Cécéndét
| Cécéndét | |
|---|---|
| Cécéndét, Bogor, Jawa Kulon | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Kingdom: | Plantae |
| Division: | Magnoliophyta |
| Class: | Magnoliopsida |
| Order: | Solanales |
| Family: | Solanaceae |
| Genus: | Physalis |
| Ngaran binomial | |
| P. angulata L.
P. minima P. peruviana |
|
Cécéndét atawa cécénét nya éta ngaran tutuwuhan liar, mangrupa semak atawa perdu anu pendék (biasana jangkungna nepi ka saméter) sarta miboga umur kurang leuwih sataun.[1] Cécéndét tumuwuh kalayan subur di dataran handap nepi ka 1550 meter dataran luhur, biasana tumuwuh dina taneuh tegalan, sérang-sérang garing, sarta di leuweung-leuweung jati.[1] Kembangna warna konéng, wangun buahna buleud, warnana héjo semu koneng upama ngora keneh, tapi lamun geus kolot warnana coklat, rasana haseum amis.[1] Buah cécéndét anu ngora ditutupan ku cangkap (tiung panutup buah).[1] Buah cécéndét ngandung sanyawa kimia asam sitrun sarta fisalin.[2] Sajaba ti éta ogé ngandung Asam Malat, Alkaloid, Tanin, Kriptoxantin, Vitamin C sarta Gula.[2] Cécéndét miboga mangpaat pikeun ubar kasakit diabétes mellitus, paru-paru, sakalor, jeung borok.[2] Bahan anu digunakeun pikeun ngubaran kasakit diabétes melitus nya éta tangkal, buah, jeung akar cécéndét.[2] Pikeun gering paru-paru bahan anu dipaké nya éta akar, watang, daun, kembang jeung buahna.[2] Pikeun ngubaran sakalor nu digunakeun nya éta 8 nepi ka 10 siki buah cécéndét.[2] Sedengkeun pikeun ngubaran borok saranggeum daun cécéndét ditambahan 2 sendok cai kapur.[2]