Che Guevara
Ernesto Guevara Lynch de La Serna atawa anu kasohor Che Gevara (dina basa Argentina Che hartina sobat) nya éta pamingpin gerilya anu miboga peran penting dina runtagna diktator Batista di Kuba. Che Guevara nya éta tokoh révolusionér Amerika Latin jeung penaséhat utama Fidel Castro. Che Guevara lahir di Rosario, Argentina 14 Juni 1928. Saacan jadi gerilyawan, Che kungsi diajar di Universitas Buens Aires, Che lulus kalayan gelar dokter medis jeung bedah di Argentina (1953).
Ahir taun 1953, Guevara ninggalkeun Argentina tuluy netep di Guatemala, hiji kota anu aya dina kaayaan perang. Guevara tepung jeung Fidel Castro di Meksiko. Dua tokoh ieu sapuk rék ngaruntagkeun rezim Batista, tapi harita Che Guevara kalungguhanna masih salaku dokter. 2 Désémber 1956, manéhna nepi di Kuba Wétan tuluy jadi inti kakuatan gerilya anu miboga daérah operasi di Pagunungan Sierra Maestra.
Référénsi[édit]
- Susanto, Ready.2010.100 Tokoh Abad ke-20 Paling Berpengaruh: Politisi, Selebritis, Olahragawan, Intelektual, Ulama, Ekonom, Seniman.Jakarta:Nuansa Cendekia ISBN:9799481414
- Biografi Che Guevara
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |