Cangkudu

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Cangkudu atawa Morinda Citrifolia

Cangkudu atawa Morinda Citrifolia nya éta ngaran tangkal perdu, buahna hampir sakeupeuleun leungeun, loba benjolan saperti kudis [1]. Cangkudu kaasup jenis kopi-kopian[2]. Cangkudu bisa tumbuh di dataran rendah nepi ka dina ketinggian 1500 méter diatas permukaan laut[2]. Tutuwuhan ieu miboga batang henteu badag teuing kira-kira luhur tangkal 3-8 m[2]. Daunna nyusun pahareup-hareup, panjang daun 20-40 cm sarta lébarna 7-15 cm[2]. Biasana tumbuh di sisi pager atawa di juru tepas di padesaan[1]. Tumbuh sorangan, lain dipelak ku jelema[1]. Numutkeun para ahli, si Noni téh salian ti bisa mantuan nganormalkeun darah tinggi, bisa ogé keur nyageurkeun kencing manis (''Diabetes Mellitus''), nyegah jadina sél kanker, ngalancarkeun pencernaan, jrrd [3].


Mangpaat Cangkudu[édit | sunting sumber]

Sacara tradisional, sakumna bagian tangkal cangkudu bisa dimangpaatkeun keur ubar [4]. Akarna pikeun ngubaran kejang-kejang sarta tetanus, nganormalkeun tekanan darah, ubar harééng, sarta tonikum[4]. Kulit batang dipaké keur ubar malaria, tonikum, antiseptik dina tatu, atawa ngempéskeun pembengkakan kulit[4]. Daunna dipaké minangka ubar disentri, kejang usus, lieur, utah-utah, sarta muriang[4].


Jaman baheula daun, akar, sarta batang cangkudu memang leuwih loba dimangpaatkeun[4]. Tapi ahir-ahir ieu buahna nu leuwih loba dimangpaatkeun keur ubar[4]. Contona pikeun nungkulan hipertensi, buah cangkudu nu asak dicokot caina, dicampur madu, saterusna diinum unggal isuk-isuk saméméh mumuluk[4]. Pikeun nungkulan panyakit konéng, dua buah cangkudu dicokot caina, dicampur gula batu, saterusna diinum (dipigawé saminggu dua kali nepi ka cageur)[4]. Pikeun batuk sarta ateul di tikoro, buah cangkudu nu asak didahar babarengan ku uyah.

Kandungan Cangkudu[édit | sunting sumber]

Tina hasil panalungtikan, buah cangkudu téh ngandung leuwih ti 60 zat anu mangpaat keur kasehatan urang[3]. Buah sarta daun cangkudu mangrupa bahan pangan nu miboga kandungan gizi lengkep[4]. Sajaba sagala rupa vitamin, protein, sarta mineral, cangkudu ogé ngandung xeronine nu mangpaatna pikeun ngoméan sél-sél anu ruksak dina awak[3], damnachantal nu mangrupa zat anu bisa nyegah jadina tumor[3], proxeronine, steroid alami, alizarin, lysin, sodium, asam kaprat, asam kaprilat, asam kaproat, arginine, antraquinone, trace elements, fenilalanin, selenium, magnesium[4], metil asetil ester, senyawa moridon, senyawa soranjidiol[5], jeung réa deui.


Di antara zat-zat gizi, kasebut aya zat antibakteri anu bisa maéhan Pseudomonas aeruginosa, Protens morganii, Staphylococcus aureus, Bacillus subtilis, Escherichia coli (cukang lantaran diare), Salmonella montivideo, S. scotmuelleri, S. typhii (cukang lantaran tifus), Shigella dysenteriae, S. flexnerii, S. pradysenteriae, sarta Staphylococcus aureus[4]. Senyawa scopoletin anu loba aya dina cangkudu sajaba boga sipat antibakteri, antiradang sarta antialergi, ngaronjatkeun sistem kekebalan awak (imunomodulator)[4], ogé bisa ngaronjatkeun fungsi kelenjar tiroid sarta kelenjar timus[6]. Kadua kelenjar ieu miboga fungsi ngalawan infeksi sarta ngajaga kekebalan awak[6]. Turunna fungsi kelenjar ieu bisa nyieun awak gampang katerap panyakit[6]. Pamakéan cangkudu pikeun pengobatan kanker ahir-ahir ieu beuki populér kalayan beuki lobana panalungtikan ngeunaan mangpaat mengkudu pikeun kanker[4].

Hasil Panalungtikan Ahli[édit | sunting sumber]

Tim panalungtikan Universitas Hawaii anu dipingpin Annie Hirazumi manggihan yén jus cangkudu ngaronjatkeun gawé sistem kekebalan awak (utamana sél makrofag sarta limfosit) beurit bodas anu diinduksi jeung sél kanker paru Lewis bisa tahan hirup 50 poé leuwih[4]. Padahal beurit anu henteu dibéré cangkudu ngan sanggup tahan hirup antara 9-12 poé waé[4]. Annie ogé nalungtik yén jus cangkudu méré mangpaat pikeun nungkulan sarcoma[4].


Tim panalungtikan Universitas Negeri Lousiana, AS, anu dipingpin ku Conrad A. Hornick, Ph.D manggihan yén jus cangkudu dina kadar 10% bisa ngeureunkeun pembentukan pembuluh darah (anti angiogenesis) dina sél kanker payudara sarta ngarusak pembuluh darah kanker anu geus aya, ku kituna sél-sél kanker jadi paéh[4]. Maria Gabriela Manuele saparakanca ngabuktikeun yén scopoletin bisa ngaktifkeun limfosit sakaligus maéhan sél kanker limfoma[4].


Ngolah Cangkudu Pikeun Ubar[édit | sunting sumber]

Ubar Hipertensi[édit | sunting sumber]

2 buah cangkudu dipiceun sikina, parud; hiji bonténg, parud sarta peureut. Campurkeun cai bonténg ka ramuan cangkudu, béré gula aren sarta 2 gelas cai panas, saring. Diinum 3 kali sapoé[5].


Ubar Ngalancarkeun Kahampangan[édit | sunting sumber]

2 buah cangkudu asak dikumbah, parud, béré sa sdm garam, peureut ku kaén. Pikeun diinum 3 kali sapoé[5].


Ubar Batuk[édit | sunting sumber]

2 buah cangkudu asak dikumbah, parud, peureut, béré gula batu sarta saeutik cai perasan cai jeruk nipis. Inum 3 kali sapoé[5].


Ubar Diabetes[édit | sunting sumber]

Sawatara daun cangkudu dikumbah, kulub nepi ka asak. Dahar minangka lalap[5].



Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c Rosidi, Ajip, spk.(2000) Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia dan Budaya. Jakarta: Pustaka Jaya
  2. a b c d Tanaman Obat Indonesia(Situs Diakses Ping 3 Oktober 2011)
  3. a b c d Manglé No. 1895
  4. a b c d e f g h i j k l m n o p q r Mengenal Manfaat Mengkudu Untuk Kanker(Situs Diakses Ping 3 Oktober 2011)
  5. a b c d e MENGKUDU (Morinda citrifolia L.)(Situs Diakses Ping 3 Oktober 2011)
  6. a b c Mengkudu, Si Buruk Rupa Kaya Manfaat(Situs Diakses Ping 3 Oktober 2011)