Candi Cangkuang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Candi Cangkuang, Garut.

Candi Cangkuang nyaéta candi titinggal Hindu nu aya di Kampung Pulo, wewengkon Cangkuang, Kac. Lélés, Garut, Jawa Kulon. Candi ieu pisan nu munggaran kapanggih di Tatar Sunda sarta mangrupakeun hiji-hijina candi Hindu di Tatar Sunda.

Sajarah[édit | sunting sumber]

Candi ieu mimiti kapanggih taun 1966 ku tim panalungtikan Harsoyo jeung Uka Candrasasmita dumasar kana laporan Vorderman (medal taun 1893) ngeunaan ayana arca nu ruksak jeung makam karuhun Arif Muhammad di Lélés. Lian ti manggihan ruruntuk candi, aya ogé talawéngkar sésa paso jeung batu-batu badag nu dikira-kira mangrupakeun titinggal jaman mégalitikum. Panalungtikan salajengna (taun 1967 jeung 1968) hasil ngagali wangunan makam téa.

Najan ampir bisa dipastikeun yén ieu candi téh titinggal ageman Hindu (kira abad ka-8 M, sajaman jeung candi-candi di situs Batujaya jeung Cibuaya?), ahéngna téh ku ayana pakuburan Islam di gigireunana.

Géografi[édit | sunting sumber]

Candi Cangkuang ayana di hiji "pulo" leutik nu bentukna manjang ngulon-ngétan nu legana 16,5 ha. Pulo leutik ieu aya di tengah situ Cangkuang dina koordinat 106°54'36,79" Bujur Wétan jeung 7°06'09" Lintang Kidul. Lian ti pulo nu aya candian, di situ ieu aya dua pulo séjénna nu ukuranana laleutik.

Lokasi situ Cangkuang ieu topografina aya dina hiji lembah subur kira 600-an m l.b.l. nu sakurilingbungkingna mangrupa gunung-gunung: Gunung Haruman (1.218 m l.b.l.) di béh wétan-kalér, Pasir Kadaleman (681 m l.b.l.) di kidul wetan, Pasir Gadung (1.841 m l.b.l.) di béh kidul, Gunung Guntur (2.849 m l.b.l.) di béh kulon-kidul, Gunung Malang (1.329 m l.b.l.) di béh kulon, Gunung Mandalawangi di béh kulon-kalér, jeung Gunung Kalédong (1.249 m l.b.l.) di béh kalér.

Wangunan candi[édit | sunting sumber]

Wangunan candi Cangkuang anu ayeuna kasaksian mangrupakeun hasil mugar nu diresmikeun taun 1978. Candi ieu ngadeg dina hiji lapik pasagi nu ukuranana 4,7 x 4,7 m nu jangkungna 30 cm. Suku wangunan nu ngawengku pelipit padma, pelipit kumuda, jeung pelipit pasagi ukuranana 4,5 x 4,5 m nu jangkungna 1,37 m. Di sisi kalérna aya penampil tempat tangga naék nu panjangna 1,5 m jeung lébar 1,26 m.

Awak wangunan candi bentukna pasagi 4,22 x 4,22 m nu jangkungna 2,49 m. Di sisi kalér aya lawang asup nu ukuranana 1,56 m (jangkung) x 0,6 m (lébar). Suhunan candi aya dua tingkat: pasagi ukuran 3,8 x 3,8 m nu jangkungna 1,56 m jeung 2,74 x 2,74 m nu jaungkungna 1,1 m. Di jerona aya rohangan ukuran 2,18 x 2,24 m nu jangkungna 2,55 m. Di dasarna aya legok ukuran 0,4 x 0,4 m nu jerona 7 m (dijieun nalika mugar sangkan wangunanana stabil).

Di antara sésa-sésa wangunan candi, kapanggih ogé arca (taun 1800-an) nu posisina keur sila luhureun padmasana ganda. Suku kénca nilep datar nu alasna nyanghareup ka jero pingping katuhu. Ari suku katuhu ka handap napak kana lapik. Hareupeun suku kénca aya hulu sapi (nandi) nu ceulina nunjuk ka hareup. Ku ayana hulu nandi ieu, para ahli nganggap yén ieu arca Siwa. Leungeun duanana namprak luhureun pingping. Dina awakna aya hiasan beuteung, hiasan dada, jeung hiasan ceuli.

Kaayaan arca ieu geus ruksak, beungeutna geus rata, leungeun neip ka pigeulang duanana geus leungit. Lébar beungeut 8 cm, lébar taktak 18 cm, lébar cangkéng 9 cm, padmasana 38 cm (jangkungna 14 cm), lapik 37 cm & 45 cm (jangkung 6 cm jeung 19 cm), jangkung 41 cm.

Candi Cangkuang sakumaha anu kasaksi kiwari, sabenerna mangrupakeun hasil rékaan rékonstruksi, sabab nu aslina mah ukur 35%-an. Ku kituna, bentuk wangunan candi Cangkuang anu sabenerna mah can kanyahoan.

Candi ieu jarakna kira 3 m kiduleun kuburan Arif Muhammad.

Rujukan[édit | sunting sumber]