Chiba, Chiba
Kota Chiba aya di Chiba, Jepang. |
|
| Lokasi | |
| Nagara | Jepang |
| Wewengkon | Kantō |
| Préfektur | Chiba |
| Karakter fisik | |
| Area | 272,08 km² (105,1 sq mi) |
| Populasi (as of 2007) | |
| Total | 931.544 |
| Kapadetan | Citakan:PD km2 to sq mi |
| Lokasi | |
| Lambang | |
| Tangkal | Keyaki |
| Kembang | Nelumbo nucifera |
| Kantor Pamarentahan Kota Chiba | |
| Walikota | Keiichi Tsuruoka |
| Alamat | 〒260-8722 1-1, Chiba-minato, Chūō-ku, Chiba |
| Nomer telpon | 043-245-5111 |
| Ramatloka resmi: Kota Chiba | |
Kota Chiba (千葉市 Chiba-shi?) nyaeta ibu kota Préféktur Chiba, Jepang. Aya kurangleuwih 40 km wetaneun pusat Kota Tokyo di Basisir Tokyo. Kota Chiba jadi kota metropolitan dina taun 1992, kiwari populasina ampir 930,000.
Kota Chiba oge salah sahiji palabuan laut utama di Wewengkon Kantō nyaeta Palabuan Chiba, salah sahiji palabuan laut nu pangsibukna di Jepang. Sabagean gede Kota Chiba ngarupakeun paimahan, sanajan aya sababaraha pabrik jeung gudang nu ayana sapanjang basisir. Aya sababaraha pusat karamean utama, kaasup pusat bisnis kota basisir Makuhari, di Makuhari Messe jeung Pusat Chiba, tempat kantor pamarentah kota jeung préféktur.
Chiba kawentar ku Chiba Urban Monorail, monorail gantung pangpanjangna sadunya, asup kana Guinness Book of World Records. Tempat tujuan di Chiba nyaeta: Kasori Shellmound, shellmound panggedena sadunya nu legana 134,000m², Basisir Inage, basisir jieunan munggaran jeung pangpanjangna di Jepang, Taman Zoologi Kota Chiba nu ngabogaan koleksi red panda Futa, nu jangkungna sarua jeung jalma.
Dina carita fiksi, Kota masa depan Chiba kawentar dina William Gibson novel cyberpunk, Neuromancer.
Tumbu kaluar[édit]
- Official website in Japanese, in English and in Korean
Tingali ogé Chiba, Chiba di Wikivoyage
|
|||||||||||
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |