Cendrawasih gagak
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
| Cenderawasih Gagak | |
|---|---|
| Status konservasi | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Kingdom: | Animalia |
| Phylum: | Chordata |
| Class: | Aves |
| Order: | Passeriformes |
| Family: | Paradisaeidae |
| Genus: | Lycocorax Bonaparte, 1853 |
| Species: | L. pyrrhopterus |
| Ngaran binomial | |
| Lycocorax pyrrhopterus (Bonaparte, 1850) |
|
Cendrawasih Gagak, Lycocorax pyrrhopterus, nya éta Cendarwasih jiga gagak ukuranana miboga panjang kira-kira 34 cm.[1] Buluna hideung, lembut sarta kawas sutera. Pamatukna hideung, kelir panon beureum karmin, sarta ngabogaan sora panggero anu ngingetkeun dina gogog anjing.[1] Manuk jalu sarta bikangna mirip, hésé dibédakeun.[1] Manuk bikang saeutik leuwih badag batan manuk jalu.[1]
Cendrawasih ieu boga sipat monogami sarta éndemik di leuweung dataran pendék di kapuloan Maluku di Indonésia.[1] Kadaharan utamana diwangun ti buah-buahan sarta artropod. Tilu subspésiésna geus dipikawanoh, sarta ditandaan kalayan aya atawa henteuna bercak bodas dina bulu jangjang handap.[1]