Celempung

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Celempung ( Ind.:Celempung), nya éta salah sahiji waditra tradisional Sunda daèrah Jawa Barat anu cara maénkeunana ditabeuh.[1] Waditra ieu miboga pungsi sarua jeung kendang nya éta miboga pungsi pikeun ngatur irama lagu. [1]Wangun penyajian waditra Celempung biasana disebut Celempungan. Ilaharna dina pintonan celempungan sok dilengkepan ku sababaraha waditra taradisional séjénna nya éta kacapi, rebab, atawa suling jeung goong buyung. [1]

Bahan nu dijieun pikeun celempung nya éta tina(awi gombong), ukuran diameter l.k.20cm, panjang l.k.40cm.[2] Biasana nyieun celempung tina awi gombong. [1] Awina disopak heula jeung ditengah-tengah sopakan diliangan (samodel) kohkol, sisi sopakan hinisna kenca-katuhu dicokel anu engkena minangka jadi senarna, jeung supaya bisa ngeleter disadana. [3].Nu dijadikeun bagian luhur (beungeutna) ditatah atawa diratakeun, bagian tengah diliangan ngarah suara senar agem dijero tabung; kaduana senar diatur nada-nadana, nya éta galimer (1/da dan 4/ti) atawa nada-nada nu lian gumantung nu ngajieun. [2]

Celempung mangrupa alat musik meunang niron tina Icikibung, nya éta sora kaulinan tradisional nu mangrupa tabeuhan dampal panangan jeung gerak siku di luhur cai nepi ka ngaluarkeun sora-sora anu has.[1] Kaulinan ieu biasana dipaénkeun ku para wanoja anu keur mandi di walungan.[1] Sora-sora tina kaulinan icikibung ieu ditiron jeung dipindahkeun jadi waditra nu dijieun tina awi gedé (awi gombong) nu disebut celempung. [1]

Bagian-bagian celempung ngawengku sirah, panutup gigir beulah kenca, pongpok, panutup beulah katuhu kedua utas sembilu salaku senar, talingkup, panyambung dua senar, nawa, salaku liang sora, baham, salaku tempat ngola sora. [1]

Cara nyieun celempung, kahiji pilih saleunjeur awi gedé (awi gombong) anu umurna geus kolot sangkan teu bubuk.[rujukan?] Leunjeuran awi diukur tuluy disebit pikeun dijadikeun senar.[rujukan?] Dua senar éta disebut alur celempung. Dina bagian beungeutna diratakeun, sarta tuluy diliangan.[rujukan?] Liang anu dijieun téh dingaranan nawa, pungsina pikeun liang hawa.[rujukan?] Dina bagian gigirna ge dijieun liang deui nu miboga pungsi pikeun ngolah sora ku dampal panangan kiwa, nu dingaranan baham.[rujukan?]

Catetan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h Drs Ubun Kubarsah R, (1996). Bandung: Dasasetra.
  2. a b Ajip Rosidi, spk. (2000) Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, dan Budaya (termasuk Budaya Betawi dan Cirebon). Jakarta: Pustaka Jaya.
  3. R.A. Danadibrata, (2006). Bandung: PT. Kiblat Buku Utama