1 Jakarta:Quality Press