Calingcing
| Averrhoa bilimbi | |
|---|---|
| Klasifikasi ilmiah | |
| Kingdom: | Plantae |
| Division: | Magnoliopita |
| Class: | Magnoliopsida |
| Order: | Oxalidales |
| Family: | Oxalidaceae |
| Genus: | Averrhoa |
| Species: | A. bilimbi |
| Ngaran binomial | |
| Averrhoa bilimbi L. |
|
Calingcing atawa balingbing wuluh; Averrhoa belimbi L.; kaasup suku balingbing (Oxalidaceae). Tangkal leutik, luhurna 5-15 m, tumuwuh nepi ka jangkungna 750 m luhureun beungeut laut. Daun majemuk, papasangan; anak daun wangunna lonjong nepi ka buleud endog. Kembang leutik, biasana mecenghul ti batang utama atawa cabang-cabang; kembang pulas héjo, makuta beureum gandola. Buah lonjong caian, rasana haseum pisan; ngagantung dina batang atawa daun.
Buah calingcing dimangpaatkeun pikeun sayur sarta pikeun ngabersihkeun kokotor dina pakéan atawa barang loyang atawa tambaga. Di Jawa Barat, tangkal ieu leuwih mindeng ditepungan minangka pepelakan liar, tapi teu arang ogé aya anu ngabudidayakeunana minangka pepelakan pakarangan. Reproduksina bisa ku siki atawa cangkokan. Buahna ngandung réa vitamin C; biasa dipaké pikeun samara angeun haseum atawa samara angeun séjénna, aya ogé anu dijieun manisan; dipikawanoh ogé minangka ubar batuk tradisional.
Rujukan [édit]
- Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusa, Budaya (Rosidi, dkk: 2000)
| Artikel ngeunaan tutuwuhan ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |